Kang, assalamualaika...

> Abdimah ningali gaya tulisan T13 tea asa ngaos seratan Kang Edy
Nugraha. Ha..ha..ha...(bener teu nya ?).

kang T13 mah sanes sim abdi sun....teu rumaos ah..mangga Kang T13 sae
ngawaler wae.

baktosna,
eddy nugraha




--- In [email protected], Maman <manz2...@...> wrote:
>
> Abdimah ningali gaya tulisan T13 tea asa ngaos seratan Kang Edy
Nugraha. Ha..ha..ha...(bener teu nya ?).
> Tah upami nganalisis seratan Ki Nonggerak sareng seratan Dang Imun,
aya persamaan sareng perbentenana.
> Samina :  nyaeta kitu hoyong aya sunda anu "islami", teras nyumputkeun
> jatidiri.
> Bedada:  nu hiji hayoh we ngeleketek, nu hiji deui hayoh we "siaran
radio",
> bari teu teu aya "feedback"na. ha..ha..ha..
> 
> Punten nun.
> 
> --- On Thu, 1/22/09, T13 <adet...@...> wrote:
> From: T13 <adet...@...>
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
>     
>             Ngiringan Hehehe oge sababaraha kali, kuring oge
negeskeun yen kuring teh sanes Kang Oche, kuring mah te tilu welas.
Benten jalmina. Naha ngangge elmu kira2 deui wae dina nyangki yen
kuring teh Kang Oche? Dumasarna nyangki kitu teh naon nya? LOGIKA?
LOGIKA NU MANA?
> 
> 
> 
> Saha anu nyebatkeun anjeun teh Ki Nonggerak? Mangga we titenan eusi
pedaran kuring, naha jentre ngeceskeun yen anjeun teh Ki Nong? 
> 
> 
> 
> Dina maos hiji seratan, saena mah diperhatoskeun pisan atuh "gerak
bahasa", maksad, sareng "pokok pikiran" anu dikandung tiap kalimat,
tiap alinea sareng pedaran sadayana. Dititenan teh ulah
sapotong-sapotong. Tingali sagemblengna.
> 
> 
> 
> Urang buktoskeun dumasar kuring nyebatkeun anjeun teh kirang taliti,
mangga titenan alinea nu kahiji, kuring nganggo kecap "Sigana mah". 
> 
> Nya hapunten wae upami anjeun teh teu ngajalanan elmu THM. Ngarana
ge susuganan, kira2, SIGANA. Eta kira2 jeung susuganan teh ditingali
TINA LOGIKA oge. Nyaeta numutkeun yen pamadegan anjeun sami sareng
pamadegan Ki Nong. Ari Ki Nong mindeng pisan medar perkawis kabatinan
nu caket pahamna sareng nu nganut elmu tarekat hakekat marifat (THM
tea). Hiji buktos yen hasil LOGIKA kuring sesah dijantenkeun dasar.
NGANGGO LOGIKA OGE LIN???
> 
> 
> 
> Tingal deui alinea nu kadua, kuring teu nyebat wasta anjeun, tapi
langsung nyebat wastana Nong. Dina alinea saterasna, kuring nyebat
"Dang Imun atanapi Nong", pan jentre aya inkonsistensi nunjuk "Dang
Imun ATANAPI Ki Nong" sareng nunjuk "Ki Nong" nyalira.  
> 
> 
> 
> Kuring ngiring nganggo cara anjeun nu sapertos pokrol bambu, "hantam
sana sini" nganggo bahan waleran anjeun.
> 
> Kumaha anjeun tiasa nangkep waleran baraya nu sanes nu gaduh elmu
pangaweruh langkung dina widangna masing2 upami maos waleran sim
kuring anu bodo ge can tiasa? Upami leres ngaraos "atah keneh", naha
atuh meni reueus ku kaatahanana? Naha teu aya kahoyong ngasakkeun?
Atawa ngan saukur "lip service" yen anjeun geus narima kaatahan diri?
> 
> 
> 
> Perkawis seratan ilmiah sareng henteu, sadaya nu diserat didieu
(CMIIW) teu acan tiasa dilebetkeun kana seratan ilmiah, mung baraya nu
medar gaduh dasar sacara ilmiahna. Sanes saukur LOGIKA, KIRA2 jeung
SUSUGANAN siga kuring (jeung anjeun, hahahaha).
> 
> 
> 
> Rada peureus tapi sanes niat mupuas atanapi ngewa bin geuleuh,
hapunten nu kasuhun bilih janten raheut manah.
> 
> Tabe pun paralun
> 
> 
> 
> Te Tilu Welas (Sanes Kang Oche).
> 
> 
> 
> --- Pada Kam, 22/1/09, Halimun An <halimun...@yahoo. com> menulis:
> 
> Dari: Halimun An <halimun...@yahoo. com>
> 
> Topik: Re: [kisunda] Re: elmu modern (urut getih)
> 
> Kepada: kisu...@yahoogroups .com
> 
> Tanggal: Kamis, 22 Januari, 2009, 3:12 PM
> 
> 
> 
> hehehehe kang oche, kieu nya ku uing ditegeskeun :
> 
> Uing lain k nonggerak, teu aya hubungana jeung anjeuna. Mun ternyata
> 
> pandangan soal siliwangi sami jeung k nonggerak nya kabeneran wae,
> 
> sanes hartosna jalmina sami.
> 
> kaduana uing teu ngelmu ma'rifat, THM jsb... uing jalma biasa, normal..
> 
> mikiran nanaon diusahakeun make logika. Jadi salah besar pami nganggap
> 
> uing ngelmu tarekat (ngartos oge henteu uing masalah elmu eta mah).
> 
> 
> 
> terus masalah ilmiah, naha sadaya nu diserat didieu ilmiah?
> 
> henteu apanan ? 
> 
> tah kitu kang oche
> 
> 
> 
> --- On Thu, 22/1/09, T13 <adet...@yahoo. com> wrote:
> 
> 
> 
> From: T13 <adet...@yahoo. com>
> 
> Subject: Re: [kisunda] Re: elmu modern (urut getih)
> 
> To: kisu...@yahoogroups .com
> 
> Received:
> 
>  Thursday, 22 January, 2009, 5:36 AM
> 
> 
> 
> Kanggo Dang Imun atanapi Nong-Gerak,
> 
> 
> 
> Sigana mah Dang Imun atanapi Nong teh nuju nyungsi elmu
tarekat-hakekat- marifat (THM).
> 
> 
> 
> Pedaran2 Nong sateuacanna memang leres upami ditingal tina kacamata
tukang/ahli tarekat-hakekat- marifat. Mung hanjakal tea, Dang Imun
atanapi Nong teh teu acan tiasa nempatkeun diri iraha wancina make
baju THM jeung iraha ngaleupaskeun baju THM. Poko pedaran nu ayeuna
teh nuju medar tina kacamata elmu pangaweruh nu didasarkeun tina
buktos anu kongkrit. Teu tiasa dicampur-adukkeun antara pedaran THM
sareng elmu pangaweruh mah, da benten kacamatana, benten cara ningalna.
> 
> 
> 
> Saleresna sae pisan upami Dang Imun atanapi Nong tos mendakan
Nur/Sunda nu sajati. Kahartos ku sim kuring oge kana naon nu tos
kaalaman ku Dang Imun atanapi Nong. Mung sim kuring mah bade
ngingetkeun deui, yen sagala naon pituduh ku tos katampi, teu peryogi
dibeujeurbeaskeun ka sadayana kumargi eta teh sanes konsumsi publik.
Eta mah mung cekap kanggo pribadina masing2. Upami bade dipedar oge,
kedah dipedar di sasama ahli THM, supados saimbang "lawan main"na.
sami kacamatana, sami "sudut pandang"na.
> 
> 
> 
> Cara/jalan nu nuju disungsi ku Dang Imun atanapi Nong teh benten
pisan sareng jalan nu disungsi ku baraya2 sanesna. Elmu pangaweruh mah
dumasar kana buktos2 nu walatra, ari elmu kabatinan mah sesah
ngabuktoskeunana dina buktos anu kongkrit.
> 
> 
> 
> Kuring bisa ngarti sikep Dang Imun atanapi Nong anu kawas kitu,
sabab lolobana jelema nu nyungsi elmu THM mah mun geus ngarasa meunang
Nur/Sunda tur geus meunang sagala rupa "pituduh", sok nganggap
kayakinan nu sejen teh salah/henteu bener. Padahal, saleresna eta teh
salah sahiji ujian kanggo "naek tingkat". Naha leres tiasa nyepeng
"rahasia langit" atanapi mung ukur dugi ka sakitu-kituna. Kahade oge
bilih eta pituduh teh "aspal" kumargi seueur teuing kapangaruhan ku
sugesti pribadi sareng ku musuh nu seja ngalejokeun jalmi nu nuju
"milari jalan"/salik. Sikep "Asa aing uyah kidul" teh saleresna sikep
nu matak ngotoran panon batin, nu antukna panon batinna katutup deui
jeung kalahka dibere tetempoan nempo nu lain2.
> 
> 
> 
> Mangga atuh geura aos deui (iqro) diri masing2. Man arofa nafsahu
...jste. Mugi2 Dang Imun atanapi Nong tiasa "naek tingkat" sareng
janten langkung "waspada".
> 
> 
> 
> Nyungkeun dihapunten ka sadayana upami wangkongan sim kuring siga
kaluar tina pedaran nu aya.
> 
> 
> 
> Prung deui ahhhh....
> 
> 
> 
> Baktos
> 
> 
>  
>



------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[email protected] 
    mailto:[email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke