Ke ke bah Willy ieu teh asa kedah diuji yeuh info teh:
1. Masjid Agung Tasik teh taneuh wakaf ti Ambu .... (hilap namina) eta istri, 
menak ti manonjaya;
2. Pasantren Pasir Angin........ aya patarosan nu kedah ditalungtik. Kahiji 
pasir angin teh lebet ka klasifikasi daerah babakan, padumukan anyar 
seuseueurna 
menak2 ti sukapura/manonjaya sareng menak turunan banten. Kadua, numutkeun pun 
eyang menak turunan banten seuseueurna lumpat kana agama ngaradegkeun 
pasantren, 
sedengkeun nu gurat sukapura/manonjaya/mataram lumpatna kana pamarentahan (den 
Memed nu janten bupati terakhir nu teuteureuhan menak).
Janten aya patarosan korelasi YPS - taneuh masjid agung/pasantren pasir angin:
1. Bupati tasik teureuh sumedang mung sakali (Suryalaga), eta ge teu lami;
2. Pasantren2 di Tasik pami ditelusur kamungkinan ageung langkung kiat teureuh 
banten batan sukapura/manonjaya komo sumedang mah.

Perkara tasik lebet ka distrik sumedang tiasa bae tapi eta aya di periode 
ngadegna sumedang saprak Pajajaran runtuh, sumedang neruskeun ngawasa priangan, 
titinggalan pajajaran. Saprak mataram ngawasa pasca baruntak Dipati Ukur 
tangtos 
lebet ka kakawasaan sukapura.

Tasik baheula jadi wates, tempat perang mataram (sukapura/priangan) vs banten. 
Banten mundur ti tasik ku perjanjian koalisi Sultan Haji - Walanda. Unikna di 
Tasik muncul generasi menak2 campuran raden mataram, raden priangan, jeung 
raden/tubagus banten! 


Wallohu alam bah Willy abdi ge seueur ti "saur".

baktos,
tirta
 ~ experientia docet sapientiam ~ 




________________________________
From: Waluya <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Tuesday, July 27, 2010 5:46:56
Subject: [kisunda] Re: Sajarah Kota di Jawa Barat - Sukapura (Tasikmalaya)

  
Neruskeun padungdengan perkara YPS (Yayasan Pangeran Sumedang) jeung 
Tasikmalaya, kabeneran poe minggu kamari papanggih jeung salaki adi kuring nu 
geus almarhum. Cenah ceuk ki adi teh, taneuh di tasik nu YPS teh kaasup 
Pasantren Pasir Angin jeung ....Masjid Agung. Duka leres henteuna mah. Tapi 
umpama kitu, sigana memang kapungkurna Tasikmalaya/ Tawang teh kantos 
administrasina lebet ka Distrik Sumedang.

Baktos,
WALUYA 

--- In [email protected], Aschev Schuraschev <ascheve...@...> wrote:
>
> Sebelum ibu kota Kabupaten Sukapura berkedudukan di Tasikmalaya, kota ini 
>merupakan sebuah afdeling yang diperintah oleh seorang Patih Lurah 
>(zelfstandige 
>Patih). Waktu itu namanya Tawang atau Galunggung. Sering juga penyebutannya 
>disatukan menjadi Tawang-Galunggung. Tawang sama dengan sawah artinya tempat 
>yang luas terbuka, dalam bahasa Sunda berarti papalongan.
> 
> Ditiron tina buku Sejarah Kota-kota Lama di Jawa Barat iasana Dr. Hj. Nina H. 
>Lubis, M.S., dkk.
>




Kirim email ke