haturnuhun kang yana,oge kang oca...

gerak sunda nu ku simkuring dilakonan, tina wacana omongan oge prak
gawe ,... lain teu rea hambatan,... seueurrrr pisan hambatanana,

istilahna mah,... hambatan dina pagawean desain atawa nga dosenan, asa
gampang solusi na, .... tapi hambatan nu muncul tina kasundaan, meni
disagala arah,.... bari jeung hasil duitna mana? malah jadi
boborot,.... kitu kaayaanana,....

tapi kunaon kuring masih concern?? masih dadaekan kokosehan
sprak-aprakan??
teuing????? meureun kusabab obsesi, terbawa imajinasi hayalan, atapani
panasaran, meureun??? duka tah, cigana mah pacampur nya,heheh.

ngukur kana pangalaman kuring, kuring prak actions dina kasundaan teh
rea pisan dinyeri hatekeun... ,mun ku salian ti sunda, wajar meureun
da maneh na mah ningali sunda ciga ningali ka budaya nu katinggaleun
jaman... tapi nu nyeri hate,,, malah kuring rea di kritik nu teu
ngadasar, dihina nu teu wijaksana eta ku urang sunda sorangan,... 
tah,... kitu kaayaanana,... 

mun ningali sunda kiwari, ceurik lahir bathin atuh dibaca ku hate
kuring,....
abdi ge yakin, kisunda sanesna sok ceurik sorangan, ningali sunda
kiwari nu ciga kieu,...
ngan cigana ceurikna moal ningalikeun ka batur nya,... da era ,hehehe.

tapi eta ngarumas jeung aral teh,... 2 taun katukang,.... sabab,kuring
alhamdulillah.... ayeuna mah langkung ngartos kana sunda tibatan 2
taun katukang,... 
kuring teu apal jero2na sunda, tapi kuring beubeunangan sabagian elmu
sunda, utamina elmu jembar, someah, sabar ,kreatif, jsb....

diolah kabeh eta titimuan, nu akhirna mucunghul hiji kasimpulan, sunda
model naon nu cocok jeung sifat kuring???? 
tah,... titimuan kuring, namina ... sunda enjoy!
eta sunda enjoy teh ciga merk minuman seger, nya,.... hehehe teu
nanaon, da make bahasa inggris oge maci, da turunan inggris oge asalna
ti sunda,hahaha (leres kang oca? penganut sundaland???)

pernah kuring nyeri hate ku hiji inohong,... "ari ayi ngarasa yakin
timana eta program PIS bisa didukung ku kisunda?? salila ieu kuring
geus beak waragad beak waktu ngajorowok ka masyarakat sunda ku
program2 kasundaan,, euweuh nu malire,... naha ku eta program nu kitu,
didinya bisa yakin aya dukungan, jeung aya mangpaat?"
ngadangu eta respon kana obrolan abdi ka anjeuna perkawis PIS, abdi
mung bengong, sabari ngajawab,... "sumuhun abah, abdi teu yakin,
hapunten atuh,..."
saminggu tah kuring teu muka2 eta urusan program PIS....

lain teu nyeri hate kuring disebut ku juragan halimun, "ngurus iket
,euweuh gawe, percuma, meakeun waktu",... tapi eta kalimat kudu di
rejepkeun kana nurani nu hade ka diri jero kuring,... tah... ku metode
enjoy tea,... eta kalimat ti kang imun ngajadikeun kuring teu nyeri
hate, malah jadi motivasi keur ngabuktikeun yen lalampahan kuring teh
ngembangkeun ieu asesoris sunda, pasti aya mangpaatna,...
meureun eta omongan jang imun teh dihaja keur nguji kasabaran kuring,
alhamdulillah, kuring teu ngambek, ... ngan nyengir weh, hehehe sabari
ngucap... "begitu aja koq repot"....
nu penting, wacana di ieu milis tong jadi goreng kana tali silaturahmi
kisunda sakabehna....

urang tutup lawang sigotaka,.... jrek nong!

siliwangi,... oge ki santang... gaduh kareueus ka sunda.... mugia
bagja tina jalanna,...
kisunda jaman kiwari oge gaduh kareueus ka sunda,..... tong
disapirakeun ka-iklasanana,....
hayu panggih dina nurani -na.

12 januari 2009

=roch=
  

--- In [email protected], SASTRANEGARA THARYANA <silatpd...@...>
wrote:
>
> Kang Oca oge baraya kuring leuwih percaya ka karuhun sunda nu
dicontokeun Sunda Sri Baduga nu diistilahkeun "Munding Laya atawa
Mahesa". 
> Nggeus boga titel raja darah biru ngaping rahayat bari jeung
ngawuluku leledokan tah eta hiji ciri Urang Sunda Sajati. Sora nu sok
mamatahan kudu anjlub jeung lengkahna ngariung ngahiji sa sunda nu
beda baju di darat , rek wiwitan -rek hindu-rek buda-rek islam-rek
kristen rek ateis pokona sunda 
> 
> Hiji conto di USA x president Jimy Carter ngieun rewuan wangunan
keur kaum miskin anjeunna langsung gawe ngaragaji, malu, ngaduk,
ngecet, ngikir, ngasah bedog, ngasah peso, ngahampelas, mlitur.
Anjeuna teu loba peta marentah jeung jijikiran, pupuisian, nyanyanyian
padahal manehna pendeta kristen sok da'wah di gereja. 
> 
> Nu penting mah loba gawe nyata keur rahayatna nu perlu dibantu
dasar2 hirupna ti imah nepi, kapendidikan jeung kasejahteraanana. Tah
eta sora da'wah jeung nyatana karasa ku rahayatna.
> 
> Punten ieu mah sanes mamatahan ka meri ngojay.Dina elmu penca
ngarana ilmu timbangan.
> 
> Pohara banggana ka kg roche gan Imink sareng Kg Oca , Kg Oman dialog
di alam maya jeung darat saimbang, teori sain jeung teknolgy aya wujudna.
> 
> Ceuk uing ngusulkeun nagara lamun hayang maju wujudkeun 99% sain
jeung teknology di sagala widang kudu produktip1% ilmu sosial ka asup
da'wah ti 250 juta sa nusantara, bangsa USA pasti nyembah ka bangsa
Indonesia. Tah ieu hartina neangan SAMPURNA raraga jeung waraga SA
NUSANTARA, sukmana kaluar tina ragana aya gawe nyata mamfaat di dunya
keur barayana NU SA SUNDA jeung SA NUSANTARA.
> 
> cag
> Kang Yana
> 
> 
> From: Roza Rahmadjasa Mintaredja <roza.kalasund...@...>
> To: [email protected]
> Sent: Friday, January 9, 2009 7:48:47 AM
> Subject: Re: [kisunda] Ass.Wr.Wb...(Serat: 139)(SILIWANGI & KI
SANTANG)_Neangan Diri Lain Ukur Nempo Ka Diri
> 
> 
> sampurasun.. ....hampura isun
> sing sampurna anjeun, muga.di ijabah ku gusti
> gusti urang sarerea..... ......... ......... ...
> anu miboga ngaran salapan milyar 
> alias tan wilangan, tan wates wangenan....
> dina Nunggal-na
> anu Nunggal di ka-Langgengan
> ngan uin teu wasa mere ngaran, 
> cukup ku sesebutan, NU NGERSA-KEUN.
> 
> ki dulur Nonggerak,.. ......... ......... ......... .........
......... .......
> uin reueus ka anjeun, dina  rasa nyaah ka sunda
> 
> ceuk saha cukup nempo ka diri?
> neang jeung nempo beda pisan, nun?
> mun geus panggih jeung diri na, moal tuang-teang deui
> (komo, kana tumpa-tempo mah)
> karak ngaguar ka luar, prak........ .action!
> anu repotna? neangan diri ....tapi kaluar tina diri
> 
> sok aya istilah baheula, .........'sugan can ngaca?'
> ukur heula ku diri, ngaca diri, karak urg bisa ngukur ka batur nun.
> komo rek ngabanding-banding jeung nabi, ampun paralun.
> urang ngabela sunda?
> tapi urangna sorangan can nyunda, rumasa...... ......... .....
> rek nepi kamana ngabela sunda?
> ngabela diri oge, geus sakieu riweuhna
> komo deui ngabela sunda
> sunda mah teu perlu dibela
> sunda geus loba mere ka urang
> dina lemahna, dina caina, dina seuneuna, dina anginna
> mun aya oge ,........... ...... mulang tarima ka sunda!
> lamun jatidiri sundana geus gumulung
> sing kahontal ku akal, sing katepi ku ati
> prak-prakan mulang tarima ka sunda?
> lain ngan sakadar ngaku luhungna karuhun
> lain ngan sakadar ngaku kukuh na ageman
> lain ngan sakadar wawuh  ka-ruhun na
> lain ngan sakadar ku babasan, hayu geura harudang!
> lain ngan sakadar ku kecap, geura ngalengkah!
> urang sunda, keur mah teu walakaya,... . oge acan nyunda?
> kabeh balik deui ka urang
> 
> tingali dulur-dulur di ieu milist,
> keur digarawe diwidangna masing2 teh, keur mulang tarima,
> mulang tarima ka sunda................ ......... ......... .........
> kumaha ka ayaanana? seuseut seuat,...... buntang banting
> acan anu diluar ieu milist, wah leuwih loba, nikel pisan
> kurah koreh cok,...dina nyoal waragad, nyoal fasilitas, nyoal nyieun
wadah
> ceuk saha caricing???????????? ????????
> 
> lain ngan sa-ukur ku bersajak ria, ku berfilsafat ria, ku
berbeja-beja ria
> lain ku mapatahan ria, lain ku nyumput-nyumputan ria, 
> lain ku teu wasa manggihan, sabab beda alam?
> lain ku rumasa can wayah, lain ............ ......... ......... ...?
> 
> salam komunikasi anu ngawitan, keur ki dulur
> anu tara nonggerak, sok sanajan ngaku ngaran nonggerak
> uin siap panggih jeung anjeun, lur
> ku buktina, ku wani nyaksina ku ngaran anjeun sorangan
> geus wayah  urang panggih..... ........
> mun enya, .......dina sa-rasa, nyaah ka sunda
> 
> cag!
> rampes.....rampa salira!
> uin......... ......... ......
> rd. Ugra Sangsanga
> (kitu ceuk nu nyebut)
> 
> 
> 
> ________________________________
> From: Nong Gerak <nongge...@yahoo. com>
> To: urangsunda <urangsu...@yahoogro ups.com>; baraya_sunda
<baraya_sunda@ yahoogroups. com>; kisunda <kisu...@yahoogroups .com>
> Sent: Friday, January 9, 2009 5:49:00 PM
> Subject: [kisunda] Ass.Wr.Wb... (Serat: 139)(SILIWANGI & KI
SANTANG)_Neangan Diri Lain Ukur Nempo Ka Diri
> 
> 
> Neangan Diri Lain Ukur Nempo Ka Diri
>  
>       * Ulah pabeulit wae mikiran diri sorangan,
> geura ngalengkah di luar jalma-jalma nungguan,
> mun ngan ukur naluntik jero sorangan,
> nepi ka iraha moal panggih nu diteangan. 
>  
> Aranjeun lain jiga kang jeng nabi,
> moal bisa nyaruaan kasampurnaan nabi,
> geura nindak jang ngabelaan ajaran kang jeng nabi,
> ngarah aranjeun geura-geura nepi. 
>  
> Neangan diri lain ukur nempo ka diri,
> lain ukur nyumput neangan kasampurnaan diri,
> lain ukur tatapa ngorehan jati diri,
> geura ngalengkah nu mangpaat jang batur eta sajatina diri. 
>  
> Arek nepi iraha ukur nyalahkeun diri,
> nepi iraha ukur ngagogoreng diri,
> di luar urang sunda geus teu boga harga diri,
> rek kusaha deui dibelaan salian ti aranjeun boga diri. 
>  
> Ngudag kasampurnaan,
> lain ukur nooangan sorangan,
> kudu geura neangan,
> nu di luar pangawakan. 
>



------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[email protected] 
    mailto:[email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke