Eta patarosan teh sapertos "cangreud" / jebakan, sabab lamun muslim mah pan kedah taat ka Allah taat ka Rasulna janten nyekel kana pedoman (al Qur'an) oge nyonto kana praktek/perilaku rasul nu diterangkeun dina Hadits, teu tiasa salah sahiji. Anapon debat hadits kapan kantun aya elmuna nguji validitas hadits. Anapon aya hadits janten kontoversial asana mah jalma2 we nu ngahesekeun maneh, lumpat kana suka teu suka, cocog teu cocog, kumaha deui ari "valid" mah kedah ditampi najan teu cocog jeung salera. Ieu panginten tantangan muslim teh dina ngalaksanakeun islam kedah kaffah, sautuhna/menyeluruh.
baktos, tirta ~ experientia docet sapientiam ~ ________________________________ From: Waluya <[email protected]> To: [email protected] Sent: Tuesday, July 27, 2010 13:23:51 Subject: Hukum Rajam-->Re: [kisunda] Kanggo Kang Maman soal Allah al Ghafuur > From: "Waluya" <[email protected]> > Punten Bah AA, tiasa disebatkeun serat / ayat naon dina Al Qur'an nu > nyebatkeun aya hukum Rajam? Hatur nuhun. Geuning teu aya nu ngawaler, boh Bah AA atawa nu sanes, ah dijawab deui we ku sorangan. Sihoreng hukum rajam teh teu aya dina Al Qur'an, dina Al Qur'an mah hukumanana ukur dgebug ku hoe 100X. Cenah hukum rajam ah ayana teh dina hadist. Tah kulantaran kitu, keur para ulama, hukuman ieu jadi kontroversial pisan, aya nu nyaluyuan, tapi aya oge nu teges-teges nolak. Ari keur kuring mah, nu lain nanaon, pasti teges-teges nolak, lamun hukuman rajam, ayeuna atawa kahareup, diberlakukeun di Indonesia. Meureun "apa kata dunia? ......" (nurutan kang Tirta nu urang pajeg ...hehehe) Baktos, WALUYA
