hahaha, kang dud, pipikiran uing jadi ngalayang ka tukang. harita uing
banget ku teu ngarti, kunaon karuhun jaman harita upama rek nepikeun
pamaksudan teh tara pok sang, tara crek gur, tapi malibir ngaliwatan
pantun, ngaliwatan pupuh, ngalitan sindir-sampir, malapah gedang tea
cenah.

ceuk pikir uing harita, kacape-cape rek nyarita anu, kudu ngarangken
heula carita ngaliwatan sindir-sampir, sindang-siloka. ayeuna rada
enyay-enyayan, geuning eta teh jigana kaluhungan karuhun, nu geus
ngarti jeung surti psikologi manusa, yen mun ditarahal pok sang, sok
kalah malik nambalang. enya we geuning ari dieupanan ku cara sindir
sampir mah teu burung nyanggut.

salam,
mh

On Fri, Dec 12, 2008 at 4:08 PM, ua duq <[email protected]> wrote:
> uluh bah aa, witarsa? huhuy... kuring mah mapande maneh teh sok ka eta we
> ajat sudrajat atawa sobur atawa jajang nurjaman... hihi.... maenna di balong
> garing dina mangsa ngamimitian usum ngijih... dikalangan galengan,
> digawangan sendalcapit. silihsebred silisleding..... beu ambeu.... ngan
> jamdua beurang si mamah sok ngajoworok, dudi geura mandi! ulah diengkekeun
> tah lamun geus kitu, kudu gancang ngacir nyampeurkeun samemeh diteang keur
> digusur... hahahahaha...
>
> d
>
> On Fri, Dec 12, 2008 at 1:09 PM, Abbas Amin <[email protected]> wrote:
>>
>> AA: Hahahaha ....... eta ku tiasaan ua duq.......
>> inget jaman kuring keur budak........ lalajo mengbal.......
>> persis kitu pisan babasanana teh .......   emh jadi sok inget jaman budak
>> di Mangunreja..........ari mengbal sok ntapertikeun Witarsa.......
>> mani asa enya we jadi Witarsa...........
>> hahahaha...... tiasaan ua duq jadi kuring nyoreang ka tukang
>>
>>
>>
>> ___
>
>
> --
> d-: dudi herlianto :-q
> ~nyoba ngilu ngabauan dunya~
> 

------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[email protected] 
    mailto:[email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke