hehehehe kang oche, kieu nya ku uing ditegeskeun :
Uing lain k nonggerak, teu aya hubungana jeung anjeuna. Mun ternyata
pandangan soal siliwangi sami jeung k nonggerak nya kabeneran wae,
sanes hartosna jalmina sami.
kaduana uing teu ngelmu ma'rifat, THM jsb.. uing jalma biasa, normal..
mikiran nanaon diusahakeun make logika. Jadi salah besar pami nganggap
uing ngelmu tarekat (ngartos oge henteu uing masalah elmu eta mah).

terus masalah ilmiah, naha sadaya nu diserat didieu ilmiah?
henteu apanan ? 
tah kitu kang oche

--- On Thu, 22/1/09, T13 <[email protected]> wrote:

From: T13 <[email protected]>
Subject: Re: [kisunda] Re: elmu modern (urut getih)
To: [email protected]
Received: Thursday, 22 January, 2009, 5:36 AM










    
            Kanggo Dang Imun atanapi Nong-Gerak,



Sigana mah Dang Imun atanapi Nong teh nuju nyungsi elmu tarekat-hakekat- 
marifat (THM).



Pedaran2 Nong sateuacanna memang leres upami ditingal tina kacamata tukang/ahli 
tarekat-hakekat- marifat. Mung hanjakal tea, Dang Imun atanapi Nong teh teu 
acan tiasa nempatkeun diri iraha wancina make baju THM jeung iraha 
ngaleupaskeun baju THM. Poko pedaran nu ayeuna teh nuju medar tina kacamata 
elmu pangaweruh nu didasarkeun tina buktos anu kongkrit. Teu tiasa 
dicampur-adukkeun antara pedaran THM sareng elmu pangaweruh mah, da benten 
kacamatana, benten cara ningalna.



Saleresna sae pisan upami Dang Imun atanapi Nong tos mendakan Nur/Sunda nu 
sajati. Kahartos ku sim kuring oge kana naon nu tos kaalaman ku Dang Imun 
atanapi Nong. Mung sim kuring mah bade ngingetkeun deui, yen sagala naon 
pituduh ku tos katampi, teu peryogi dibeujeurbeaskeun ka sadayana kumargi eta 
teh sanes konsumsi publik. Eta mah mung cekap kanggo pribadina masing2. Upami 
bade dipedar oge, kedah dipedar di sasama ahli THM, supados saimbang "lawan 
main"na. sami kacamatana, sami "sudut pandang"na.



Cara/jalan nu nuju disungsi ku Dang Imun atanapi Nong teh benten pisan sareng 
jalan nu disungsi ku baraya2 sanesna. Elmu pangaweruh mah dumasar kana buktos2 
nu walatra, ari elmu kabatinan mah sesah ngabuktoskeunana dina buktos anu 
kongkrit.



Kuring bisa ngarti sikep Dang Imun atanapi Nong anu kawas kitu, sabab lolobana 
jelema nu nyungsi elmu THM mah mun geus ngarasa meunang Nur/Sunda tur geus 
meunang sagala rupa "pituduh", sok nganggap kayakinan nu sejen teh salah/henteu 
bener. Padahal, saleresna eta teh salah sahiji ujian kanggo "naek tingkat". 
Naha leres tiasa nyepeng "rahasia langit" atanapi mung ukur dugi ka 
sakitu-kituna. Kahade oge bilih eta pituduh teh "aspal" kumargi seueur teuing 
kapangaruhan ku sugesti pribadi sareng ku musuh nu seja ngalejokeun jalmi nu 
nuju "milari jalan"/salik. Sikep "Asa aing uyah kidul" teh saleresna sikep nu 
matak ngotoran panon batin, nu antukna panon batinna katutup deui jeung kalahka 
dibere tetempoan nempo nu lain2.

Mangga atuh geura aos deui (iqro) diri masing2. Man arofa nafsahu ...jste. 
Mugi2 Dang Imun atanapi Nong tiasa "naek tingkat" sareng janten langkung 
"waspada".



Nyungkeun dihapunten ka sadayana upami wangkongan sim kuring siga kaluar tina 
pedaran nu aya.



Prung deui ahhhh....

Baktos



From: Maman <manz2...@yahoo. com>

To: kisu...@yahoogroups .com

Sent: Thursday, January 22, 2009 10:57:51 AM

Subject: Re: [kisunda] Re: elmu modern (urut getih)



Punten...he. .he..  

 na pamikiranana siga Ki Nonggerak? 



From: Halimun An <halimun_an@ yahoo. com>

Ceuk uing mah, sayakin yakina siliwangi teh berarti islam sajati.

lamun siliwangi lain islam mah pasti aya peninggalana jiga borobudur, prambanan 
jsb.

kitu juragan.



Pamer gaya dengan skin baru yang keren. Coba Yahoo! Messenger 9.0 baru 
sekarang! http://id.messenger .yahoo.com


      

    
    
        
         
        
        








        


        
        


      Stay connected to the people that matter most with a smarter inbox. Take 
a look http://au.docs.yahoo.com/mail/smarterinbox

Kirim email ke