Upami datana mah kamiskinan di urang ti taun 2009 ka 2010 teh turun kang, turun 
sakedik eta oge, tina 32,53 juta jiwa janten 31,02 juta jiwa.

sareng upami bade nyarioskeun wates kemiskinan oge teu tiasa sagawayah sakarep 
nu ngagariskeun wates tapi kedah saluyu sareng aturan international ngarah data 
kamiskinan teh tiasa dijajarbandingkeun sareng data kamiskinan nagara deungeun.

seueur komponenna nu ngabentuk wates kamiskinan teh, tapi intina mah 
pembentukna teh wates kamiskinan makanan sareng wates kemiskinan sanes makanan. 
Wates kamiskinan ieu oge naek ti taun 2009 ka taun 2010 teh, tina 200.262 
rupiah perkapita janten 211.726 rupiah perkapita.

Salam,

Dena Drajat


--- In [email protected], "Waluya" <waluya2...@...> wrote:
>

> Kuring teu apal naha kamiskinan di Indonesia teh turun atawa naek, ngan aya 
> indikator subyektip nu nunjukkeun urang Indonesia ayeuna sabenerna mah geus 
> leuwih "makmur" ti batan baheula. Contona teu aya nu kalaparan (massal, 
> sering kajadian di taun 1960'an atawa samemehna), konsumtip dina sagala hal 
> kaasup dina enerji (konsumsi BBM ningkat terus). Kota-kota gede umumna macet, 
> loba teuing kendaraan, dimana-mana jelema make hp, kaasup nu sok disebut 
> miskin ..jrrd.
> 
> Kunaon atuh tetep wae ngarasa susah jeung miskin? Mungkin wates kamiskinanana 
> kudu ditaekeun, ulah statis (kuring teu nyaho, naha ayuena ditaekkeun atawa 
> henteu). Lamun Baheula mah nu disebut miskin teh nu teu bisa dahar atawa teu 
> kabeuli sandang,  ayeuna mah meureun kudu ditambah teu kabeuli pulsa 
> handphone atawa televisi 14 inci ...hahahaha
> 
> 
> Salam, 
> WALUYA 
> 





------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke