> From: Halimun An
> ayeuna kadal, komodo, bayawak jsb nu hirup, karuhunna punah nyaeta cep
> dino
> nah, mun urng tina monyet(balad cep dino) hartina moal aya deui cep monyet
> nu
> masih ngulampreng di jaman ieu... (teu nyampur masalah adam pan?)
> cep mamoth oge tos pupus, digentos cep gajah
> janten teori karuhun urang tina monyet teh lemah pisan (sakainget
> hehehehe),
> sanes alim disebut monyet. pedah sami2 primata wungkul...
Kang Halimun, lamun ningali seratan akang nu dicutat ku kuring diluhur,
katingalina akang TEU PATI NGARTOS naon teori evolusi teh. Saleresna kurang
leuwih kieu kang dasar Teori evolusi teh: Mangkeluk hirup salawasna
nyaluyukeun dirina kana lingkungan hirupna, lamun teu bisa mangkeluk hirup
ieu bakal tumpur. Tah cep Dino salah sahijina nu teu bisa nyaluyukeun diri
kana lingkungan, akhirna tumpur. Dino SANES KARUHUN KADAL, BUAYA atawa
KOMODO. Oge Pitehecan ercetus lain karuhun manusa. Species monyet ieu
tumpur, teu bisa nyaluyukeun diri jeung lingkungan nu robah di paparan
Sunda. Mamuth oge sanes karuhun gajah, mangkeluk ieu species sejen ti Gajah.
Buaya geus aya waktu mangkeluk Dino hirup. Tapi buaya bisa nyaluyukeun diri
jeung lingkungan anu robah. Fosil buaya nu kapanggih di Afrika (2 taun
kamari ditempokeun dina TV) kacida gedena, lamun teu salah tepi ka 5 kali
lipat gedena ti batan buaya nu hirup jaman ayeuna. Buaya alon-alon
nyaluyukeun dirina jadi ngaleutikan kulantaran lingkungan robah, nyaeta
dahareunana nyaeutikan. Loba jenis sato jaman ayeuna, fosilna kapanggih dina
taneuh nu umurna geus ratusan juta taun katukang. Papatong, cucunguk
....jrrd ngan aya bedana fosil-fosilna nunjukkeun sato-sato ieu ukuranana
galalede. Contona fosil papatong, jangjangna wae aya nu tepi ka sameter!
Ari manusa (Homo Sapiens) timana? cenah asal muasalna ti Africa (teori "Out
of Africa"). Manusa primitif teh nyebar kamana-mana ka sakuliah Dunya.
Salila ratusan rebu taun, manusa primitif ieu nyaluyukeun diri jeung
lingkungan dimana maranehna hirup, tepi ka warna kulitna beda jeung
fisikna oge rada beda. Nu nyebar Flores, manusa primitif ieu jadi
ngaleutikan pisan nyaluyukeun diri jeung dahareun anu kurang. Jenis Manusa
ieu akhirna tumpur, fosilna kapanggih di Flores anyar-anyar ieu. Kulantaran
jenisna beda ti manusa biasa, ieu mangkeluk disebut Homo Floresnensis (
Manusa kerdil ti Flores).
Jadi teori evolusi teh cikal bakalna elmu lingkungan. Akibat ku teori
evolusi, manusa mimiti sadar yen lingkungan teh mangaruhan manusa jeung
mangkeluk sejenna. Llingkungan kudu dijaga, sabab bisa nyababkeun manusa
tumpur atawa lalaunan robah jadi mangkeluk nu teu bisa disebut manusa deui!.
OK Kang? Kuring teu rek ngajak pasea ngan nerangkeun tah ieu Teori Evolusi
teh, lain sakadar perkara monyet jadi manusa. Oge koreksi, kuring lain ahli
geologi, nu geologist mah Kang Oman, ki Kuncen millis .....
Baktos,
WALUYA
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[email protected]
mailto:[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/