sanes LOGIKA eta mah, enun! da aya referensina nyaeta PURWAKA CARUBAN NAGARI anu dikarang ku P.Sulendraningrat (ieu buku jildana bulao, disartaan gambar KUJANG; teras direvisi ku ATJA (jilid bukuna koneng) tah Mang Atja alm ngarevisi teh dilengkepan tina naskah Wangsakerta; oge sababaraha hiji karangan Ajatrohaedi alm. anjeuna GURU sim UING pisan langsung, keur na eukeur Mang AYat (panggilan akrab mahasiwa khusus pada dosen urang Sunda) teh merhatoskeun pisan sajarah Sunda.
Sarjana2 ahli tur ancrub dina widang KASUNDAAN khususna sejarah & kabudayaan Sunda teh seu-eur, ongkoh deuih sering diseminarkeun.... aya pentolan2 inohong anu akrab kana ceuli urang Sunda boh sacara akadfemik boh nu otodidak, nyaeta nu tos disebatkeun di luhur tadi (Atja, Ayatrohaedi, P,Sulendraningrat, P.Wangsakerta), oge Edi S.Ekadjati, Saleh Danasasmita; Anis Djatisunda, Yudistira K. Garna. Atuh ti pihak wetan diantawisna Darusuprapta, Suripan Sadi Hutomo, pon kitu ti pihak deungeun anu daria pisan kana Kasundaan teh diantawisna J.Noorduyn,Vivianne Tessier, A. Teeuw tah eta tokoh2 teh teu acan kaetang anu ahli2 buhunna (Pleyte, Holle, Geisse, Hageman jsst...) Janten eta sanes LOGIKA dang kimun, tatapi tangtos dang Kimun teh NYUTAT tina bacaan2 resmi, mun eta diaku "LOGIKA dang Kimun" > hartosna dang KImun PLAGIAT alias AAKUANAN alias ngaku2...... abdi ge nu gaul sareng sajarah tur kabudayaan Sunda ti ngongkoak dugi ka ngungkueuk teu wantun NGAKU2....marukan teu .... Tabe pun ingsun AMBU ________________________________ From: Halimun An <[email protected]> To: [email protected] Sent: Thursday, January 22, 2009 1:51:10 PM Subject: Re: [kisunda] Re: elmu modern (urut getih) ________________________________ Stay connected to the people that matter most with a smarter inbox. Take a look.
