Haarrr........ ari kang Oca, pan nu dimaksud batu pangeunteungan teh pikeun 
pangeunteungan diri. Tah dina diri teh aya tritangtu, nyaeta ayana: 

raga (lahir) - jiwa (batin) - kuring (ingsun); 
aya nu disebut jalma (warugana) - hirup (nu ngocor dina waruga) - kuring 
(ingsun);
aya pikir - rasa - kuring
sabda (ucap) - bayu (tanaga/pangawasa/lampah) - hedap (tekad)
raga salira - raga purasa - raga batara
geura ngeunteung rek naon nu jadi udagan teh: rama - resi - ratu 
Sing aringet eta diri teh gubragna ka dunya ngaliwatan guha garba indung, nu 
asalna ti indung agung jeung bakal mulang ka indung agung.
 
Kitu manawi kang, nyanggakeun tah.....
 
cag.
Engkus
 

--- Pada Sen, 12/1/09, Roza Rahmadjasa Mintaredja <[email protected]> 
menulis:

Dari: Roza Rahmadjasa Mintaredja <[email protected]>
Topik: Re: [kisunda] Ass.Wr.Wb...(Serat: 139)(SILIWANGI & KI SANTANG)_Neangan 
Diri Lain Ukur Nempo Ka Diri
Kepada: [email protected]
Tanggal: Senin, 12 Januari, 2009, 8:17 PM








leres kg Koes, kitu pondok nyogok en panjang nyugakna carita 'ngeunteung' atawa 
'ngaca' teh.
ngan kunaon rata-rata wangunan pangeunteungan teh, segi tilu nya?
eta nu karandapan ku sim uin teh.

wayang mah kumaha dalang,
dalang ogen kumaha wayangna.... .
moal mungkin dalang maenkeun arjuna
make gerak laku si cepot pan?

nu jadi emutan keur sa-diri-eun. ...
urang jadi 'wayang' naon???
tong ngarasa jadi arjuna, padahal cepotttttttt! !!!!!
atuh jadi ripuh ka dalangna , heheeeeeee
ngaca atuuuuh..... !
geura ngaca ka gatutkaca, katut kaca na, katut koco ne.





From: engkus ruswana <engkusruswana@ yahoo.com>
To: kisu...@yahoogroups .com
Sent: Monday, January 12, 2009 4:14:38 PM
Subject: Re: [kisunda] Ass.Wr.Wb... (Serat: 139)(SILIWANGI & KI 
SANTANG)_Neangan Diri Lain Ukur Nempo Ka Diri






Sampurasun kang, ngiring mairan.
 
Kunaon pangpangna di sabababaraha kabuyutan nu kasebut tempat sakral sok aya 
"batu pangeunteungan" , bawirasa simkuring hal ieu ngandung maksud nu 
jero/spiritual, nu taya lain yen dina sajeroning lumampah dina kahirupan jeung 
neuleuman soal agama/spiritual, ulah poho ngeunteung kana diri, yen :

geura ngeunteung, eta beungeut teh beungeut saha jeung urang mana? saha jeung 
urang mana ari indung bapa teh? eta wujud sakitu luis geulis/kasep teh timana 
asalna? keur naon jeung erek naon di dunya?, kudu apal kana pamiangan jeung 
kudu nyaho kamana eta pangbalikan sanggeus beak lalakon di dunya, 
mangkahade kudu bisa mulihkeun ka jatina, mulangkeun ka asalna? kade poho kana 
purwadaksina (purwa=wiwitan; daksina=wekasan) . 
Inget yen diri teh pinuh ku pangarti, eta diri nu sakitu leutikna bisa 
nganyahokeun jeung ngarasakaneu kaayaan dunya nu sakitu gedena. Dina diri atawa 
dunya leutik (bumi alit ceuk di Panjalu mah)  pinuh ku elmu, komo deui di dunya 
gede, sabab eta tulisan/surat/ kitab ti Nu Maha Kawasa.
Tah dina perkara neangan Gusti, ulah kaluar tina diri sabab mun kaluar tina 
diri tangtu sasabna, apan pangawasa Gusti geus araya di anjeun, kapan 
utusannana geus aya di anjeun, kari prak naha bet ngaprak. Kiwari loba jalma nu 
kukucuprakan nyukcruk leuwi neangan cai, neangan kejo bari mamawa sumbul eusi 
sangu, kokotetengan neangan seuneu kundang damar. 
 
Dina ngawayang golek, baheula mah dina prakna ngawayang teh sok dimimitian 
macakeun kakawen ku dalang diantarana: "........... dalang murba maring wayang, 
wayang murba maring dalang, dalangna sang Wali Tunggal, nayaga Wali Sasanga, 
goleki  kang anggoleki... ....". 
 
