jaman rangga gempol I, sumedang larang ngaku/ngeluk kana kakawasaan mataram. ku sultan agung rangga gempol dipasrahan wilayah ti cipamali nepi ka cisadane. jadi bupati wadana. kakawasaan ieu diteruskeun ku adina rangga gede. upami percaya kana dongeng ieu tangtos tasikmalaya kantos jadi daerah kakawasaan sumedang mangsa pamarentahan eta dua bupati.
perangna priangan sareng banten ge aya bagean nu berhubungan jeung sumedang. basa rangga gempol i dihukum kurungan kota, kudu cicing di yogya, bupati sumedang dipasrahkeun ka adina rangga gede. anak rangga gempol i, raden weruh teu bisa narima. nya ngumaha ka banten. sumedang kungsi dua kali diserang pasukan banten. 2010/7/27 Tirta widjaja <[email protected]> > > > Ke ke bah Willy ieu teh asa kedah diuji yeuh info teh: > 1. Masjid Agung Tasik teh *taneuh wakaf ti Ambu .... (hilap namina) eta > istri, menak ti manonjaya;* > 2. Pasantren Pasir Angin........ aya patarosan nu kedah ditalungtik. Kahiji > pasir angin teh lebet ka klasifikasi daerah babakan, padumukan anyar > seuseueurna menak2 ti sukapura/manonjaya sareng menak turunan banten. Kadua, > numutkeun pun eyang menak turunan banten seuseueurna lumpat kana agama > ngaradegkeun pasantren, sedengkeun nu gurat sukapura/manonjaya/mataram > lumpatna kana pamarentahan (den Memed nu janten bupati terakhir nu > teuteureuhan menak). > Janten aya patarosan korelasi YPS - taneuh masjid agung/pasantren pasir > angin: > 1. Bupati tasik teureuh sumedang mung sakali (Suryalaga), eta ge teu lami; > 2. Pasantren2 di Tasik pami ditelusur kamungkinan ageung langkung kiat > teureuh banten batan sukapura/manonjaya komo sumedang mah. > > Perkara tasik lebet ka distrik sumedang tiasa bae tapi eta aya di periode > ngadegna sumedang saprak Pajajaran runtuh, sumedang neruskeun ngawasa > priangan, titinggalan pajajaran. Saprak mataram ngawasa pasca baruntak > Dipati Ukur tangtos lebet ka kakawasaan sukapura. > > Tasik baheula jadi wates, tempat perang mataram (sukapura/priangan) vs > banten. Banten mundur ti tasik ku perjanjian koalisi Sultan Haji - Walanda. > Unikna di Tasik muncul generasi menak2 campuran raden mataram, raden > priangan, jeung raden/tubagus banten! > > Wallohu alam bah Willy abdi ge seueur ti "saur". > > baktos, > tirta > > *~ experientia docet sapientiam ~* > ___ > -- d-: dudi herlianto :-q kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
