Produksi emas Indonesia tahun 2009 ngahontak angka 105.404 kg atawa 105 ton
4 kintal leuih 4 kilo. Produksi taun 2008 ngan ukur 64.376 kg (6 ton leuwih
376 kilo). Sedengkeun rencana target produksi emas taun 2010 lobana 104.399 kg
(leuwih leutik tinimbang realisasi taun 2009).

manar

2010/8/4 irpan rispandi <[email protected]>

>
>
> tah ngeunaan ieu kuring teu nyaho, sigana mending nanya ka jinisna.
> kontakna mah teangan we di website eramuslim.com
>
> ngeunaan jumlah emas, emas sakilo ngan sagede bata. sa ton berarti ngan
> satengah treuk leuwih. 10 ton  meureun 7 treuk. sarebu ton, meureun 700
> treuk. 27 rebu ton meureun 18900 treuk.
> indonesia dijajah walanda 350 tahun. berarti sataunna 54 treuk.
>
> Iitungan kasar, dina sataun aya 54 treuk emas diangkut ti Indonesia ka
> Belanda, make sense teu nya?
>
> tapi pastina, nya kuring teu nyaho he..he..he..
>
>
>
>
>
> On 08/04/2010 02:15 PM, Dudi Herlianto wrote:
>
>
>
> pan indonesia teh pernah ngawasa asia tenggara bah. ongkoh pan sapulo gede
> di indonesia teh emas, suwarna dwipa tea.
>
>  :))
>
> 2010/8/4 Waluya <[email protected]>
>
>>
>>
>> > irpan rispandi <mr.rispa...@...> wrote:
>> > Masih tina acara seminar kamari, pa Rizki nyaritakeun yen baheula
>> > jaman VOC, kekayaan indonesia mangrupa emasi (27 ribu ton) dibawa ka
>> > Belanda. Jaman PD II, Belanda eleh ku Jerman, tah eta emas teh
>> > dipindahkeun ka Jerman. Jerman eleh ku Amerika. Eta Emas pindah
>> > tangan deui ka Amerika.
>>
>> 27 rebu ton? Beu kacida pisan lobana. Ceuk wiki,diperkirakeun SAPANJANG
>> SAJARAH MANUSA emas nu geus ditambang ngan sabudeureun 165 rebu ton. Jadi
>> leuwih ti 16 % emas nu ditambang ku manusa teh aya di Indonesia (ngan
>> dikawasa ku Walanda). Timana asalna emas saloba-saloba kitu, padahal
>> Indonesia samemeh ayana Freeport teu kaasup produsen emas pangluhurna (tepi
>> ka ayeuna oge henteu sanajan aya Freeport).
>>
>> Keur bayangan nagara produsen emas panggedena di Dunya nyaeta Cina
>> produksina sataun ngan 200-300 ton dina sataun, kitu deui produsen nomer 2,
>> Afrika Selatan produksina sabudeureun eta oge. Jadi lamun Indonesia 27.000
>> ton? Weleh...weleh ngalamun teh kabina-bina teuing ..hahaha
>>
>> Baktos,
>> WALUYA
>>
>>  __._._,___
>>
>
>
>
> --
> d-: dudi herlianto :-q
> kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
>   __._,
>
>
> --
> R. Irpan Rispadi Raksagalaksibimasakti Nupalingningrat, teureuh Planet Krypton
>
>  
>

Kirim email ke