Kang Asep hatur nuhun infona, nanging rupina aya nu peryogi dikritisi masing nu ngalungkeun ieu info teh sejarawan. 1. Tawang teh nu katelah aya dua: (1) Tawang nu di galunggung katelah Tawang Banteng: (2) Tawang nu jadi puseur dayeuh katelah Tasikmalaya nyaeta Tawang Sari. Janten Tawang galunggung mah sanes nu jadi puseur tasik ayeuna . 2. Tawang = sawah waaah ieu kedah diuji deui. Numutkeun pun eyang alm. eta puseur dayeuh teh kapungkurna perbukitan nu dipapak dijadikeun padumukan. Atuh seueur pisan batu-batu sagede munding di sababaraha lokasi Nu kaemut sim kuring kapungkur mah seueur batu munding kitu di sekitar pendopo khususna STM gigireun Puskesmas/Gedong Galih Prawesti (ayeuna janten SMK).
Tapi nyaeta mah carita ti pun eyang sanes sejarawan mung saksi mata panginten. Tapi tiasa oge dikembangkeun hiji hipotesis: asalna sawah teras karugrugan batu, pasir Galunggung nu bitu (tangtos sanes 1982 :) ) teras dipapak deui (Jadi mirip rel estat ayeuna sawah disaeuran ku keusik). Teras we dilandi keusik nu ngalayah (tasik malaya). Ke pami salse sugan kasampeur naros ka pun Bapa da kapungkur sok dipapangku pami pun eyang alm. ngalobrol sareng rerencanganana nu ti sukawarni/babakan domba oge ti manonjaya. Sugan aya obrolan pun eyang sareng bupati Wiratanuningrat nu ngalihkeun ti manonjaya ka tasik ayeuna. salam tirta ~ experientia docet sapientiam ~ ________________________________ From: Aschev Schuraschev <[email protected]> To: [email protected] Sent: Tuesday, July 27, 2010 4:53:28 Subject: [kisunda] Sajarah Kota di Jawa Barat - Sukapura (Tasikmalaya) Sebelum ibu kota Kabupaten Sukapura berkedudukan di Tasikmalaya, kota ini merupakan sebuah afdeling yang diperintah oleh seorang Patih Lurah (zelfstandige Patih). Waktu itu namanya Tawang atau Galunggung. Sering juga penyebutannya disatukan menjadi Tawang-Galunggung. Tawang sama dengan sawah artinya tempat yang luas terbuka, dalam bahasa Sunda berarti papalongan. Ditiron tina buku Sejarah Kota-kota Lama di Jawa Barat iasana Dr. Hj. Nina H. Lubis, M.S., dkk.
