Saena mah ke ditest heula ngayakeun acara bareng buka puasa, lamun lulus tiasa 
lah ngayakeun HBH.
Powered by Telkomsel BlackBerry®

-----Original Message-----
From: oman abdurahman <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Sat, 31 Jul 2010 08:01:24 
To: <[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: Re: Halal Bi Halal ==> Re: [kisunda] Pesen2 di na poe Jumaah

Hanjakal, di Jakarta geus teu ngari kekebonan. Aya oge Kebon Sirih anu geus
pinuh ku tangkal gedong ngajaraul laluhur :). Tapi si kuring percaya, KT
kawilang tapis dina soal nyadiakeun dangdaunan katuangan mah.

manar

2010/7/31 Gunawan Yusuf <[email protected]>

>
>
> hatur nuhun kana kasadiaanana Kan Tirta janten tuan rumah, perkawis udud eh
> uud  sok wae dietang per jalmi sabaraha, paling oge keur tuang da urang
> sunda mah tuang-na moal hese lepas di kebon ge geus hirup, atanapi paraban
> wae dangdaunan + sambel tos beres, acara-na sederhana wae jiga kopdar (kop
> dahar)
>
> 2010/7/30 Tirta widjaja <[email protected]>
>
>>
>>
>> Hayu bae urang ayakeun. Lamun teu seueuran, tempat di Jakarta,  di
>> rorompok ge teu nanaon, sim kuring janten ahlul baet eeeeh sohibul baet.
>> Tapi ke koordinasi sareng kang Akos, biasana buka puasa  kang Akos sok
>> ngondang aktifis milis kisunda, urang sunda.  Lamun nu sarumpingna seueur ke
>> urang akalan deui kumaha mungkin nyewa tempat nu legaan.
>>
>>
>> sok atuh mangga dipadungdengkeun.
>>
>> *~ experientia docet sapientiam ~*
>>
>>
>> ------------------------------
>> *From:* mh <[email protected]>
>> *To:* [email protected]
>> *Sent:* Friday, July 30, 2010 11:05:17
>> *Subject:* Halal Bi Halal ==> Re: [kisunda] Pesen2 di na poe Jumaah
>>
>>
>>
>> Tah Kang Oman, Kang Jalak oge baraya sanesna kumaha?
>> Aya rencana Halal bi Halal
>>
>> Mangga dipadungdengkeun
>>
>> 2010/7/30 Gunawan Yusuf <gunawanyusuf68@ gmail.com<[email protected]>
>> >
>>
>>>
>>>
>>> Baraya, aya rencana  Halal Bi Halal moal ?
>>>
>>> 2010/7/30 Abbas Amin <abas_amin08@ yahoo.com <[email protected]>>
>>>
>>>
>>>>
>>>> Bismillah,
>>>> Assalamu'alaikum warahmaatullahi wabarakaatuh,
>>>>
>>>> Alhamdulillah,
>>>> Para wargi sadaya Muslimin Wal Muslimat, khususna US nu mangkuk di
>>>> sababaraha
>>>> Milis, ayeuna dinten Jumaah, dinten nu istimewa, ku margi aya hiji
>>>> shalat nya eta
>>>> dhuhur teu dilakukeun, ku margi tos digentos ku Jumaahan. Tah di na
>>>> shalat Jumaahan
>>>> ieu sok aya khutbahna; cenah saur ambu abdi sok khotbah; padahal mah
>>>> tara; tah
>>>> ayeuna mah ngahajakeun we khokhotbahan, manawi aya oge mangfaatna.
>>>>
>>>> Ti bareto keneh, urang Sunda mah kacida toleransina ka nu nyaremah teh,
>>>> utamana
>>>> nu bari mamawa "agama"; model Hindu, Budha; eeeh teu weleh dihiap hiap.
>>>> someah
>>>> hade kasemah tea. Tapi eta US ti bareto tara pisan robah agamana teh,
>>>> masing
>>>> kasumpingan ku Raja2 Hindu tawa Budha tetep we Agama Sunda; Sunan Ambu.
>>>>
>>>> Tapi saparantol jol agama anyar, nya eta Islam nu dicandak ku para
>>>> padagang ti
>>>> tatar Hindu, nya eta Agama teh ditampi pisan, dugi ka tiasa ngagentos
