Allah Al Ghafur, nu Hartosna Maha pengampun. Nu sanget lega pangampuraNa.

Ku margi jalmi mah sok keuna ku owah gingsir, nya teu petot2 jelema2 nyarieun
dosa; tapi maranehanana hayang Pangampura DOSA mah, da sieun ka naraka.

Tah ku margi skitu, Gusti Allah masihan jalan ka jalma2 kumaha syarat2na
supaya dosana dihampura.

He manusa, lamun jelema ngalakukeun dosa samisal jinah, ku Kami tetap bakal 
dihampura
jeung tetep dianggap Islam, syaratna kudu dirajam. Syarat rajam kudu aya saksi 
yen enyaan ngalakukeun jinah. Dikacualikeun nya eta jalma nu masrahkeun diri, 
eta mah
teu kudu aya saksi deui.

Lamun aya jelema nu maling, kapanggih, nyata malingna, Aing bakal ngahampura
lamun dipotong leungeunna.

Mangkahade aringet manusia, Kami leuwih NYAHO ti batan maraneh; lamun
aturan2 dilalanggar mangkahade bakal MAHABU kajahatan di mana2; pek rasakeun.





      

Kirim email ke