leres kg Koes, kitu pondok nyogok en panjang nyugakna carita 'ngeunteung' atawa 
'ngaca' teh.
ngan kunaon rata-ratawangunan pangeunteungan teh, segi tilu nya?
eta nu karandapan ku sim uin teh.

wayang mah kumaha dalang,
dalang ogen kumaha wayangna.....
moal mungkin dalang maenkeun arjuna
make gerak laku si cepot pan?

nu jadi emutan keur sa-diri-eun....
urang jadi 'wayang' naon???
tong ngarasa jadi arjuna, padahal cepotttttttt!!!!!!
atuh jadi ripuh ka dalangna , heheeeeeee
ngaca atuuuuh.....!
geura ngaca ka gatutkaca, katut kaca na, katut koco ne.




________________________________
From: engkus ruswana <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Monday, January 12, 2009 4:14:38 PM
Subject: Re: [kisunda] Ass.Wr.Wb...(Serat: 139)(SILIWANGI & KI SANTANG)_Neangan 
Diri Lain Ukur Nempo Ka Diri

 
Sampurasun kang, ngiring mairan.
 
Kunaon pangpangna di sabababaraha kabuyutan nu kasebut tempat sakral sok aya 
"batu pangeunteungan", bawirasa simkuring hal ieu ngandung maksud nu 
jero/spiritual, nu taya lain yen dina sajeroning lumampah dina kahirupan jeung 
neuleuman soal agama/spiritual, ulah poho ngeunteung kana diri, yen :
        1. geura ngeunteung, eta beungeut teh beungeut saha jeung urang mana? 
saha jeung urang mana ari indung bapa teh? eta wujud sakitu luis geulis/kasep 
teh timana asalna? keur naon jeung erek naon di dunya?, kudu apal kana 
pamiangan jeung kudu nyaho kamana eta pangbalikan sanggeus beak lalakon di 
dunya, mangkahade kudu bisa mulihkeun ka jatina, mulangkeun ka asalna? kade 
poho kana purwadaksina (purwa=wiwitan; daksina=wekasan). 
        2. Inget yen diri teh pinuh ku pangarti, eta diri nu sakitu leutikna 
bisa nganyahokeun jeung ngarasakaneu kaayaan dunya nu sakitu gedena. Dina diri 
atawa dunya leutik (bumi alit ceuk di Panjalu mah)  pinuh ku elmu, komo deui di 
dunya gede, sabab eta tulisan/surat/kitab ti Nu Maha Kawasa.
        3. Tah dina perkara neangan Gusti, ulah kaluar tina diri sabab mun 
kaluar tina diri tangtu sasabna, apan pangawasa Gusti geus araya di anjeun, 
kapan utusannana geus aya di anjeun, kari prak naha bet ngaprak. Kiwari loba 
jalma nu kukucuprakan nyukcruk leuwi neangan cai, neangan kejo bari mamawa 
sumbul eusi sangu, kokotetengan neangan seuneu kundang damar. 
 
Dina ngawayang golek, baheula mah dina prakna ngawayang teh sok dimimitian 
macakeun kakawen ku dalang diantarana: "...........dalang murba maring wayang, 
wayang murba maring dalang, dalangna sang Wali Tunggal, nayaga Wali Sasanga, 
goleki  kang anggoleki.......". 
 
Cag, rampes nun.
 
pun tabe
Engkus

--- Pada Jum, 9/1/09, Roza Rahmadjasa Mintaredja <[email protected]> 
menulis:

Dari: Roza Rahmadjasa Mintaredja <[email protected]>
Topik: Re: [kisunda] Ass.Wr.Wb...(Serat: 139)(SILIWANGI & KI SANTANG)_Neangan 
Diri Lain Ukur Nempo Ka Diri
Kepada: [email protected]
Tanggal: Jumat, 9 Januari, 2009, 7:48 PM


sampurasun.. ....hampura isun
sing sampurna anjeun, muga.di ijabah ku gusti
gusti urang sarerea..... ......... ......... ...
anu miboga ngaran salapan milyar 
alias tan wilangan, tan wates wangenan....
dina Nunggal-na
anu Nunggal di ka-Langgengan
ngan uin teu wasa mere ngaran, 
cukup ku sesebutan, NU NGERSA-KEUN.

