hukum nu sae teh nu saluyu jeung kahayang urang (urangna sanes urang
kebonbaru atawa banten nya haha). henteu cumantel di langit,
ngawang-ngawang.

contona kumaha kasus maling buah coklat, samangka, kasus prita, atawa randa
pahlawan. mun urang ukur nandonkeun hukum kana percaya, yen nu tinulis teh
bener. empati bakal leungit. teu kudu aya nu gogorowokan, eta teu adil!

--
kuring mah percaya agama teh parobahan. terus ngagilinding maju. cenah
pangeran geus teu ngistrenan deui rasul, cek kuring mah eta teh sabab
pangeran mafhum manusa kiwari geus bisa neang jalan sorangan. kajieunna
mesin citak, pesawat, internet, mikroskop, kekeran, sajarah geus nyadiakeun
sagalana keur diteangan sorangan-sorangan. tinggal kahayang ti urang.

dasar kuring bisa percaya kitu, ngeunteung kana sajarah nabi. kumaha
tahap-tahap dilarangna nginum khamr. kumaha perobahan hukum poligami. kumaha
perobahan hukum perbudakan. cek kuring mah eta teh gambaran yen urang wenang
ngarobah hukum baheula keur kahadean hirup urang ayeuna.

2010/7/27 JeBe <[email protected]>

>
>
> Ari saur sim kuring mah, ukuran pantes teu pantes hukum sanes ku sakadar
> saluyu jeung kahayang urang, tapi oge ku kaimanan.
> Ari teu percaya atawa teu iman kana hukum mah, tong boro rajam atawa
> digebug hoe nepi ka 100x, dalah dicepret ku nyere ge da tetep bakal ditolak.
> Ceuk pamanggih kuring eta mah.
> Mangga lajengkeun
>
> Sent from MobilePhone®
> ------------------------------
> *From: * "Waluya" <[email protected]>
> *Sender: * [email protected]
> *Date: *Tue, 27 Jul 2010 12:23:51 +0700
> *To: *<[email protected]>
> *ReplyTo: * [email protected]
> *Subject: *Hukum Rajam-->Re: [kisunda] Kanggo Kang Maman soal Allah al
> Ghafuur
>
>
>
> > From: "Waluya" <[email protected] <waluya2006%40yahoo.co.id>>
> > Punten Bah AA, tiasa disebatkeun serat / ayat naon dina Al Qur'an nu
> > nyebatkeun aya hukum Rajam? Hatur nuhun.
>
> Geuning teu aya nu ngawaler, boh Bah AA atawa nu sanes, ah dijawab deui we
> ku sorangan. Sihoreng hukum rajam teh teu aya dina Al Qur'an, dina Al
> Qur'an
> mah hukumanana ukur dgebug ku hoe 100X. Cenah hukum rajam ah ayana teh dina
>
> hadist. Tah kulantaran kitu, keur para ulama, hukuman ieu jadi
> kontroversial
> pisan, aya nu nyaluyuan, tapi aya oge nu teges-teges nolak.
>
> Ari keur kuring mah, nu lain nanaon, pasti teges-teges nolak, lamun hukuman
>
> rajam, ayeuna atawa kahareup, diberlakukeun di Indonesia. Meureun "apa kata
>
> dunia? ......" (nurutan kang Tirta nu urang pajeg ...hehehe)
>
> Baktos,
> WALUYA
>
>   ,___
>



-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke