Hehehehe, mani arapaleun kitu tah kang dud sareng kang tirta
ka na sajarah Pasundan ? Jempol lah.
Sok teras guar, sim kuring mah mulungan weee.

--- In [email protected], Dudi Herlianto <dudi.herlia...@...> wrote:
>
> jaman rangga gempol I, sumedang larang ngaku/ngeluk kana kakawasaan mataram.
> ku sultan agung rangga gempol dipasrahan wilayah ti cipamali nepi ka
> cisadane. jadi bupati wadana. kakawasaan ieu diteruskeun ku adina rangga
> gede. upami percaya kana dongeng ieu tangtos tasikmalaya kantos jadi daerah
> kakawasaan sumedang mangsa pamarentahan eta dua bupati.
> 
> perangna priangan sareng banten ge aya bagean nu berhubungan jeung sumedang.
> basa rangga gempol i dihukum kurungan kota, kudu cicing di yogya, bupati
> sumedang dipasrahkeun ka adina rangga gede. anak rangga gempol i, raden
> weruh teu bisa narima. nya ngumaha ka banten. sumedang kungsi dua kali
> diserang pasukan banten.
> 
> 2010/7/27 Tirta widjaja <tirt...@...>
> 
> >
> >
> > Ke ke bah Willy ieu teh asa kedah diuji yeuh info teh:
> > 1. Masjid Agung Tasik teh *taneuh wakaf ti Ambu .... (hilap namina) eta
> > istri, menak ti manonjaya;*
> > 2. Pasantren Pasir Angin........ aya patarosan nu kedah ditalungtik. Kahiji
> > pasir angin teh lebet ka klasifikasi daerah babakan, padumukan anyar
> > seuseueurna menak2 ti sukapura/manonjaya sareng menak turunan banten. Kadua,
> > numutkeun pun eyang menak turunan banten seuseueurna lumpat kana agama
> > ngaradegkeun pasantren, sedengkeun nu gurat sukapura/manonjaya/mataram
> > lumpatna kana pamarentahan (den Memed nu janten bupati terakhir nu
> > teuteureuhan menak).
> > Janten aya patarosan korelasi YPS - taneuh masjid agung/pasantren pasir
> > angin:
> > 1. Bupati tasik teureuh sumedang mung sakali (Suryalaga), eta ge teu lami;
> > 2. Pasantren2 di Tasik pami ditelusur kamungkinan ageung langkung kiat
> > teureuh banten batan sukapura/manonjaya komo sumedang mah.
> >
> > Perkara tasik lebet ka distrik sumedang tiasa bae tapi eta aya di periode
> > ngadegna sumedang saprak Pajajaran runtuh, sumedang neruskeun ngawasa
> > priangan, titinggalan pajajaran. Saprak mataram ngawasa pasca baruntak
> > Dipati Ukur tangtos lebet ka kakawasaan sukapura.
> >
> > Tasik baheula jadi wates, tempat perang mataram (sukapura/priangan) vs
> > banten. Banten mundur ti tasik ku perjanjian koalisi Sultan Haji - Walanda.
> > Unikna di Tasik muncul generasi menak2 campuran raden mataram, raden
> > priangan, jeung raden/tubagus banten!
> >
> > Wallohu alam bah Willy abdi ge seueur ti "saur".
> >
> > baktos,
> > tirta
> >
> > *~ experientia docet sapientiam ~*
> > ___
> >
> 
> 
> 
> -- 
> d-: dudi herlianto :-q
> kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke