eh naha bet penonton teu meunang ajret-ajretan? keun we kuma uing atuh hehehehe
nu jelas ki wasit teu bisa ngabedakeun mana pamaen mana panongton
jadi we sakabeh panongton nu milu najong bal atawa make kaos robi darwis cs
bet milu diwasitan.. atuh panongton teh ngahuleng...
stadion sepi, penongton sieun dikartu koneng... ki wasit lulumpatan di luar
kalang.. hehehehe na bet jadi ngawasitan panongton ?
ki wasit, itu tuh nu maen bal mah nu jero kalang, lain di luar kalang..
eh eh eh uing nu lieur atawa ki wasit salah dahar kitu tadi peuting ?
na bet uing panongton diudag2 ku ki wasit.... ari pamaen enyaan ting harabek
najongan bal sakainget... duh duh duh lieur
uing maen di tadion lembur sunda, lain di senayan... persib lawan persib
ki wasitna oge persib... ngan uing gemes nempo persib elehan..
jadi hubak-habek najongan bal di luar kalang...
na ari jedud teh di piriwit ku wasit, pajar cenah ngaganggu nu keur maen bal..
halaaaaah naha bet ki wasit leur ?
atawa uing salah diuk? nongton bal tengah lapang kitu ?
hehehehehe lieur.. juma'ahan heula ah.. keun we dipiriwit ku ki wasit deui ge
Bismillah...
--- On Fri, 12/12/08, ua duq wrote:
ke heula lamun analogina ka mengbal, /1/ balna naon tah? bisi ieu
mah aya penonton nu teu apaleun dirupa bal, tujang tajong. ari di huit, jang
naha bal teh disepak ku nyaneh? ah da ieu mah lain bal, cenah. yeh geus puguh
ieu mah bal. lain, cek uing lain lain. nya ari kitu mah, ngan, jang ari nyaneh
pamaen atawa panongton? panongton uing mah. naha atuh make kaos robi darwis?
cek saha ieu kaos robi darwis? yeh ari dia pan cek palanggeran, nu kitu nu
nomer sakitu eta teh robi darwis, pamaen tukang. ah da teu ngarasa uing mah
robi darwis. kartu beureum keur ujang nya? yeh ari kiwasit, timana tidituna aya
panongton di kartu beureumkeun. ah naha da cek kami mah dia teh pamaen da.....
ke urang selang heula ku pertanyaan kadua:
/2/ ari kalangna belah mana nya? bisi ieu mah aya nu peupeuleukeuk ngaku
panongton, ajret-ajretan bari mun aya bal nyampeurkeun ditalapung jero kalang?
naha kawatesan ku subscribe doang atawa kalang teh lamun di dinya ditambahan ku
aya cap 'jawara'!?
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[email protected]
mailto:[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/