ki dulur Nonggerak,.. ......... ......... ......... ......... ......... .......
uin reueus ka anjeun, dina  rasa nyaah ka sunda

ceuk saha cukup nempo ka diri?
neang jeung nempo beda pisan, nun?
mun geus panggih jeung diri na, moal tuang-teang deui
(komo, kana tumpa-tempo mah)
karak ngaguar ka luar, prak........ .action!
anu repotna? neangan diri ....tapi kaluar tina diri

sok aya istilah baheula, .........'sugan can ngaca?'
ukur heula ku diri, ngaca diri, karak urg bisa ngukur ka batur nun.
komo rek ngabanding-banding jeung nabi, ampun paralun.
urang ngabela sunda?
tapi urangna sorangan can nyunda, rumasa...... ......... .....
rek nepi kamana ngabela sunda?
ngabela diri oge, geus sakieu riweuhna
komo deui ngabela sunda
sunda mah teu perlu dibela
sunda geus loba mere ka urang
dina lemahna, dina caina, dina seuneuna, dina anginna
mun aya oge ,........... ...... mulang tarima ka sunda!
lamun jatidiri sundana geus gumulung
sing kahontal ku akal, sing katepi ku ati
prak-prakan mulang tarima ka sunda?
lain ngan sakadar ngaku luhungna karuhun
lain ngan sakadar ngaku kukuh na ageman
lain ngan sakadar wawuh  ka-ruhun na
lain ngan sakadar ku babasan, hayu geura harudang!
lain ngan sakadar ku kecap, geura ngalengkah!
urang sunda, keur mah teu walakaya,... . oge acan nyunda?
kabeh balik deui ka urang

tingali dulur-dulur di ieu milist,
keur digarawe diwidangna masing2 teh, keur mulang tarima,
mulang tarima ka sunda................ ......... ......... .........
kumaha ka ayaanana? seuseut seuat,...... buntang banting
acan anu diluar ieu milist, wah leuwih loba, nikel pisan
kurah koreh cok,...dina nyoal waragad, nyoal fasilitas, nyoal nyieun wadah
ceuk saha caricing???????????? ????????

lain ngan sa-ukur ku bersajak ria, ku berfilsafat ria, ku berbeja-beja ria
lain ku mapatahan ria, lain ku nyumput-nyumputan ria, 
lain ku teu wasa manggihan, sabab beda alam?
lain ku rumasa can wayah, lain ............ ......... ......... ...?

salam komunikasi anu ngawitan, keur ki dulur
anu tara nonggerak, sok sanajan ngaku ngaran nonggerak
uin siap panggih jeung anjeun, lur
ku buktina, ku wani nyaksina ku ngaran anjeun sorangan
geus wayah  urang panggih..... ........
mun enya, .......dina sa-rasa, nyaah ka sunda

cag!
rampes.....rampa salira!
uin......... ......... ......
rd. Ugra Sangsanga
(kitu ceuk nu nyebut)



________________________________
 From: Nong Gerak <nongge...@yahoo. com>
To: urangsunda <urangsu...@yahoogro ups.com>; baraya_sunda <baraya_sunda@ 
yahoogroups. com>; kisunda <kisu...@yahoogroups .com>
Sent: Friday, January 9, 2009 5:49:00 PM
Subject: [kisunda] Ass.Wr.Wb... (Serat: 139)(SILIWANGI & KI SANTANG)_Neangan 
Diri Lain Ukur Nempo Ka Diri


Neangan Diri Lain Ukur Nempo Ka Diri 
  
        * Ulah pabeulit wae mikiran diri sorangan,
geura ngalengkah di luar jalma-jalma nungguan, 
mun ngan ukur naluntik jero sorangan, 
nepi ka iraha moal panggih nu diteangan. 
  
Aranjeun lain jiga kang jeng nabi, 
moal bisa nyaruaan kasampurnaan nabi, 
geura nindak jang ngabelaan ajaran kang jeng nabi, 
ngarah aranjeun geura-geura nepi. 
  
Neangan diri lain ukur nempo ka diri, 
lain ukur nyumput neangan kasampurnaan diri, 
lain ukur tatapa ngorehan jati diri, 
geura ngalengkah nu mangpaat jang batur eta sajatina diri. 
  
Arek nepi iraha ukur nyalahkeun diri, 
nepi iraha ukur ngagogoreng diri, 
di luar urang sunda geus teu boga harga diri, 
rek kusaha deui dibelaan salian ti aranjeun boga diri. 
  
Ngudag kasampurnaan, 
lain ukur nooangan sorangan, 
kudu geura neangan, 
nu di luar pangawakan.   

 
________________________________
 Firefox 3: Lebih Cepat, Lebih Aman, Dapat Disesuaikan dan Gratis.  


      

Kirim email ke