Cag, rampes nun.
 
pun tabe
Engkus

--- Pada Jum, 9/1/09, Roza Rahmadjasa Mintaredja <roza.kalasunda@ yahoo.com> 
menulis:

Dari: Roza Rahmadjasa Mintaredja <roza.kalasunda@ yahoo.com>
Topik: Re: [kisunda] Ass.Wr.Wb... (Serat: 139)(SILIWANGI & KI SANTANG)_Neangan 
Diri Lain Ukur Nempo Ka Diri
Kepada: kisu...@yahoogroups .com
Tanggal: Jumat, 9 Januari, 2009, 7:48 PM






sampurasun.. ....hampura isun
sing sampurna anjeun, muga.di ijabah ku gusti
gusti urang sarerea..... ......... ......... ...
anu miboga ngaran salapan milyar 
alias tan wilangan, tan wates wangenan....
dina Nunggal-na
anu Nunggal di ka-Langgengan
ngan uin teu wasa mere ngaran, 
cukup ku sesebutan, NU NGERSA-KEUN.

ki dulur Nonggerak,.. ......... ......... ......... ......... ......... .......
uin reueus ka anjeun, dina  rasa nyaah ka sunda

ceuk saha cukup nempo ka diri?
neang jeung nempo beda pisan, nun?
mun geus panggih jeung diri na, moal tuang-teang deui
(komo, kana tumpa-tempo mah)
karak ngaguar ka luar, prak........ .action!
anu repotna? neangan diri ....tapi kaluar tina diri

sok aya istilah baheula, .........'sugan can ngaca?'
ukur heula ku diri, ngaca diri, karak urg bisa ngukur ka batur nun.
komo rek ngabanding-banding jeung nabi, ampun paralun.
urang ngabela sunda?
tapi urangna sorangan can nyunda, rumasa...... ......... .....
rek nepi kamana ngabela sunda?
ngabela diri oge, geus sakieu riweuhna
komo deui ngabela sunda
sunda mah teu perlu dibela
sunda geus loba mere ka urang
dina lemahna, dina caina, dina seuneuna, dina anginna
mun aya oge ,........... ...... mulang tarima ka sunda!
lamun jatidiri sundana geus gumulung
sing kahontal ku akal, sing katepi ku ati
prak-prakan mulang tarima ka sunda?
lain ngan sakadar ngaku luhungna karuhun
lain ngan sakadar ngaku kukuh na ageman
lain ngan sakadar wawuh  ka-ruhun na
lain ngan sakadar ku babasan, hayu geura harudang!
lain ngan sakadar ku kecap, geura ngalengkah!
urang sunda, keur mah teu walakaya,... . oge acan nyunda?
kabeh balik deui ka urang

tingali dulur-dulur di ieu milist,
keur digarawe diwidangna masing2 teh, keur mulang tarima,
mulang tarima ka sunda................ ......... ......... .........
kumaha ka ayaanana? seuseut seuat,...... buntang banting
acan anu diluar ieu milist, wah leuwih loba, nikel pisan
kurah koreh cok,...dina nyoal waragad, nyoal fasilitas, nyoal nyieun wadah
ceuk saha caricing???????????? ????????

lain ngan sa-ukur ku bersajak ria, ku berfilsafat ria, ku berbeja-beja ria
lain ku mapatahan ria, lain ku nyumput-nyumputan ria, 
lain ku teu wasa manggihan, sabab beda alam?
lain ku rumasa can wayah, lain ............ ......... ......... ...?

salam komunikasi anu ngawitan, keur ki dulur
anu tara nonggerak, sok sanajan ngaku ngaran nonggerak
uin siap panggih jeung anjeun, lur
ku buktina, ku wani nyaksina ku ngaran anjeun sorangan
geus wayah  urang panggih..... ........
mun enya, .......dina sa-rasa, nyaah ka sunda

cag!
rampes.....rampa salira!
uin......... ......... ......
rd. Ugra Sangsanga
(kitu ceuk nu nyebut)




From: Nong Gerak <nongge...@yahoo. com>
To: urangsunda <urangsu...@yahoogro ups.com>; baraya_sunda <baraya_sunda@ 
yahoogroups. com>; kisunda <kisu...@yahoogroups .com>
Sent: Friday, January 9, 2009 5:49:00 PM
Subject: [kisunda] Ass.Wr.Wb... (Serat: 139)(SILIWANGI & KI SANTANG)_Neangan 
Diri Lain Ukur Nempo Ka Diri






Neangan Diri Lain Ukur Nempo Ka Diri 
  

Ulah pabeulit wae mikiran diri sorangan,
geura ngalengkah di luar jalma-jalma nungguan, 
mun ngan ukur naluntik jero sorangan, 
nepi ka iraha moal panggih nu diteangan. 
  
Aranjeun lain jiga kang jeng nabi, 
moal bisa nyaruaan kasampurnaan nabi, 
geura nindak jang ngabelaan ajaran kang jeng nabi, 
ngarah aranjeun geura-geura nepi. 
  
Neangan diri lain ukur nempo ka diri, 
lain ukur nyumput neangan kasampurnaan diri, 
lain ukur tatapa ngorehan jati diri, 
geura ngalengkah nu mangpaat jang batur eta sajatina diri. 
  
Arek nepi iraha ukur nyalahkeun diri, 
nepi iraha ukur ngagogoreng diri, 
di luar urang sunda geus teu boga harga diri, 
rek kusaha deui dibelaan salian ti aranjeun boga diri. 
  
Ngudag kasampurnaan, 
lain ukur nooangan sorangan, 
kudu geura neangan, 
nu di luar pangawakan.  




Firefox 3: Lebih Cepat, Lebih Aman, Dapat Disesuaikan dan Gratis. 
 














      Mencari semua teman di Yahoo! Messenger? Undang teman dari Hotmail, Gmail 
ke Yahoo! Messenger dengan mudah sekarang! http://id.messenger.yahoo.com/invite/

Kirim email ke