Maksud kuring, lamun nyaritakeun kamiskinan kudu puguh kriteriana (angka), ulah 
ceuk rarasaan. Da umumna sok ngarasa dirina miskin lamun kahayangna teu 
kacumponan/ kabeuli, jadi subyektip pisan. Supaya ulah subyektip nya dijieun 
angka kritera wates kamiskinan. Nu boga panghasilan sahandapeun angka wates 
kamiskinan dianggap jalma miskin, sabalikna nu panghasilanana saluhureun 
dianggap teu miskin (sanajan mungkin wae tetep ngarasa miskin). Tah ku dasar 
angka wates kamiskinan ieu, sok dijieun kacindekan naha prosentasi kamiskinan 
teh naek atawa turun.

Kuring teu apal naha kamiskinan di Indonesia teh turun atawa naek, ngan aya 
indikator subyektip nu nunjukkeun urang Indonesia ayeuna sabenerna mah geus 
leuwih "makmur" ti batan baheula. Contona teu aya nu kalaparan (massal, sering 
kajadian di taun 1960'an atawa samemehna), konsumtip dina sagala hal kaasup 
dina enerji (konsumsi BBM ningkat terus). Kota-kota gede umumna macet, loba 
teuing kendaraan, dimana-mana jelema make hp, kaasup nu sok disebut miskin 
..jrrd.

Kunaon atuh tetep wae ngarasa susah jeung miskin? Mungkin wates kamiskinanana 
kudu ditaekeun, ulah statis (kuring teu nyaho, naha ayuena ditaekkeun atawa 
henteu). Lamun Baheula mah nu disebut miskin teh nu teu bisa dahar atawa teu 
kabeuli sandang,  ayeuna mah meureun kudu ditambah teu kabeuli pulsa handphone 
atawa televisi 14 inci ...hahahaha


Salam, 
WALUYA 

--- In [email protected], "Dikdik" <dick...@...> wrote:
>
> rada bingung kuring nyambungkeun tulisan abah teh hehe...
> 
> pan ceuk kuring ge, eta mah sakadar ceuk kuring bari meureun2 acan bah
> nyaa wallohualam bener henteu na mah, nu jelas ayeuna mah ning karasa ku 
> sarerea ge harga2 teh nerekel na ni kabina2
> padahal puasa ge can dimulai, komo engke geus prung puasa, tambah komo deui 
> engke mun rek lebaran geura...
> 
> tong salah bah, statistik, sanajan angka, bisa diutak atik...
> terus terang weh kuring mah apatis tina angka statistik eta, soalna lain 
> pihak independen BPS teh. curiga na kieu (nyaa meunang atuh kuring curiga 
> nya? heuheu....), statistik dijieun jang nunjukkeun kinerja pamarentah dina 
> bentuk angka. boa nu nyieun statistikna ge ABS tea...
> 
> tetep weh eta mah karek meureun ceuk kuring... :D
> aahh ulah suuzon cenah, tapi da ari suuzon ka nu jelas2 sok nipu rahayat mah 
> meunang meureun nya bah? hahah...
> 





------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke