ha.ha.ha..
Nyambung ceuk sayahmah.
Pernah kuring nongton film jepang Azumi.


Ieu filem ngagambarkeun kumaha waktu baheula,  jago-jago daerah anu nguasa hiji 
daerah
diparaehan kabeh, pikeun persatuan Jepang, sabab lamun pakeukeuh-keukeuh mah 
moal 

aya tungtungna. Ribut terus parebut pangaweruh.




________________________________
From: Dudi Herlianto <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Mon, August 16, 2010 8:02:56 PM
Subject: Re: Ideologi ...Re: IKAHI Re: [kisunda] Re: Puasa - Awal Puasa Bareng? 
LEBARAN BEDA SIGANAMAH.

  
mun percaya ka dongengna kho ping ho, ayana china teh hese beleke. dinasti 
piligenti kumawasa. han, sung, chin, direrewong ku khitan... aya dinasti nu 
percaya yen persatuan teh bakal langgeng lamun kaisar kuat ototna. ngabangkang 
saeutik langsung tarok. aya dinasti nu ngimanan uteuk. aya oge nu ngimanan 
hate. 
tah lamun dina carita suling emas mah, dinasti nu lumayan lila kumawasa teh 
nyaeta dinasti sung, nu ngadegkeun (founding father) saurang jendral, cao kuan 
yin, nu bisa ngagabungkeun tilu (anjirrr naha tilu oge nya?) unsur di luhur. 
otot, uteuk jeung hate.

sedengkeun kwee seng si kim mo eng mah angger eleh ku awewe kapengpeongan, 
ambon 
sorangan ka liu lu sian. tah lamun bu kek siansu karak makalangan dina cinta 
bernoda darah haha

halah, uing geus teu nyambung deui euy. bae ah :p


2010/8/16 Maman <[email protected]>

  
>Baheula sempet boga kayakinan yen "founding father", Sukarno-Hatta terus 
Suharto
>nggeus netepkeun yen Ideologi anu pas keur nagara urang taya lian ti Ideologi 
>Pancasila, 
>
>sanajan beda rejim ti Sukarno terus ka Suharto, anu namina Pancasila tetep 
>dipake salaku
>dasar nagara. 
>Ku Sukarno pernah diusahakeun implementasina ideologina ku bentuk 3 kakuatan :
>Nasional, Agama, Komunis (Nasakom), nya rupana ku bentuk partai anu ngacu ka 3
>dasar eta.
>Teras ku Suharto, diimplementasikeunna ku jalan miceun Komunisna,  tapi tetep 
>ngacu ka 3 bentuk partai : Golongan Karya, Partai Persatuan Pembangunan 
>(Agamis?),
>jeung Partai Demokrasi Indonesia (Nasionalis ?). 
>Aya Penataran P4 !
>
>Ayeuna ?  Masih keneh sih [ceunah],  Pancasila mangrupakeun ideologi nagara, 
>ngan  asa
>loba anu teu nganggap deui.
>
>
>Bener ceuk Kang Rahmat : Hiji resiko boga wewengkon luas, ngabebaskeun beda 
>pamikiran jeung aliran. HESE !!!
>
>Leuwih rumit ti nagara China jeung ti nagara mana oge di dunia ieu !.
>Wewengkon luas dipisahkeun ku laut, Adat-Budaya beda-beda, Kulit jeung bahasa 
>na 
>oge beda-beda.
> 
>China, bisa ngabasmi sagancang-gancangna umpamana aya golongan  anu beda 
>paham/ideologi ti naon wae anu ditetepkeun ku Partai Komunis anu ngahiji jeung 
>Tangtara Beureum, demi persatuan jeung kesatuan bangsa/nagara.
>
>Ku usum globalisasi :
>1. Ayeuna loba partai Islam anu arek ngagagas Islam salaku ideologi nagara, 
>tapi 
>bari jeung teu jelas
>nukumaha ideologi nagara Islam (indonesia).
>2. Geuningan ayeuna praktek anu diimplementasikeun teh Kapitalis-liberal, 
>multi 
>partai jeung
>soko guru ekonomi :Koperasi ngan ukur jadi  usaha simpan nginjeum.
>
>
>Merdeka !
>mz
>
>,___


-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

 


      

Kirim email ke