Abdimah ningali gaya tulisan T13 tea asa ngaos seratan Kang Edy Nugraha. 
Ha..ha..ha...(bener teu nya ?).
Tah upami nganalisis seratan Ki Nonggerak sareng seratan Dang Imun, aya 
persamaan sareng perbentenana.
Samina :  nyaeta kitu hoyong aya sunda anu "islami", teras nyumputkeun
jatidiri.
Bedada:  nu hiji hayoh we ngeleketek, nu hiji deui hayoh we "siaran radio",
bari teu teu aya "feedback"na. ha..ha..ha..

Punten nun.

--- On Thu, 1/22/09, T13 <[email protected]> wrote:
From: T13 <[email protected]>










    
            Ngiringan Hehehe oge sababaraha kali, kuring oge negeskeun yen 
kuring teh sanes Kang Oche, kuring mah te tilu welas. Benten jalmina. Naha 
ngangge elmu kira2 deui wae dina nyangki yen kuring teh Kang Oche? Dumasarna 
nyangki kitu teh naon nya? LOGIKA? LOGIKA NU MANA?



Saha anu nyebatkeun anjeun teh Ki Nonggerak? Mangga we titenan eusi pedaran 
kuring, naha jentre ngeceskeun yen anjeun teh Ki Nong? 



Dina maos hiji seratan, saena mah diperhatoskeun pisan atuh "gerak bahasa", 
maksad, sareng "pokok pikiran" anu dikandung tiap kalimat, tiap alinea sareng 
pedaran sadayana. Dititenan teh ulah sapotong-sapotong. Tingali sagemblengna.



Urang buktoskeun dumasar kuring nyebatkeun anjeun teh kirang taliti, mangga 
titenan alinea nu kahiji, kuring nganggo kecap "Sigana mah". 

Nya hapunten wae upami anjeun teh teu ngajalanan elmu THM. Ngarana ge 
susuganan, kira2, SIGANA. Eta kira2 jeung susuganan teh ditingali TINA LOGIKA 
oge. Nyaeta numutkeun yen pamadegan anjeun sami sareng pamadegan Ki Nong. Ari 
Ki Nong mindeng pisan medar perkawis kabatinan nu caket pahamna sareng nu 
nganut elmu tarekat hakekat marifat (THM tea). Hiji buktos yen hasil LOGIKA 
kuring sesah dijantenkeun dasar. NGANGGO LOGIKA OGE LIN???



Tingal deui alinea nu kadua, kuring teu nyebat wasta anjeun, tapi langsung 
nyebat wastana Nong. Dina alinea saterasna, kuring nyebat "Dang Imun atanapi 
Nong", pan jentre aya inkonsistensi nunjuk "Dang Imun ATANAPI Ki Nong" sareng 
nunjuk "Ki Nong" nyalira.  



Kuring ngiring nganggo cara anjeun nu sapertos pokrol bambu, "hantam sana sini" 
nganggo bahan waleran anjeun.

Kumaha anjeun tiasa nangkep waleran baraya nu sanes nu gaduh elmu pangaweruh 
langkung dina widangna masing2 upami maos waleran sim kuring anu bodo ge can 
tiasa? Upami leres ngaraos "atah keneh", naha atuh meni reueus ku kaatahanana? 
Naha teu aya kahoyong ngasakkeun? Atawa ngan saukur "lip service" yen anjeun 
geus narima kaatahan diri?



Perkawis seratan ilmiah sareng henteu, sadaya nu diserat didieu (CMIIW) teu 
acan tiasa dilebetkeun kana seratan ilmiah, mung baraya nu medar gaduh dasar 
sacara ilmiahna. Sanes saukur LOGIKA, KIRA2 jeung SUSUGANAN siga kuring (jeung 
anjeun, hahahaha).



Rada peureus tapi sanes niat mupuas atanapi ngewa bin geuleuh, hapunten nu 
kasuhun bilih janten raheut manah.

Tabe pun paralun



Te Tilu Welas (Sanes Kang Oche).



--- Pada Kam, 22/1/09, Halimun An <halimun...@yahoo. com> menulis:

Dari: Halimun An <halimun...@yahoo. com>

Topik: Re: [kisunda] Re: elmu modern (urut getih)

Kepada: kisu...@yahoogroups .com

Tanggal: Kamis, 22 Januari, 2009, 3:12 PM



hehehehe kang oche, kieu nya ku uing ditegeskeun :

Uing lain k nonggerak, teu aya hubungana jeung anjeuna. Mun ternyata

pandangan soal siliwangi sami jeung k nonggerak nya kabeneran wae,

sanes hartosna jalmina sami.

kaduana uing teu ngelmu ma'rifat, THM jsb... uing jalma biasa, normal..

mikiran nanaon diusahakeun make logika. Jadi salah besar pami nganggap

uing ngelmu tarekat (ngartos oge henteu uing masalah elmu eta mah).



terus masalah ilmiah, naha sadaya nu diserat didieu ilmiah?

henteu apanan ? 

tah kitu kang oche



--- On Thu, 22/1/09, T13 <adet...@yahoo. com> wrote:



From: T13 <adet...@yahoo. com>

Subject: Re: [kisunda] Re: elmu modern (urut getih)

To: kisu...@yahoogroups .com

Received:

 Thursday, 22 January, 2009, 5:36 AM



Kanggo Dang Imun atanapi Nong-Gerak,



Sigana mah Dang Imun atanapi Nong teh nuju nyungsi elmu tarekat-hakekat- 
marifat (THM).



Pedaran2 Nong sateuacanna memang leres upami ditingal tina kacamata tukang/ahli 
tarekat-hakekat- marifat. Mung hanjakal tea, Dang Imun atanapi Nong teh teu 
acan tiasa nempatkeun diri iraha wancina make baju THM jeung iraha 
ngaleupaskeun baju THM. Poko pedaran nu ayeuna teh nuju medar tina kacamata 
elmu pangaweruh nu didasarkeun tina buktos anu kongkrit. Teu tiasa 
dicampur-adukkeun antara pedaran THM sareng elmu pangaweruh mah, da benten 
kacamatana, benten cara ningalna.



Saleresna sae pisan upami Dang Imun atanapi Nong tos mendakan Nur/Sunda nu 
sajati. Kahartos ku sim kuring oge kana naon nu tos kaalaman ku Dang Imun 
atanapi Nong. Mung sim kuring mah bade ngingetkeun deui, yen sagala naon 
pituduh ku tos katampi, teu peryogi dibeujeurbeaskeun ka sadayana kumargi eta 
teh sanes konsumsi publik. Eta mah mung cekap kanggo pribadina masing2. Upami 
bade dipedar oge, kedah dipedar di sasama ahli THM, supados saimbang "lawan 
main"na. sami kacamatana, sami "sudut pandang"na.



Cara/jalan nu nuju disungsi ku Dang Imun atanapi Nong teh benten pisan sareng 
jalan nu disungsi ku baraya2 sanesna. Elmu pangaweruh mah dumasar kana buktos2 
nu walatra, ari elmu kabatinan mah sesah ngabuktoskeunana dina buktos anu 
kongkrit.



Kuring bisa ngarti sikep Dang Imun atanapi Nong anu kawas kitu, sabab lolobana 
jelema nu nyungsi elmu THM mah mun geus ngarasa meunang Nur/Sunda tur geus 
meunang sagala rupa "pituduh", sok nganggap kayakinan nu sejen teh salah/henteu 
bener. Padahal, saleresna eta teh salah sahiji ujian kanggo "naek tingkat". 
Naha leres tiasa nyepeng "rahasia langit" atanapi mung ukur dugi ka 
sakitu-kituna. Kahade oge bilih eta pituduh teh "aspal" kumargi seueur teuing 
kapangaruhan ku sugesti pribadi sareng ku musuh nu seja ngalejokeun jalmi nu 
nuju "milari jalan"/salik. Sikep "Asa aing uyah kidul" teh saleresna sikep nu 
matak ngotoran panon batin, nu antukna panon batinna katutup deui jeung kalahka 
dibere tetempoan nempo nu lain2.



Mangga atuh geura aos deui (iqro) diri masing2. Man arofa nafsahu ...jste. 
Mugi2 Dang Imun atanapi Nong tiasa "naek tingkat" sareng janten langkung 
"waspada".



Nyungkeun dihapunten ka sadayana upami wangkongan sim kuring siga kaluar tina 
pedaran nu aya.



Prung deui ahhhh....



Baktos


 
         
        
        








        


        
        


      

Kirim email ke