cek uing ieu mah.... kisunda teu bisa disaruakeun jeung stadion senayan. nu
nyadiakeun korsi keur panongton. kisunda mah mirip jeung stadion balukbuk,
teater dina pangimpen, nu samasakali teu nyadiakeun tempat keur panongton.
nu asup ka lapangan eta teu aya lian iwal ti para pamaen.jeungna deui
kisunda mah teu ngamengkeun ukur hiji dua permengan, dapon eta permengan teh
asa implik-implik sunda sok we der paenkeun. matakna nu katingali ku kuring
mah, aya nu sondakh, aya nu galasin, aya nu engkle, boy-boyan, bekles(n),
jajangkungan, rorodaan, ukur endeuk-eundeukan... lagoni bari sakapeung
tingkecewis... awas jawa datang jawa datang (hahaha...).... jeung teu
saeutik nu sok resep jadi ucing sumput. aya oge nu gawena paharus-harus
gorowok (kade lamun deuk ilu nu ieu mah ulah jeung urang wado, kawentar
urang dinya mah da kana ngagorowok teh: gorowok wado tea.... wado wado
wado.... sok bu, eta di payun hiji deui)

On Fri, Dec 12, 2008 at 12:06 PM, Halimun An <[email protected]> wrote:

>   eh naha bet penonton teu meunang ajret-ajretan? keun we kuma uing atuh
> hehehehe
> nu jelas ki wasit teu bisa ngabedakeun mana pamaen mana panongton
> jadi we sakabeh panongton nu milu najong bal atawa make kaos robi darwis cs
> bet milu diwasitan.. atuh panongton teh ngahuleng...
> stadion sepi, penongton sieun dikartu koneng... ki wasit lulumpatan di luar
>
> kalang.. hehehehe na bet jadi ngawasitan panongton ?
> ki wasit, itu tuh nu maen bal mah nu jero kalang, lain di luar kalang..
>
> eh eh eh uing nu lieur atawa ki wasit salah dahar kitu tadi peuting ?
> na bet uing panongton diudag2 ku ki wasit.... ari pamaen enyaan ting
> harabek
> najongan bal sakainget... duh duh duh lieur
>
> uing maen di tadion lembur sunda, lain di senayan... persib lawan persib
> ki wasitna oge persib... ngan uing gemes nempo persib elehan..
> jadi hubak-habek najongan bal di luar kalang...
>
> na ari jedud teh di piriwit ku wasit, pajar cenah ngaganggu nu keur maen
> bal..
> halaaaaah naha bet ki wasit leur ?
> atawa uing salah diuk? nongton bal tengah lapang kitu ?
> hehehehehe lieur.. juma'ahan heula ah.. keun we dipiriwit ku ki wasit deui
> ge
> Bismillah...
>
> _._,___
>



-- 
d-: dudi herlianto :-q
~nyoba ngilu ngabauan dunya~

Kirim email ke