hehehehe leres... leres pisan, sim kuring sanes ngajak debat kulan,
ieu mah ngajak ngawangkong duduluran... sanes ngajak pa keukeuh2 hehehehe
ngan sim kuring panasaran, kunaon bet sayakin eta yen tangkorak monyet purba
dianggap karuhun manusa...
urang bandingkeun we cep dino teh kapungkur karuhun kadal
ayeuna kadal, komodo, bayawak jsb nu hirup, karuhunna punah nyaeta cep dino
nah, mun urng tina monyet(balad cep dino) hartina moal aya deui cep monyet nu
masih ngulampreng di jaman ieu... (teu nyampur masalah adam pan?)
cep mamoth oge tos pupus, digentos cep gajah
janten teori karuhun urang tina monyet teh lemah pisan (sakainget hehehehe),
sanes alim disebut monyet. pedah sami2 primata wungkul...
soal kulit mah bade hideung bade bule ge da sami jalmi, dikawinkeun pasti gaduh 
anak
da hiji spesies, pami ayeuna urang kawin sareng neng monyet, pasti moal gaduh 
putra.
tah kitu kulan, kade kang sim kuriing teu ngajak pasea (jiga budak)...
ieu mah naros, da salira pasti langkung uninga kumargi ahli geologi (batuan)...
apal batuan sedimen, beku, metamorf.. konglomerat, serpih, regolit..
taneuh2 aluvial, latosol, podsolik merah kuning jsb...
nuhun

--- On Tue, 6/1/09, Waluya <[email protected]> wrote:

From: Waluya <[email protected]>
Subject: Re: [kisunda] Pabrik Getih-->Re: Teori Evolusi
To: [email protected]
Received: Tuesday, 6 January, 2009, 3:20 PM










    
            > From: Halimun An

> naha fosil nu kapendak teh nu disebat cikal bakal manusa teh bener 

> tangkorak manusa atawa memang monyet ?

> sayakin naon urang yen eta teh fosil manusa purbakala ?



Wah Kang, elmu pangaweruh mah sanes soal yakin-yakinan ...hehehe. Ayeuna 

kuring balik nanya, kabeneran kamari aya lini di Manokwari Papua. Para ahli 

lini, ngaromong, lini teh kulantranan tubrukan lempeng tektonik. Cik keur 

urang awam sayakin naon lini teh kulantaran tubrukan lempeng tektonik? 

Paling-paling dijawab da ceuk para ahli ..... Tah pan ieu ge sarua 

pitecantropus erecttus teh monyet nu bisa nangtung, ceuk saha? ceuk para 

ahli. Da nu awam mah baroraah bisa nyieun kancindekan kitu, ngabedakeun mana 

fosil, mana batu oge acan tangtu bisa. Jadi lamun hayang yakin 

bener-salahna, nya kudu ancrub dina widang eta, teu bisa ukur amatiran.



Teori evolusi, acan tangtu 100% bener, tapi teori ieu bisa ngajawab 

kapanasaran  kunaon bentuk fisik jeung warna kulit manusa beda-beda. Tepi ka 

ayeuna teu aya teori deui nu paling asup akal keur nerangkeun hal eta, 

salian ti teori evolusi. Salian ti eta, lamun urang nengetan budaya manusa, 

bakal katingali manusa teh teu ujug-ujug pinter, budaya manusa oge ngalaman 

evolusi. Mimiti ukur make alat sakasampeurna, terus kana batu (batu 

diseukeutan saperti loba kapanggih di sisi danau Bandung purba) , kakara 

kana logam: parunggu, beusi .......



Tapi upami KAYAKINAN akang, manusa munggaran teh Adam, ah ..nya mangga da 

eta mah kayakinan. Tapi punten ulah dicampur-adukkeun jeung elmu pangaweruh, 

sabab engkena jadi lieur sorangan:  Naha Adam teh rada dongko? Diraksukan 

atawa taranjang Adam teh, da geuning salah sahiji turunanana Urang Papua teu 

dibaraju malah kalahka disolobongan?



Baktos,

WALUYA 




      

    
    
        
         
        
        








        


        
        


      Stay connected to the people that matter most with a smarter inbox. Take 
a look http://au.docs.yahoo.com/mail/smarterinbox

Kirim email ke