Kang Oca oge baraya kuring leuwih percaya ka karuhun sunda nu dicontokeun Sunda 
Sri Baduga nu diistilahkeun "Munding Laya atawa Mahesa". 
Nggeus boga titel raja darah biru ngaping rahayat bari jeung ngawuluku 
leledokan tah eta hiji ciri Urang Sunda Sajati. Sora nu sok mamatahan kudu 
anjlub jeung lengkahna ngariung ngahiji sa sunda nu beda baju di darat , rek 
wiwitan -rek hindu-rek buda-rek islam-rek kristen rek ateis pokona sunda 

Hiji conto di USA x president Jimy Carter ngieun rewuan wangunan keur kaum 
miskin anjeunna langsung gawe ngaragaji, malu, ngaduk, ngecet, ngikir, ngasah 
bedog, ngasah peso, ngahampelas, mlitur. Anjeuna teu loba peta marentah jeung 
jijikiran, pupuisian, nyanyanyian padahal manehna pendeta kristen sok da'wah di 
gereja. 

Nu penting mah loba gawe nyata keur rahayatna nu perlu dibantu dasar2 hirupna 
ti imah nepi, kapendidikan jeung kasejahteraanana. Tah eta sora da'wah jeung 
nyatana karasa ku rahayatna.

Punten ieu mah sanes mamatahan ka meri ngojay.Dina elmu penca ngarana ilmu 
timbangan.

Pohara banggana ka kg roche gan Imink sareng Kg Oca , Kg Oman dialog di alam 
maya jeung darat saimbang, teori sain jeung teknolgy aya wujudna.

Ceuk uing ngusulkeun nagara lamun hayang maju wujudkeun 99% sain jeung 
teknology di sagala widang kudu produktip1% ilmu sosial ka asup da'wah ti 250 
juta sa nusantara, bangsa USA pasti nyembah ka bangsa Indonesia. Tah ieu 
hartina neangan SAMPURNA raraga jeung waraga SA NUSANTARA, sukmana kaluar tina 
ragana aya gawe nyata mamfaat di dunya keur barayana NU SA SUNDA jeung SA 
NUSANTARA.

cag
Kang Yana


From: Roza Rahmadjasa Mintaredja <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Friday, January 9, 2009 7:48:47 AM
Subject: Re: [kisunda] Ass.Wr.Wb...(Serat: 139)(SILIWANGI & KI SANTANG)_Neangan 
Diri Lain Ukur Nempo Ka Diri


sampurasun.. ....hampura isun
sing sampurna anjeun, muga.di ijabah ku gusti
gusti urang sarerea..... ......... ......... ...
anu miboga ngaran salapan milyar 
alias tan wilangan, tan wates wangenan....
dina Nunggal-na
anu Nunggal di ka-Langgengan
ngan uin teu wasa mere ngaran, 
cukup ku sesebutan, NU NGERSA-KEUN.

ki dulur Nonggerak,.. ......... ......... ......... ......... ......... .......
uin reueus ka anjeun, dina  rasa nyaah ka sunda

ceuk saha cukup nempo ka diri?
neang jeung nempo beda pisan, nun?
mun geus panggih jeung diri na, moal tuang-teang deui
(komo, kana tumpa-tempo mah)
karak ngaguar ka luar, prak........ .action!
anu repotna? neangan diri ....tapi kaluar tina diri

sok aya istilah baheula, .........'sugan can ngaca?'
ukur heula ku diri, ngaca diri, karak urg bisa ngukur ka batur nun.
komo rek ngabanding-banding jeung nabi, ampun paralun.
urang ngabela sunda?
tapi urangna sorangan can nyunda, rumasa...... ......... .....
rek nepi kamana ngabela sunda?
ngabela diri oge, geus sakieu riweuhna
komo deui ngabela sunda
sunda mah teu perlu dibela
sunda geus loba mere ka urang
dina lemahna, dina caina, dina seuneuna, dina anginna
mun aya oge ,........... ...... mulang tarima ka sunda!
lamun jatidiri sundana geus gumulung
sing kahontal ku akal, sing katepi ku ati
prak-prakan mulang tarima ka sunda?
lain ngan sakadar ngaku luhungna karuhun
lain ngan sakadar ngaku kukuh na ageman
lain ngan sakadar wawuh  ka-ruhun na
lain ngan sakadar ku babasan, hayu geura harudang!
lain ngan sakadar ku kecap, geura ngalengkah!
urang sunda, keur mah teu walakaya,... . oge acan nyunda?
kabeh balik deui ka urang

tingali dulur-dulur di ieu milist,
keur digarawe diwidangna masing2 teh, keur mulang tarima,
mulang tarima ka sunda................ ......... ......... .........
kumaha ka ayaanana? seuseut seuat,...... buntang banting
acan anu diluar ieu milist, wah leuwih loba, nikel pisan
kurah koreh cok,...dina nyoal waragad, nyoal fasilitas, nyoal nyieun wadah
ceuk saha caricing???????????? ????????

lain ngan sa-ukur ku bersajak ria, ku berfilsafat ria, ku berbeja-beja ria
lain ku mapatahan ria, lain ku nyumput-nyumputan ria, 
lain ku teu wasa manggihan, sabab beda alam?
lain ku rumasa can wayah, lain ............ ......... ......... ...?

salam komunikasi anu ngawitan, keur ki dulur
anu tara nonggerak, sok sanajan ngaku ngaran nonggerak
uin siap panggih jeung anjeun, lur
ku buktina, ku wani nyaksina ku ngaran anjeun sorangan
geus wayah  urang panggih..... ........
mun enya, .......dina sa-rasa, nyaah ka sunda

cag!
rampes.....rampa salira!
uin......... ......... ......
rd. Ugra Sangsanga
(kitu ceuk nu nyebut)



________________________________
From: Nong Gerak <nongge...@yahoo. com>
To: urangsunda <urangsu...@yahoogro ups.com>; baraya_sunda <baraya_sunda@ 
yahoogroups. com>; kisunda <kisu...@yahoogroups .com>
Sent: Friday, January 9, 2009 5:49:00 PM
Subject: [kisunda] Ass.Wr.Wb... (Serat: 139)(SILIWANGI & KI SANTANG)_Neangan 
Diri Lain Ukur Nempo Ka Diri


Neangan Diri Lain Ukur Nempo Ka Diri
 
        * Ulah pabeulit wae mikiran diri sorangan,
geura ngalengkah di luar jalma-jalma nungguan,
mun ngan ukur naluntik jero sorangan,
nepi ka iraha moal panggih nu diteangan. 
 
Aranjeun lain jiga kang jeng nabi,
moal bisa nyaruaan kasampurnaan nabi,
geura nindak jang ngabelaan ajaran kang jeng nabi,
ngarah aranjeun geura-geura nepi. 
 
Neangan diri lain ukur nempo ka diri,
lain ukur nyumput neangan kasampurnaan diri,
lain ukur tatapa ngorehan jati diri,
geura ngalengkah nu mangpaat jang batur eta sajatina diri. 
 
Arek nepi iraha ukur nyalahkeun diri,
nepi iraha ukur ngagogoreng diri,
di luar urang sunda geus teu boga harga diri,
rek kusaha deui dibelaan salian ti aranjeun boga diri. 
 
Ngudag kasampurnaan,
lain ukur nooangan sorangan,
kudu geura neangan,
nu di luar pangawakan.   

 


      

Kirim email ke