Hayu bae urang ayakeun. Lamun teu seueuran, tempat di Jakarta, di rorompok ge teu nanaon, sim kuring janten ahlul baet eeeeh sohibul baet. Tapi ke koordinasi sareng kang Akos, biasana buka puasa kang Akos sok ngondang aktifis milis kisunda, urang sunda. Lamun nu sarumpingna seueur ke urang akalan deui kumaha mungkin nyewa tempat nu legaan.
sok atuh mangga dipadungdengkeun. ~ experientia docet sapientiam ~ ________________________________ From: mh <[email protected]> To: [email protected] Sent: Friday, July 30, 2010 11:05:17 Subject: Halal Bi Halal ==> Re: [kisunda] Pesen2 di na poe Jumaah Tah Kang Oman, Kang Jalak oge baraya sanesna kumaha? Aya rencana Halal bi Halal Mangga dipadungdengkeun 2010/7/30 Gunawan Yusuf <gunawanyusuf68@ gmail.com> >Baraya, aya rencana Halal Bi Halal moal ? > > >2010/7/30 Abbas Amin <abas_amin08@ yahoo.com> > > > >>Bismillah, >>Assalamu'alaikum warahmaatullahi wabarakaatuh, >> >>Alhamdulillah, >>Para wargi sadaya Muslimin Wal Muslimat, khususna US nu mangkuk di sababaraha >>Milis, ayeuna dinten Jumaah, dinten nu istimewa, ku margi aya hiji shalat nya >>eta >>dhuhur teu dilakukeun, ku margi tos digentos ku Jumaahan. Tah di na shalat >>Jumaahan >>ieu sok aya khutbahna; cenah saur ambu abdi sok khotbah; padahal mah tara; >>tah >>ayeuna mah ngahajakeun we khokhotbahan, manawi aya oge mangfaatna. >> >>Ti bareto keneh, urang Sunda mah kacida toleransina ka nu nyaremah teh, utamana >>nu bari mamawa "agama"; model Hindu, Budha; eeeh teu weleh dihiap hiap. someah >>hade kasemah tea. Tapi eta US ti bareto tara pisan robah agamana teh, masing >>kasumpingan ku Raja2 Hindu tawa Budha tetep we Agama Sunda; Sunan Ambu. >> >>Tapi saparantol jol agama anyar, nya eta Islam nu dicandak ku para padagang ti >>tatar Hindu, nya eta Agama teh ditampi pisan, dugi ka tiasa ngagentos anutan ka >>Sunan Ambu; padahal Urang Sunda mah rada hese dirobahna ti na kayakinananana >>teh; tapi duka kumaha Islam mah ditampi sapertos Agama nu tos lami aya di >>tanah >>Pasundan pisan. >> >>Atuh da meureun loba kasaruanana jeung cukup logis deuih, utamana di na >>nerangkeun >>ka saha kudu MIGUSTI; Islam mah gamblang pisan. Atuh do'ana ngaharib harib ka >na >>Basa Subda saperti : Robbanaa laa tuzigh kulubana, badaiz hadaitanaa jst. >>Cek urang Sunda : Tah ieu sanguna, tah itu deungeunna, lalabna jeung >sapuratina. >>Tuh pan ngaharib harib tah. >> >>Pangpanga nu ditawarkeun ku Islam teh nya eta KONSEP; sanes tokoh; kapan >>konsep >>mah keur saha wae, bebas. Nu matak di Tatar Sunda Agama Islam ditarima kalawan >>daria, malah ngelehkeun agama atawa ageman asal. >> >>Nya tapi masih loba keneh urang Sunda nu teu daek asup Islam; teu ari nepi ka >> >>KTP >>mah, da di na KTP mah tetep ngakuna Islam; padahal mah henteu. >>Mlah aya nu masih wani keneh ngaheureuykeun tanda2 Islam; misalna ka na do'ana; >>bedugna, atawa Kyayina. >> >>Saperti nyebut allahu bapa, misalna di Mangunreja masih aya nu wani >>ngageuhgeuykeun kitu. Mun ditanya; bapa kuring nyarita teu meunang nyebut >>ngaran >>ka Bapa mah cenah. >>(Kabeneran ngaran bapana Ki Akbar ). >> >>Aya deui nu pupujian make lagu sakola agama : >>Kini kini kuang kuang, ngala getok peupeundeuyan, >>nini palay tuang, dibekok peupeureudeuyan. >> >>Tapi akhirna nu di Mangunreja utamana kotana, geus lalesot tina sunda wiwitan, >>tapi ari langgeorna lain ka Islam tapi MARXIS. >>Nu matak di Mangunreja kota mah loba PKI na; nu sok ngamusuh ka urang Kauman. >>Model kuring. Lolobana Mangunreja Kota mun teu PNI, nya PKI anutna teh; tapi >ari >>NU jeung Masyummi mah lakuna di Kampung2; jadi saenyana mah Islam teh memang >>geus lengket pisan jeung Urang Sunda teh, ari di kotana mah kurang pangaruhna. >> >>Ngan aya nganna. Ari di lembur mah, masih keneh loba nu taklid buta tea; ari >>di >>kota >>mah rada make OTAK saeutik, teu taklid buta teuing. >>Tah mun ayeuna nyosialisasikeun agama sunda ka lembur; wah dianggap aneh; bakal >>dianggap agama datang timana cenah ? Da maranehna mah nganggap yen Islam teh >>geus ti baheula mula aya di Pasundan na teh ? Moal aya atawa kurang nu mikir >yen >>baheula mah Sunda teh Pajajaran. Malah teu inget2 acan. >>Jadi Urang Sunda jeung Agama Islam teh geus pagaliwota ngahiji. Geus hese >>dipisahkeun >>deui. >> >>Jadi memag akhirna mah Islam teh geus ditarima ku MAYORITAS Urang Sunda sabage >>agama KARUHUN/ Luluhur. Salian ti eta bakal dianggap agama anyar/semah. >> >>Eta fakta2 nu kaciri ku Kaula. Tah duka panginten upami ayeuna titingalan >>sanesna mah. >>Mangga nyanggakeun ka Kang Maman sareng nu sanesna. >> >> >>Abbas Amien >>Sent From My Blik papan >> >> >
