heuheu hukuman mati oge gumantung ku ayana teknologinya. aya listrik, hukuman mati jadi aya alternatif carana. ditembak atawa dikadek/dipeuncit, oge disetrum. heuheu.
ka ndud, hade tah tulisan teh. cek kang maman gantra mah tegep. heuheu On 7/27/10, Waluya <[email protected]> wrote: > Hukum teh keur nartibkeun jelema di Dunya. Tah kulantaran kahirupan jelema > mah dinamis beda jeung sato, hukum oge kudu dinamis ngiluan jeung tumuwuhna > jaman. Hukum nu jaman baheula efektip nartibkeun jelema, acan puguh bisa > nartibkeun jelema jaman ayeuna. Baheula aya perbudakan ( teu baheula-baheula > teuing ketang, sabab di Arab Saudi mah kakara dirupus taun 1962), pan ayeuna > mah euweuh hiji oge nagara nu ngameunangkeun perbudakan. Ayeuna, nu > wani-wani ngayakeun deui perbudakan, meureun teu ditewak pulisi mah. Lamun > aya hiji nagara nyatujuan perbudakan, sing percaya eta nagara bakal pada > nyarekan tiditu-tidieu. > > Kitu deui hukum rajam, sanajan aya sababraha nagara nu mraktekeun ieu, tapi > ku tekenan internasional, hukum rajam sok dibatalkeun, meureun ngarasa "era" > da dianggap ku dunya internasional "tidak beradab". Tapi ketang aya nagara > nu keukeuh peuteukeuh, Somalia, "nagara gagal" di Afrika, pamaretahna teu > bisa ngatur rakyatna, tepika Somalia katelah nagara bajag laut, ngarampokan > kapal-kapal dagang nu ngaliwat di perairan internasional deukeut nagarana. > > Ah nagara kuring mah embung ari kudu siga Somalia mah, hayang siga > nagara-nagara Skandinavia (Denmark, Norwegia, Finlandia) : Makmur, aman > (pangamanna sa dunya) jeung bersih tina korupsi (pangbersihna tina korupsi) > ... > > Baktos, > WALUYA > > ----- Original Message ----- > From: Dudi Herlianto > To: [email protected] > Sent: Tuesday, July 27, 2010 1:39 PM > Subject: Re: Hukum Rajam-->Re: [kisunda] Kanggo Kang Maman soal Allah al > Ghafuur > > hukum nu sae teh nu saluyu jeung kahayang urang (urangna sanes urang > kebonbaru atawa banten nya haha). henteu cumantel di langit, > ngawang-ngawang. > > contona kumaha kasus maling buah coklat, samangka, kasus prita, atawa randa > pahlawan. mun urang ukur nandonkeun hukum kana percaya, yen nu tinulis teh > bener. empati bakal leungit. teu kudu aya nu gogorowokan, eta teu adil! > > > -- > kuring mah percaya agama teh parobahan. terus ngagilinding maju. cenah > pangeran geus teu ngistrenan deui rasul, cek kuring mah eta teh sabab > pangeran mafhum manusa kiwari geus bisa neang jalan sorangan. kajieunna > mesin citak, pesawat, internet, mikroskop, kekeran, sajarah geus nyadiakeun > sagalana keur diteangan sorangan-sorangan. tinggal kahayang ti urang. > > > dasar kuring bisa percaya kitu, ngeunteung kana sajarah nabi. kumaha > tahap-tahap dilarangna nginum khamr. kumaha perobahan hukum poligami. kumaha > perobahan hukum perbudakan. cek kuring mah eta teh gambaran yen urang wenang > ngarobah hukum baheula keur kahadean hirup urang ayeuna. > > > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: [email protected] [email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
