Baheula sempet boga kayakinan yen "founding father", Sukarno-Hatta terus Suharto
nggeus netepkeun yen Ideologi anu pas keur nagara urang taya lian ti Ideologi 
Pancasila, 

sanajan beda rejim ti Sukarno terus ka Suharto, anu namina Pancasila tetep 
dipake salaku
dasar nagara. 
Ku Sukarno pernah diusahakeun implementasina ideologina ku bentuk 3 kakuatan :
Nasional, Agama, Komunis (Nasakom), nya rupana ku bentuk partai anu ngacu ka 3
dasar eta.
Teras ku Suharto, diimplementasikeunna ku jalan miceun Komunisna,  tapi tetep 
ngacu ka 3 bentuk partai : Golongan Karya, Partai Persatuan Pembangunan 
(Agamis?),
jeung Partai Demokrasi Indonesia (Nasionalis ?). 
Aya Penataran P4 !

Ayeuna ?  Masih keneh sih [ceunah],  Pancasila mangrupakeun ideologi nagara, 
ngan asa
loba anu teu nganggap deui.


Bener ceuk Kang Rahmat : Hiji resiko boga wewengkon luas, ngabebaskeun beda 
pamikiran jeung aliran. HESE !!!

Leuwih rumit ti nagara China jeung ti nagara mana oge di dunia ieu !.
Wewengkon luas dipisahkeun ku laut, Adat-Budaya beda-beda, Kulit jeung bahasa 
na 
oge beda-beda.
 
China, bisa ngabasmi sagancang-gancangna umpamana aya golongan  anu beda 
paham/ideologi ti naon wae anu ditetepkeun ku Partai Komunis anu ngahiji jeung 
Tangtara Beureum, demi persatuan jeung kesatuan bangsa/nagara.

Ku usum globalisasi :
1. Ayeuna loba partai Islam anu arek ngagagas Islam salaku ideologi nagara, 
tapi 
bari jeung teu jelas
nukumaha ideologi nagara Islam (indonesia).
2. Geuningan ayeuna praktek anu diimplementasikeun teh Kapitalis-liberal, multi 
partai jeung
soko guru ekonomi :Koperasi ngan ukur jadi usaha simpan nginjeum.


Merdeka !
mz


From: MRachmat Rawyani <[email protected]>

To: [email protected]
Sent: Mon, August 16, 2010 6:47:16 PM
Subject: Re: IKAHI Re: [kisunda] Re: Puasa - Awal Puasa Bareng? LEBARAN BEDA 
SIGANAMAH.

  
Enya nya, jigana Indonesia teu siap nyanghareupan globalisasi, riweuh 
nguruskeun 
pahaman anu beda. Beda jeung China, India. Sok sanajan di jero nagarana 
nyanghareupan konflik etnik jeung bencana, tapi dina perkara ngawalatrakeun 
rahayatna di kancah global, suhud jeung soson-soson dina perkara ngala duit. 
Kamari ngobrol sareng pagawe indonesia di pausahaan minyak  china. Ceuk cenah 
china teh ngahaja ancrub dina industri strategis kayaning minyak di Indonesia 
sok sanajan bari jeung rugi sacara perhitungan ekonomi, supaya bisa ngagolkeun 
produk-produk china sejenna. Contona permen ti China asup ka Indonesia kalayan 
teu aya hahalang.

mrachmatrawyani





________________________________
From: Tirta widjaja <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Mon, August 16, 2010 6:28:58 PM
Subject: Re: IKAHI Re: [kisunda] Re: Puasa - Awal Puasa Bareng? LEBARAN BEDA 
SIGANAMAH.

  
Janten tandaning tacan siap nyanghareupan globalisasi???
 ~ experientia docet sapientiam ~ 




________________________________
 From: MRachmat Rawyani <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Monday, August 16, 2010 11:36:40
Subject: Re: IKAHI Re: [kisunda] Re: Puasa - Awal Puasa Bareng? LEBARAN BEDA 
SIGANAMAH.

  
Anu repot mah urang Indonesia wae, anu sok boga pamikiran anu beda atawa 
ngabeda-bedakeun pamikiran. Asana teh di nagri Arab mah hare-hare wae, tos 
pasti 
tanggal puasa jeung lebaran iraha, tanggal wukuf di Arafah iraha wancina.
Hiji resiko boga wewengkon luas, ngabebaskeun beda pamikiran jeung aliran.


      

Kirim email ke