>>>> anutan ka
>>>> Sunan Ambu; padahal Urang Sunda mah rada hese dirobahna ti na
>>>> kayakinananana
>>>> teh; tapi duka kumaha Islam mah ditampi sapertos Agama nu tos lami aya
>>>> di tanah Pasundan pisan.
>>>>
>>>> Atuh da meureun loba kasaruanana jeung cukup logis deuih, utamana di na
>>>> nerangkeun
>>>> ka saha kudu MIGUSTI; Islam mah gamblang pisan. Atuh do'ana ngaharib
>>>> harib ka na
>>>> Basa Subda saperti : Robbanaa laa tuzigh kulubana, badaiz hadaitanaa
>>>> jst.
>>>> Cek urang Sunda : Tah ieu sanguna, tah itu deungeunna, lalabna jeung
>>>> sapuratina.
>>>> Tuh pan ngaharib harib tah.
>>>>
>>>> Pangpanga nu ditawarkeun ku Islam teh nya eta KONSEP; sanes tokoh; kapan
>>>> konsep mah keur saha wae, bebas. Nu matak di Tatar Sunda Agama Islam
>>>> ditarima kalawan
>>>> daria, malah ngelehkeun agama atawa ageman asal.
>>>>
>>>> Nya tapi masih loba keneh urang Sunda nu teu daek asup Islam; teu ari
>>>> nepi ka KTP
>>>> mah, da di na KTP mah tetep ngakuna Islam; padahal mah henteu.
>>>> Mlah aya nu masih wani keneh ngaheureuykeun tanda2 Islam; misalna ka na
>>>> do'ana;
>>>> bedugna, atawa Kyayina.
>>>>
>>>> Saperti nyebut allahu bapa, misalna di Mangunreja masih aya nu wani
>>>> ngageuhgeuykeun kitu. Mun ditanya; bapa kuring nyarita teu meunang nyebut
>>>> ngaran ka Bapa mah cenah.
>>>> (Kabeneran ngaran bapana Ki Akbar ).
>>>>
>>>> Aya deui nu pupujian make lagu sakola agama :
>>>> Kini kini kuang kuang, ngala getok peupeundeuyan,
>>>> nini palay tuang, dibekok peupeureudeuyan.
>>>>
>>>> Tapi akhirna nu di Mangunreja utamana kotana, geus lalesot tina sunda
>>>> wiwitan,
>>>> tapi ari langgeorna lain ka Islam tapi MARXIS.
>>>> Nu matak di Mangunreja kota mah loba PKI na; nu sok ngamusuh ka urang
>>>> Kauman.
>>>> Model kuring. Lolobana Mangunreja Kota mun teu PNI, nya PKI anutna teh;
>>>> tapi ari
>>>> NU jeung Masyummi mah lakuna di Kampung2; jadi saenyana mah Islam teh
>>>> memang
>>>> geus lengket pisan jeung Urang Sunda teh, ari di kotana mah kurang
>>>> pangaruhna.
>>>>
>>>> Ngan aya nganna. Ari di lembur mah, masih keneh loba nu taklid buta tea;
>>>> ari di kota
>>>> mah rada make OTAK saeutik, teu taklid buta teuing.
>>>> Tah mun ayeuna nyosialisasikeun agama sunda ka lembur; wah dianggap
>>>> aneh; bakal
>>>> dianggap agama datang timana cenah ? Da maranehna mah nganggap yen Islam
>>>> teh
>>>> geus ti baheula mula aya di Pasundan na teh ? Moal aya atawa kurang nu
>>>> mikir yen
>>>> baheula mah Sunda teh Pajajaran. Malah teu inget2 acan.
>>>> Jadi Urang Sunda jeung Agama Islam teh geus pagaliwota ngahiji. Geus
>>>> hese dipisahkeun
>>>> deui.
>>>>
>>>> Jadi memag akhirna mah Islam teh geus ditarima ku MAYORITAS Urang Sunda
>>>> sabage
>>>> agama KARUHUN/ Luluhur. Salian ti eta bakal dianggap agama anyar/semah.
>>>>
>>>> Eta fakta2 nu kaciri ku Kaula. Tah duka panginten upami ayeuna
>>>> titingalan sanesna mah.
>>>> Mangga nyanggakeun ka Kang Maman sareng nu sanesna.
>>>>
>>>>
>>>> Abbas Amien
>>>> Sent From My Blik papan
>>>>
>>>>
>>>
>>
>>
>  
>

Kirim email ke