mun percaya ka dongengna kho ping ho, ayana china teh hese beleke. dinasti
piligenti kumawasa. han, sung, chin, direrewong ku khitan... aya dinasti nu
percaya yen persatuan teh bakal langgeng lamun kaisar kuat ototna.
ngabangkang saeutik langsung tarok. aya dinasti nu ngimanan uteuk. aya oge
nu ngimanan hate. tah lamun dina carita suling emas mah, dinasti nu lumayan
lila kumawasa teh nyaeta dinasti sung, nu ngadegkeun (founding father)
saurang jendral, cao kuan yin, nu bisa ngagabungkeun tilu (anjirrr naha tilu
oge nya?) unsur di luhur. otot, uteuk jeung hate.

sedengkeun kwee seng si kim mo eng mah angger eleh ku awewe kapengpeongan,
ambon sorangan ka liu lu sian. tah lamun bu kek siansu karak makalangan dina
cinta bernoda darah haha

halah, uing geus teu nyambung deui euy. bae ah :p

2010/8/16 Maman <[email protected]>

>
>
> Baheula sempet boga kayakinan yen "founding father", Sukarno-Hatta terus
> Suharto
> nggeus netepkeun yen Ideologi anu pas keur nagara urang taya lian ti
> Ideologi Pancasila,
> sanajan beda rejim ti Sukarno terus ka Suharto, anu namina Pancasila tetep
> dipake salaku
> dasar nagara.
> Ku Sukarno pernah diusahakeun implementasina ideologina ku bentuk 3
> kakuatan :
> Nasional, Agama, Komunis (Nasakom), nya rupana ku bentuk partai anu ngacu
> ka 3
> dasar eta.
> Teras ku Suharto, diimplementasikeunna ku jalan miceun Komunisna,  tapi
> tetep
> ngacu ka 3 bentuk partai : Golongan Karya, Partai Persatuan Pembangunan
> (Agamis?),
> jeung Partai Demokrasi Indonesia (Nasionalis ?).
> Aya Penataran P4 !
>
> Ayeuna ?  Masih keneh sih [ceunah],  Pancasila mangrupakeun ideologi
> nagara, ngan asa
> loba anu teu nganggap deui.
>
> Bener ceuk Kang Rahmat : Hiji resiko boga wewengkon luas, ngabebaskeun beda
> pamikiran jeung aliran. HESE !!!
>
> Leuwih rumit ti nagara China jeung ti nagara mana oge di dunia ieu !.
> Wewengkon luas dipisahkeun ku laut, Adat-Budaya beda-beda, Kulit jeung
> bahasa na oge beda-beda.
>
> China, bisa ngabasmi sagancang-gancangna umpamana aya golongan  anu beda
> paham/ideologi ti naon wae anu ditetepkeun ku Partai Komunis anu ngahiji
> jeung Tangtara Beureum, demi persatuan jeung kesatuan bangsa/nagara.
>
> Ku usum globalisasi :
> 1. Ayeuna loba partai Islam anu arek ngagagas Islam salaku ideologi nagara,
> tapi bari jeung teu jelas
> nukumaha ideologi nagara Islam (indonesia).
> 2. Geuningan ayeuna praktek anu diimplementasikeun teh Kapitalis-liberal,
> multi partai jeung
> soko guru ekonomi :Koperasi ngan ukur jadi usaha simpan nginjeum.
>
>
> Merdeka !
> mz
>
> ,___
>



-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke