enya sakahayang urang, prinsipna mah. salaku individu tangtu urang boga hukum sorangan. salaku warga nagara urang ge boga hukum nagara sorangan. salaku umat agama ge boga hukum agama sorangan.
lamun aya nu teu satuju, supaya saluyu mekanismena mah macem-macem. lamun dina lingkup individu tangtu mekanismena gampang. tinggal noroweco dina jero hate haha lamun dina lingkup leuwih gede, leuwih rumit. sabab kudu bisa ngajak, ngayakinkeun nu sejen. mun dina sistem demokrasi di indonesia, kabeh warganagara meunang ngarobah hukum. jalanna tinggal ngajukeun ka mk. kapastian hukum, lain hartina hukum teu bisa dirobah. tapi hukum henteu multitafsir jeung tangtuna logis. kapastian hukum oge nyebutkeun kabeh kalakuan manusa salaku individu atawa kelompok kaiket jeung aya di jero koridor nu digariskeun ku hukum. 2010/7/27 JeBe <[email protected]> > > > Janten hukum teh kudu sakahayang urang panginten mun kitu mah nya bah? > Dupi kepastian hukumna kumaha tah? Apanan hukum mah sifatna, teu di mana > teu di mana, boh nu religi boh nu sekuler, moal mungkin ditarima 100% atawa > ditolak 100% pan? Tah kumaha carana supaya saluyu teh? > Haturan > > Sent from MobilePhone® > ------------------------------ > *From: * Dudi Herlianto <[email protected]> > *Sender: * [email protected] > *Date: *Tue, 27 Jul 2010 13:39:23 +0700 > *To: *<[email protected]> > *ReplyTo: * [email protected] > *Subject: *Re: Hukum Rajam-->Re: [kisunda] Kanggo Kang Maman soal Allah al > Ghafuur > > > > hukum nu sae teh nu saluyu jeung kahayang urang (urangna sanes urang > kebonbaru atawa banten nya haha). henteu cumantel di langit, > ngawang-ngawang. > > contona kumaha kasus maling buah coklat, samangka, kasus prita, atawa randa > pahlawan. mun urang ukur nandonkeun hukum kana percaya, yen nu tinulis teh > bener. empati bakal leungit. teu kudu aya nu gogorowokan, eta teu adil! > > -- > kuring mah percaya agama teh parobahan. terus ngagilinding maju. cenah > pangeran geus teu ngistrenan deui rasul, cek kuring mah eta teh sabab > pangeran mafhum manusa kiwari geus bisa neang jalan sorangan. kajieunna > mesin citak, pesawat, internet, mikroskop, kekeran, sajarah geus nyadiakeun > sagalana keur diteangan sorangan-sorangan. tinggal kahayang ti urang. > > dasar kuring bisa percaya kitu, ngeunteung kana sajarah nabi. kumaha > tahap-tahap dilarangna nginum khamr. kumaha perobahan hukum poligami. kumaha > perobahan hukum perbudakan. cek kuring mah eta teh gambaran yen urang wenang > ngarobah hukum baheula keur kahadean hirup urang ayeuna. > > 2010/7/27 JeBe <[email protected]> > >> >> >> Ari saur sim kuring mah, ukuran pantes teu pantes hukum sanes ku sakadar >> saluyu jeung kahayang urang, tapi oge ku kaimanan. >> Ari teu percaya atawa teu iman kana hukum mah, tong boro rajam atawa >> digebug hoe nepi ka 100x, dalah dicepret ku nyere ge da tetep bakal ditolak. >> Ceuk pamanggih kuring eta mah. >> Mangga lajengkeun >> >> Sent from MobilePhone® >> ------------------------------ >> * >> * >> > _ > -- d-: dudi herlianto :-q kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
