Baheula waktu kuring keur budak, aya batur salembur, kuring nyebutna Aki 
Juminta, ngaakikeun maklum manehna teh geus kolot. Imah Aki Juminta teh rada 
anggang ti lembur, aya meureun sakilometer mah, mencil di tengah sawah jeung 
aya dilebakkeun lembur. Lumayan lamun leumpang ti imah manehna ka lembur kuring 
rada haruhah-harehoh, da jalanna nanjak pisan. Aki Juminta lamun kamana-mana 
teh sok make totopong, disarung jeung make baju kampret hideung.

Nu kuring inget tepi ka ayeuna,  Aki Juminta teh kacida leketna solat lohor di 
masigit, padahal masigit teh aya di lembur kuring anu jauh ti imahna. Manehna 
lamun keur digawe disawah, langsung eureun. Terus beberesih, jung indit make 
kampret hideung jeung totopong ka masigit. Saentasna salat lohor, manehna tara 
poho nganjak sasalaman kanu papanggih, sakapeunng sok ka Imah pun Aki, sakadar 
ukur ngajak salalaman. Ampir unggal poe manehna ngalakukeun hal eta, tepika 
kuring apal pisan, kana kabisaanana. Sigana teu aya urang lembur nu boga 
kabisaan saperti Aki Juminta, nu imahna jauh, tapi tetep satia ka Masigit, bari 
sakapeung poe teh panas ereng-erengan, matak hoream ingkah ti imah.  

Waktu kuring mimiti nincak rumaja, kuring sakola ka "kota" tepika ayeuna jadi 
"urang kota", kuring teu apal deui, naha Aki Juminta teh aya keneh atawa 
parantos ngantunkeun. Ngan kuring weleh inget kana kabisaanana. Jeung kabisaan 
manehna nu ngingetkeun kuring yen kaimanan saurang jalma teu bisa diukur ku 
kapinteran jeung kabeungharan. Enya lain kapinteran, sabab geuning kapinteran 
teh sakapeung malah mawa asa bener sorangan, da asa pangnyahona.

Inget we di akhir taun 1970'an, harita kuring masih mahasiswa fisika, gor-gar 
jeung babaturan padungdengan perkara astrofisika, kosmologi disambungkeun jeung 
perkara sawarga jeung naraka. Intina mah hog-hag perkara agama jeung sains. 
Gara-garana kolokolium saurang mahasiswa senior nu nyokot fisika teoritis, nu 
ujung-ujungna jadi lumpat kana soal-soal super natural. Hog-hag jeung babaturan 
teu puguh ujungna, maklum mahasiswa "kacingcalang" kabeh ..hehehe, ngan aya 
hiji hal harita nu ku kuring kalenyepan, keur naon kuring ngahubung-hubungkeun 
sains jeung agama? Kuring inget ka mangsa keur budak, ka Aki Juminta nu teu 
apaleun fisika jeung big-bang, tapi tetep tuhu kana parentah agama.

Kayakinan jeung kaimanan aya dina hate, teu aya elmu pangaweruh nu bisa 
ngorek-ngorek eusi hate jelema.

Baktos,
WALUYA


--- In [email protected], "Roza R. Mintaredja" <roza.kalasu...@...> wrote:
>
> aya pedaran pamendak ka'gusti'an hasil implengan ti ramana kg ilen kardani,
> bp.* moch. arip yahya kartanagara*, nembe ditulis taun 2007 anu samemehna
> mung mangrupa draft keur guareun sa'diri'eun  oge ka anu peryogieun.
> diketik langsung teu bisa attach,  hampura sakadada sakadugana wae. 




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke