sampurasun......hampura isun sing sampurna anjeun, muga.di ijabah ku gusti gusti urang sarerea.......................... anu miboga ngaran salapan milyar alias tan wilangan, tan wates wangenan.... dina Nunggal-na anu Nunggal di ka-Langgengan ngan uin teu wasa mere ngaran, cukup ku sesebutan, NU NGERSA-KEUN.
ki dulur Nonggerak,...................................................... uin reueus ka anjeun, dina rasa nyaah ka sunda ceuk saha cukup nempo ka diri? neang jeung nempo beda pisan, nun? mun geus panggih jeung diri na, moal tuang-teang deui (komo, kana tumpa-tempo mah) karak ngaguar ka luar, prak.........action! anu repotna? neangan diri ....tapi kaluar tina diri sok aya istilah baheula, .........'sugan can ngaca?' ukur heula ku diri, ngaca diri, karak urg bisa ngukur ka batur nun. komo rek ngabanding-banding jeung nabi, ampun paralun. urang ngabela sunda? tapi urangna sorangan can nyunda, rumasa.................... rek nepi kamana ngabela sunda? ngabela diri oge, geus sakieu riweuhna komo deui ngabela sunda sunda mah teu perlu dibela sunda geus loba mere ka urang dina lemahna, dina caina, dina seuneuna, dina anginna mun aya oge ,................. mulang tarima ka sunda! lamun jatidiri sundana geus gumulung sing kahontal ku akal, sing katepi ku ati prak-prakan mulang tarima ka sunda? lain ngan sakadar ngaku luhungna karuhun lain ngan sakadar ngaku kukuh na ageman lain ngan sakadar wawuh ka-ruhun na lain ngan sakadar ku babasan, hayu geura harudang! lain ngan sakadar ku kecap, geura ngalengkah! urang sunda, keur mah teu walakaya,.... oge acan nyunda? kabeh balik deui ka urang tingali dulur-dulur di ieu milist, keur digarawe diwidangna masing2 teh, keur mulang tarima, mulang tarima ka sunda........................................... kumaha ka ayaanana? seuseut seuat,...... buntang banting acan anu diluar ieu milist, wah leuwih loba, nikel pisan kurah koreh cok,...dina nyoal waragad, nyoal fasilitas, nyoal nyieun wadah ceuk saha caricing???????????????????? lain ngan sa-ukur ku bersajak ria, ku berfilsafat ria, ku berbeja-beja ria lain ku mapatahan ria, lain ku nyumput-nyumputan ria, lain ku teu wasa manggihan, sabab beda alam? lain ku rumasa can wayah, lain .................................? salam komunikasi anu ngawitan, keur ki dulur anu tara nonggerak, sok sanajan ngaku ngaran nonggerak uin siap panggih jeung anjeun, lur ku buktina, ku wani nyaksina ku ngaran anjeun sorangan geus wayah urang panggih............. mun enya, .......dina sa-rasa, nyaah ka sunda cag! rampes.....rampa salira! uin........................ rd. Ugra Sangsanga (kitu ceuk nu nyebut) ________________________________ From: Nong Gerak <[email protected]> To: urangsunda <[email protected]>; baraya_sunda <[email protected]>; kisunda <[email protected]> Sent: Friday, January 9, 2009 5:49:00 PM Subject: [kisunda] Ass.Wr.Wb...(Serat: 139)(SILIWANGI & KI SANTANG)_Neangan Diri Lain Ukur Nempo Ka Diri Neangan Diri Lain Ukur Nempo Ka Diri * Ulah pabeulit wae mikiran diri sorangan, geura ngalengkah di luar jalma-jalma nungguan, mun ngan ukur naluntik jero sorangan, nepi ka iraha moal panggih nu diteangan. Aranjeun lain jiga kang jeng nabi, moal bisa nyaruaan kasampurnaan nabi, geura nindak jang ngabelaan ajaran kang jeng nabi, ngarah aranjeun geura-geura nepi. Neangan diri lain ukur nempo ka diri, lain ukur nyumput neangan kasampurnaan diri, lain ukur tatapa ngorehan jati diri, geura ngalengkah nu mangpaat jang batur eta sajatina diri. Arek nepi iraha ukur nyalahkeun diri, nepi iraha ukur ngagogoreng diri, di luar urang sunda geus teu boga harga diri, rek kusaha deui dibelaan salian ti aranjeun boga diri. Ngudag kasampurnaan, lain ukur nooangan sorangan, kudu geura neangan, nu di luar pangawakan.
