Sabenerna, salah sahiji alesanana wacana mindahkeun ibu kota jaman ayeuna oge taya lian ti ancaman bencana alam, nyatana gempa, oge tsunami; oge bencana gabungan antara alam jeung paripolah jelema, sapereti banjir jeung nu sejenna.
Inget, ngabeledugna Gn Rakata (Krakatau) 27 Agustus 1883 teh nimbulkeun tsunami anu bencanana tumiba ka wilayah Jakarta oge. Tina 36.000 korban bituna gn Rakata harita, rebuan diantarana kajadian di wilayah basisir Jakarta. Oge, tina mikrozonasi gempa (hasil penyelidikan gempa masa lalu), di wilayah Jakarta (Ciputat jeung sabudeureunana) kungsi aya gempa gede di Jaman Walanda anu menta korbam jiwa teu saeutik. Bituna Gn Rakata taun 1883 rongkah kacida (kl sarebu kali kakuatan bituna gunungapi Eyjafjallajokull di Islandia April kamari), nepi ka ngarobah iklim global (hawa jadi leuwih tiis 1,2 darajat C). Kumaha hebatna ieu Gn Rakata bitu taun 1883 tiasa diparios di sababaraha web, upamana: http://en.wikipedia.org/wiki/Krakatoa http://www.drgeorgepc.com/Volcano1883Krakatoa.html Malah, panalungtikan para ahli geus manggihan data yen (cikal bakal) Gn Rakata (disebut Proto Krakatau) kungsi bitu badag pisan dina abad ka-6 M. David Keys malah boga sangkaan yen bituna Gn Proto Krakatau boga saham kana tilelepna abad romantisme Romawi, mucunghul-ngalelepna abad kegelapan, nepi ka sumebarna Islam. Reportasena tiasa diparios di dieu: http://www.semp.us/publications/biot_reader.php?BiotID=214 http://www.ees1.lanl.gov/Wohletz/Krakatau.htm Sedengkeun Gn Rakata masih aktif, ayeuna oge hirup keneh, masih aya kamungkinan bitu deui. Anu jelas siklus bituna teu aya anu terang. Teu aya anu terang sabaraha taun persisna siklus bituna ieu gunung. Anu jelas Gn Rakata masih aktif jeung aya di hiji wewengkon anu kaasup pamngaktifna sadunya: Selat Sunda, tempat patepungna lempeng lautan (Indo-Australia anu mebes ka lempeng benua anu sarua (Eurasia) tapi beda darajat nyanggereng mubusna (antara handapeun P Jawa jeung handapeun P Sumatera, beda sudut). Ieu salah sahiji sabab wewengkon Selat Sunda kadida aktifna. Ulah hilap, ramena isu mindahkeun ibu kota teh sanggeus aya publikasi peta risiko gempabumi ti kementerian PU anyar2 ieu. manar 2010/8/16 Tirta widjaja <[email protected]> > > > Lain asana beda jaman BK jeung kiwari mindahkeun ibukota. Ari jaman BK mah > alesan gempa, ari ayeuna alesan teu walakaya ngabereskeun masalah2. Jadi > asana bahaya mun pindah kulantaran kecing mental. Ceuk kuring mah mending > pindah we ka Batam, ngadeukeutan Singapur jeung Malaysia. > > *~ experientia docet sapientiam ~* > > > ------------------------------ > *From:* mh <[email protected]> > *To:* Ki Sunda <[email protected]> > *Sent:* Monday, August 16, 2010 12:05:59 > *Subject:* [kisunda] Re: Mindahkeun "Jakarta"? > > > > 16 Agustus 2010 > Saatnya Ibu Kota Pindah > <http://majalah.tempointeraktif.com/id/arsip/2010/08/16/IND/mbm.20100816.IND134342.id.html#> > *Menurut Anda, untuk mengatasi kemacetan, layakkah ibu kota negara > dipindahkan? > 5-7 Agustus 2010 * *Ya* > 77,34% *703* *Tidak* > 21,67% *197* *Tidak Tahu* 0,99% *9* *Total* 100% *879* > > Jakarta dianggap tak lagi cocok menjadi pusat pemerintahan. Kondisi kota > ini sulit ditata ulang. "Pemindahan ibu kota negara menjadi salah satu > alternatif untuk rencana jangka panjang," kata Wakil Ketua Majelis > Permusyawaratan Rakyat Hajriyanto Thohari. > > Menurut Menteri Dalam Negeri Gamawan Fauzi, diskusi pemindahan ibu kota > sebenarnya sudah muncul pada era pemerintahan Soekarno. Ketika itu diusulkan > daerah di Kalimantan yang dianggap tak memiliki potensi gempa. Ketua Dewan > Perwakilan Rakyat Marzuki Alie setuju dengan gagasan itu. Presiden Susilo > Bambang Yudhoyono pun menyatakan setuju dan mempersilakan ide itu dikaji > lebih lanjut. > > Hasil jajak pendapat Tempo Interaktif menunjukkan mayoritas responden > setuju ibu kota negara dipindahkan. Sebaliknya, hanya 21,67 persen yang > tidak setuju dan tak sampai satu persen bersikap tidak tahu. > > "Jelas sangat setuju, mungkin ini juga solusi untuk peredaran uang yang > selama ini 80 persen berputar di Jakarta. Jika dibiarkan, daerah lain, > khususnya di luar Jawa, akan terus terbelakang," ujar Stanley, pembaca > Tempo. > > http://majalah.tempointeraktif.com/id/arsip/2010/08/16/IND/mbm.20100816.IND134342.id.html > > > > >
