Ari saur sim kuring mah, ukuran pantes teu pantes hukum sanes ku sakadar saluyu jeung kahayang urang, tapi oge ku kaimanan. Ari teu percaya atawa teu iman kana hukum mah, tong boro rajam atawa digebug hoe nepi ka 100x, dalah dicepret ku nyere ge da tetep bakal ditolak. Ceuk pamanggih kuring eta mah. Mangga lajengkeun Sent from MobilePhone®
-----Original Message----- From: "Waluya" <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Tue, 27 Jul 2010 12:23:51 To: <[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: Hukum Rajam-->Re: [kisunda] Kanggo Kang Maman soal Allah al Ghafuur > From: "Waluya" <[email protected]> > Punten Bah AA, tiasa disebatkeun serat / ayat naon dina Al Qur'an nu > nyebatkeun aya hukum Rajam? Hatur nuhun. Geuning teu aya nu ngawaler, boh Bah AA atawa nu sanes, ah dijawab deui we ku sorangan. Sihoreng hukum rajam teh teu aya dina Al Qur'an, dina Al Qur'an mah hukumanana ukur dgebug ku hoe 100X. Cenah hukum rajam ah ayana teh dina hadist. Tah kulantaran kitu, keur para ulama, hukuman ieu jadi kontroversial pisan, aya nu nyaluyuan, tapi aya oge nu teges-teges nolak. Ari keur kuring mah, nu lain nanaon, pasti teges-teges nolak, lamun hukuman rajam, ayeuna atawa kahareup, diberlakukeun di Indonesia. Meureun "apa kata dunia? ......" (nurutan kang Tirta nu urang pajeg ...hehehe) Baktos, WALUYA
