Mangga... Sok ayakeun... Urang ngarumpul^^! Direncanakeun we tiayeuna2... Sawios nembe rencana oge, da rencana teh satengahna tina kaberhasilan... --- Pada Sab, 31/7/10, [email protected] <[email protected]> menulis:
Dari: [email protected] <[email protected]> Judul: Buka Puasa Bareng Re: Halal Bi Halal ==> Re: [kisunda] Pesen2 di na poe Jumaah Kepada: [email protected] Tanggal: Sabtu, 31 Juli, 2010, 1:24 AM Saena mah ke ditest heula ngayakeun acara bareng buka puasa, lamun lulus tiasa lah ngayakeun HBH.Powered by Telkomsel BlackBerry®From: oman abdurahman <omana...@gmail. com> Sender: kisu...@yahoogroups .com Date: Sat, 31 Jul 2010 08:01:24 +0700To: <kisu...@yahoogroups .com>ReplyTo: kisu...@yahoogroups .com Subject: Re: Halal Bi Halal ==> Re: [kisunda] Pesen2 di na poe Jumaah Hanjakal, di Jakarta geus teu ngari kekebonan. Aya oge Kebon Sirih anu geus pinuh ku tangkal gedong ngajaraul laluhur :). Tapi si kuring percaya, KT kawilang tapis dina soal nyadiakeun dangdaunan katuangan mah. manar 2010/7/31 Gunawan Yusuf <gunawanyusuf68@ gmail.com> hatur nuhun kana kasadiaanana Kan Tirta janten tuan rumah, perkawis udud eh uud sok wae dietang per jalmi sabaraha, paling oge keur tuang da urang sunda mah tuang-na moal hese lepas di kebon ge geus hirup, atanapi paraban wae dangdaunan + sambel tos beres, acara-na sederhana wae jiga kopdar (kop dahar) 2010/7/30 Tirta widjaja <tirt...@yahoo. com> Hayu bae urang ayakeun. Lamun teu seueuran, tempat di Jakarta, di rorompok ge teu nanaon, sim kuring janten ahlul baet eeeeh sohibul baet. Tapi ke koordinasi sareng kang Akos, biasana buka puasa kang Akos sok ngondang aktifis milis kisunda, urang sunda. Lamun nu sarumpingna seueur ke urang akalan deui kumaha mungkin nyewa tempat nu legaan. sok atuh mangga dipadungdengkeun. ~ experientia docet sapientiam ~ From: mh <khs...@gmail. com> To: kisu...@yahoogroups .com Sent: Friday, July 30, 2010 11:05:17 Subject: Halal Bi Halal ==> Re: [kisunda] Pesen2 di na poe Jumaah Tah Kang Oman, Kang Jalak oge baraya sanesna kumaha? Aya rencana Halal bi Halal Mangga dipadungdengkeun 2010/7/30 Gunawan Yusuf <gunawanyusuf68@ gmail.com> Baraya, aya rencana Halal Bi Halal moal ? 2010/7/30 Abbas Amin <abas_amin08@ yahoo.com> Bismillah, Assalamu'alaikum warahmaatullahi wabarakaatuh, Alhamdulillah, Para wargi sadaya Muslimin Wal Muslimat, khususna US nu mangkuk di sababaraha Milis, ayeuna dinten Jumaah, dinten nu istimewa, ku margi aya hiji shalat nya eta dhuhur teu dilakukeun, ku margi tos digentos ku Jumaahan. Tah di na shalat Jumaahan ieu sok aya khutbahna; cenah saur ambu abdi sok khotbah; padahal mah tara; tah ayeuna mah ngahajakeun we khokhotbahan, manawi aya oge mangfaatna. Ti bareto keneh, urang Sunda mah kacida toleransina ka nu nyaremah teh, utamana nu bari mamawa "agama"; model Hindu, Budha; eeeh teu weleh dihiap hiap. someah hade kasemah tea. Tapi eta US ti bareto tara pisan robah agamana teh, masing kasumpingan ku Raja2 Hindu tawa Budha tetep we Agama Sunda; Sunan Ambu. Tapi saparantol jol agama anyar, nya eta Islam nu dicandak ku para padagang ti tatar Hindu, nya eta Agama teh ditampi pisan, dugi ka tiasa ngagentos anutan ka Sunan Ambu; padahal Urang Sunda mah rada hese dirobahna ti na kayakinananana teh; tapi duka kumaha Islam mah ditampi sapertos Agama nu tos lami aya di tanah Pasundan pisan. Atuh da meureun loba kasaruanana jeung cukup logis deuih, utamana di na nerangkeun ka saha kudu MIGUSTI; Islam mah gamblang pisan. Atuh do'ana ngaharib harib ka na Basa Subda saperti : Robbanaa laa tuzigh kulubana, badaiz hadaitanaa jst. Cek urang Sunda : Tah ieu sanguna, tah itu deungeunna, lalabna jeung sapuratina. Tuh pan ngaharib harib tah. Pangpanga nu ditawarkeun ku Islam teh nya eta KONSEP; sanes tokoh; kapan konsep mah keur saha wae, bebas. Nu matak di Tatar Sunda Agama Islam ditarima kalawan daria, malah ngelehkeun agama atawa ageman asal. Nya tapi masih loba keneh urang Sunda nu teu daek asup Islam; teu ari nepi ka KTP mah, da di na KTP mah tetep ngakuna Islam; padahal mah henteu. Mlah aya nu masih wani keneh ngaheureuykeun tanda2 Islam; misalna ka na do'ana; bedugna, atawa Kyayina. Saperti nyebut allahu bapa, misalna di Mangunreja masih aya nu wani ngageuhgeuykeun kitu. Mun ditanya; bapa kuring nyarita teu meunang nyebut ngaran ka Bapa mah cenah. (Kabeneran ngaran bapana Ki Akbar ). Aya deui nu pupujian make lagu sakola agama : Kini kini kuang kuang, ngala getok peupeundeuyan, nini palay tuang, dibekok peupeureudeuyan. Tapi akhirna nu di Mangunreja utamana kotana, geus lalesot tina sunda wiwitan, tapi ari langgeorna lain ka Islam tapi MARXIS. Nu matak di Mangunreja kota mah loba PKI na; nu sok ngamusuh ka urang Kauman. Model kuring. Lolobana Mangunreja Kota mun teu PNI, nya PKI anutna teh; tapi ari NU jeung Masyummi mah lakuna di Kampung2; jadi saenyana mah Islam teh memang geus lengket pisan jeung Urang Sunda teh, ari di kotana mah kurang pangaruhna. Ngan aya nganna. Ari di lembur mah, masih keneh loba nu taklid buta tea; ari di kota mah rada make OTAK saeutik, teu taklid buta teuing. Tah mun ayeuna nyosialisasikeun agama sunda ka lembur; wah dianggap aneh; bakal dianggap agama datang timana cenah ? Da maranehna mah nganggap yen Islam teh geus ti baheula mula aya di Pasundan na teh ? Moal aya atawa kurang nu mikir yen baheula mah Sunda teh Pajajaran. Malah teu inget2 acan. Jadi Urang Sunda jeung Agama Islam teh geus pagaliwota ngahiji. Geus hese dipisahkeun deui. Jadi memag akhirna mah Islam teh geus ditarima ku MAYORITAS Urang Sunda sabage agama KARUHUN/ Luluhur. Salian ti eta bakal dianggap agama anyar/semah. Eta fakta2 nu kaciri ku Kaula. Tah duka panginten upami ayeuna titingalan sanesna mah. Mangga nyanggakeun ka Kang Maman sareng nu sanesna. Abbas Amien Sent From My Blik papan
