ngirinan lebet diskusi kana tema ieu:
Hukum Rajam, jeung Qishah jeung nu sanesna, lamun dina Islam disebatna hukum 
HUdud tah ieu aya syaratna nyaeta kudu aya hakim Islamna, lamun teu aya haki 
islam  teu bisa dilaksanakeunana
Hakim Islam atawa nu disebat Qadhi lain sembarangan jalmi, kedah Mujtahid anu 
unggul dina pengistinbatan hukum dina Quran jeung riwayat. 

lamun can aya hakim islam moal bisa dilaksanakeun saperti di Indonesia...




________________________________
From: Maman <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Tue, July 27, 2010 1:05:42 AM
Subject: Re: Hukum Rajam-->Re: [kisunda] Kanggo Kang Maman soal Allah al  
Ghafuur

  
Hukum teh aya : sangsi, aya tujuan, aya proses,  aya kodifikasina [kitabna],  
aya nu ngajalankeun nana.

Contoh :
Sangsi : Rajam, Teukteuk Leungeun, Teukteuk Beuheung, Teukteuk Cokor, Gantung 
Hulu
Tujuan : Rasa Keadilan Masyarakat jeung Individu.
Proses : Ngabuktiken yen nu ngalanggar teh bener-bener kezi, jeung nista
Kodifikasina [kitabna] : KUHP.

Aya oge istilah Yurisprudensi, nyaeta l salah sahiji proses, lamun kajadian aya 
'pelanggaran hukum ANYAR' ku jelema atawa badan hukum  anu euweuh dina kitabna, 
jadi dijieun aturan anyar, naon pi sangsieunana/ hukuman nana.   Jadi we kitab 
hukum, kusabab kitu lamun aya deui pelanggaran anyar teu kudu nyieun sangsi 
anyar, da geus aya  pernah kajadianana.
Proses pikeun nyieun hukum ieu aya dua kiblat anu umum di dunia, nyaeta anu 
ngiblat ka Eropa Kontinental (siga nagara urang)
Aya oge anu ngiblat ka Anglo-Saxon (siga Malaysia jeung Philipina). Gumantung 
ka 
saha baheula nu ngajajahna.

Anu kaciri beda pisan pelaksanaan hukum di sistem AS jeung EK, nyaeta lamun di 
sistem AS mah, tuntutan jaksa teh(utamana
dina perkara kriminal), tuntutan nana disebut yen terpidana teh MELANGGAR TATA 
TERTIB (ORDER) MASYARAKAT/RAKYAT !!, geus kitu diteangan pasal-pasal hukum 
pelanggaran nana,
Beda jeung di urang (EK), diteangan heula pasal-pasal pelanggaran nana, jeung 
teu dihubung-hubungkeun jeung Order/Ketertiban Masyarakat.( nu matak koruptor 
milyaran loba anu bebas tanpa syarat, sedengkeun maling hayam digebugan nepi ka 
maotna)

Kitu ceuk pamanggih kuring mah.

Upami aya sangsi hukum : misalna hukuman modar,  paling raos dipancung, tibatan 
disetrum atanapi disuntik. 

Eta oge lamun ningali tina ukuran Waktu Hos Bagian Maot. 
Teu percanten ? Mangga cobian ku olangan.

Baktos
mz

. 


________________________________
enya sakahayang urang, prinsipna mah. salaku individu tangtu urang boga hukum 
sorangan. salaku warga nagara urang ge boga hukum nagara sorangan. salaku umat 
agama ge boga hukum agama sorangan. 


lamun aya nu teu satuju, supaya saluyu mekanismena mah macem-macem.
lamun dina lingkup individu tangtu mekanismena gampang. tinggal noroweco dina 
jero hate haha
lamun dina lingkup leuwih gede, leuwih rumit. sabab kudu bisa ngajak, 
ngayakinkeun nu sejen. mun dina sistem demokrasi di indonesia, kabeh 
warganagara 
meunang ngarobah hukum. jalanna tinggal ngajukeun ka mk.

kapastian hukum, lain hartina hukum teu bisa dirobah. tapi hukum henteu 
multitafsir jeung tangtuna logis. kapastian hukum oge nyebutkeun kabeh kalakuan 
manusa salaku individu atawa kelompok kaiket jeung aya di jero koridor nu 
digariskeun ku hukum.


2010/7/27 JeBe <jungkir_balik2002@ yahoo.com>

  
>Janten hukum teh kudu sakahayang urang panginten mun kitu mah nya bah?
>Dupi kepastian hukumna kumaha tah? Apanan hukum mah sifatna, teu di mana teu 
>di 
>mana, boh nu religi boh nu sekuler, moal mungkin ditarima 100% atawa ditolak 
>100% pan? Tah kumaha carana supaya saluyu teh?
>Haturan
>
>
>Sent from MobilePhone®
________________________________

>From:  Dudi Herlianto <dudi.herlianto@ gmail.com> 
>Sender:  kisu...@yahoogroups .com 
>Date: Tue, 27 Jul 2010 13:39:23 +0700
>To: <kisu...@yahoogroups .com>
>ReplyTo:  kisu...@yahoogroups .com 
>Subject: Re: Hukum Rajam-->Re: [kisunda] Kanggo Kang Maman soal Allah al  
>       Ghafuur
>
>  
>hukum nu sae teh nu saluyu jeung kahayang urang (urangna sanes urang kebonbaru 
>atawa banten nya haha). henteu cumantel di langit, ngawang-ngawang.
>
>
>contona kumaha kasus maling buah coklat, samangka, kasus prita, atawa randa 
>pahlawan. mun urang ukur nandonkeun hukum kana percaya, yen nu tinulis teh 
>bener. empati bakal leungit. teu kudu aya nu gogorowokan, eta teu adil!
>
>
>--
>kuring mah percaya agama teh parobahan. terus ngagilinding maju. cenah 
>pangeran 
>geus teu ngistrenan deui rasul, cek kuring mah eta teh sabab pangeran mafhum 
>manusa kiwari geus bisa neang jalan sorangan. kajieunna mesin citak, pesawat, 
>internet, mikroskop, kekeran, sajarah geus nyadiakeun sagalana keur diteangan 
>sorangan-sorangan. tinggal kahayang ti urang.
>
>
>dasar kuring bisa percaya kitu, ngeunteung kana sajarah nabi. kumaha 
>tahap-tahap 
>dilarangna nginum khamr. kumaha perobahan hukum poligami. kumaha perobahan 
>hukum 
>perbudakan. cek kuring mah eta teh gambaran yen urang wenang ngarobah hukum 
>baheula keur kahadean hirup urang ayeuna.
>
>
>2010/7/27 JeBe <jungkir_balik2002@ yahoo.com>
>
>  
>>Ari saur sim kuring mah, ukuran pantes teu pantes hukum sanes ku sakadar 
>>saluyu 
>>jeung kahayang urang, tapi oge ku kaimanan.
>>Ari teu percaya atawa teu iman kana hukum mah, tong boro rajam atawa digebug 
>>hoe 
>>nepi ka 100x, dalah dicepret ku nyere ge da tetep bakal ditolak.
>>Ceuk pamanggih kuring eta mah. 
>>Mangga lajengkeun 
>>Sent from MobilePhone®
________________________________

>>
>>
>_



 


      

Kirim email ke