aduh berarti pemahaman kuring kana teori evolusi salami ieu ge salah nya bah willy? sugan teh cek teori evolusi, kabeh mahluk nu aya teh sakaruhun. jadi bisa wae aya dinosaurus nu sabenerna mah karuhun buaya, misalkeun. sugan teh aya sabangsa mamoth nu jadi karuhun gajah kiwari. jadi nu tumpur teh sabenerna teu sadaya dinosaurus teu sadaya mamoth. tapi diantara bangsa maranehna aya nu 'bermutasi' berevolusi' jadi buhaya jeung jadi gajah. jiga, cenah nu pernah kabaca, manuk ge turunan dinosaurus.
sedengkeun upama maca tulisanna bah willy mah kuring nangkepna. buhaya ayeuna turunan buhaya deui. ngan buhaya baheula mah leuwih badag. jadi timana mucunghulna buhaya gede? nuhun, duq On Thu, Jan 8, 2009 at 9:11 PM, Waluya <[email protected]> wrote: > > From: Halimun An > > > ayeuna kadal, komodo, bayawak jsb nu hirup, karuhunna punah nyaeta cep > > dino > > nah, mun urng tina monyet(balad cep dino) hartina moal aya deui cep > monyet > > nu > > masih ngulampreng di jaman ieu... (teu nyampur masalah adam pan?) > > cep mamoth oge tos pupus, digentos cep gajah > > janten teori karuhun urang tina monyet teh lemah pisan (sakainget > > hehehehe), > > sanes alim disebut monyet. pedah sami2 primata wungkul... > > Kang Halimun, lamun ningali seratan akang nu dicutat ku kuring diluhur, > katingalina akang TEU PATI NGARTOS naon teori evolusi teh. Saleresna kurang > > leuwih kieu kang dasar Teori evolusi teh: Mangkeluk hirup salawasna > nyaluyukeun dirina kana lingkungan hirupna, lamun teu bisa mangkeluk hirup > ieu bakal tumpur. Tah cep Dino salah sahijina nu teu bisa nyaluyukeun diri > kana lingkungan, akhirna tumpur. Dino SANES KARUHUN KADAL, BUAYA atawa > KOMODO. Oge Pitehecan ercetus lain karuhun manusa. Species monyet ieu > tumpur, teu bisa nyaluyukeun diri jeung lingkungan nu robah di paparan > Sunda. Mamuth oge sanes karuhun gajah, mangkeluk ieu species sejen ti > Gajah. > > Buaya geus aya waktu mangkeluk Dino hirup. Tapi buaya bisa nyaluyukeun diri > > jeung lingkungan anu robah. Fosil buaya nu kapanggih di Afrika (2 taun > kamari ditempokeun dina TV) kacida gedena, lamun teu salah tepi ka 5 kali > lipat gedena ti batan buaya nu hirup jaman ayeuna. Buaya alon-alon > nyaluyukeun dirina jadi ngaleutikan kulantaran lingkungan robah, nyaeta > dahareunana nyaeutikan. Loba jenis sato jaman ayeuna, fosilna kapanggih > dina > taneuh nu umurna geus ratusan juta taun katukang. Papatong, cucunguk > ....jrrd ngan aya bedana fosil-fosilna nunjukkeun sato-sato ieu ukuranana > galalede. Contona fosil papatong, jangjangna wae aya nu tepi ka sameter! > > Ari manusa (Homo Sapiens) timana? cenah asal muasalna ti Africa (teori "Out > > of Africa"). Manusa primitif teh nyebar kamana-mana ka sakuliah Dunya. > Salila ratusan rebu taun, manusa primitif ieu nyaluyukeun diri jeung > lingkungan dimana maranehna hirup, tepi ka warna kulitna beda jeung > fisikna oge rada beda. Nu nyebar Flores, manusa primitif ieu jadi > ngaleutikan pisan nyaluyukeun diri jeung dahareun anu kurang. Jenis Manusa > ieu akhirna tumpur, fosilna kapanggih di Flores anyar-anyar ieu. Kulantaran > > jenisna beda ti manusa biasa, ieu mangkeluk disebut Homo Floresnensis ( > Manusa kerdil ti Flores). > > Jadi teori evolusi teh cikal bakalna elmu lingkungan. Akibat ku teori > evolusi, manusa mimiti sadar yen lingkungan teh mangaruhan manusa jeung > mangkeluk sejenna. Llingkungan kudu dijaga, sabab bisa nyababkeun manusa > tumpur atawa lalaunan robah jadi mangkeluk nu teu bisa disebut manusa > deui!. > > OK Kang? Kuring teu rek ngajak pasea ngan nerangkeun tah ieu Teori Evolusi > teh, lain sakadar perkara monyet jadi manusa. Oge koreksi, kuring lain ahli > > geologi, nu geologist mah Kang Oman, ki Kuncen millis ..... > > Baktos, > WALUYA > > > _._,___ > -- d-: dudi herlianto :-q ~nyoba ngilu ngabauan dunya~
