Senin, 25 Oktober 2010
Konférénsi Budaya
Sunda<http://majalah-balebat.blogspot.com/2010/10/konferensi-budaya-sunda.html>
<http://2.bp.blogspot.com/_u2n53vx9ME0/TMTevD1AXgI/AAAAAAAAAOg/TI8dxRSYTTQ/s1600/unesco1.jpg>Dines
Pariwisata sarta Kabudayaan Propinsi Jawa Barat digawé babarengan jeung
Komisi Nasional Indonésia pikeun UNESCO ngagelar *"International Conference
on Sundanese Culture"* di Hotél Salak the Heritage, Kota Bogor, Senén
(25/10) nepi ka Rebo (27/10). Kagiatan éta boga tujuan pikeun numuwuhkeun
katresna masarakat Jawa Barat ka budaya Sunda minangka modal pikeun
pangwangunan nasional.

Téma acara éta téh *"Reinventing Sunda in Strengthening the Nasional Culture
and Promoting Cultural Diversity"*atawa "Manggihan Deui Budaya Sunda Dina
Ngukuhkeun Kabudayaan Nasional sarta Ngapromosikeun Budaya". Acara éta ogé
baris dieusi kalayan sagala rupa kagiatan, di antarana konférénsi
internasional, pameran sarta pagelaran seni, sarta ngadatangan ka Situs
Batujaya Kabupatén Karawang. Kagiatan éta baris dihadiran kira-kira 350
peserta ti sagala rupa golongan, di antarana instansi pamaréntah, akademisi,
budayawan, LSM, sarta média.
Dina konférénsi anu dilaksanakeun Senén (25/10) ieu baris dibahas ngeunaan
sajarah Sunda sarta pakait jeung kabudayaan-kabudayaan nasional sarta dunya.
Sajumlah pembicara ti Indonesia jeung luar nagari baris nyokot bagian dina
konférénsi éta. Salah sahijina nyaéta Pupuhu Komisi Nasional pikeun UNESCO
Prof. Dr. Arief Rachman, Diréktur Titilar Purbakala Kementerian Budaya sarta
Pariwisata RI Dr. Junus Satrio Atmodjo, sarta Guru Besar Arkeologi
Universitas Indonésia Prof. Edi Sediawati.

Samentara éta, pembicara ti luar nagari nyaéta peneliti sakaligus *Director
of Atlantis Publication* Dr. Frank Joseph Hoff sarta peneliti ti Universitas
Oxford, Inggris, Dr. Stephen Oppenheimer.

*Pameran*

Dina poé anu sarua ogé baris dilaksanakeun pameran anu mintonkeun sajumlah
bukti-bukti sajarah Sunda ti tujuh musieum di Jawa Barat. Sagala rupa
titilar sajarah ti jaman megalitikum nepi ka jaman modern baris ngeusian
sajumlah stan di pameran éta.

Kapala Dines Kabudayaan sarta Pariwisata Jawa Barat, Herdiwan ngeceskeun,
kagiatan éta boga tujuan ambéh masarakat Jawa Barat leuwih mikawanoh sacara
jero ka budaya Sunda ku kituna ngajadikeunna minangka kebanggaan. Nurutkeun
manéhna, dumasar penelusurana sacara awut ka sajumlah sakola di Jawa Barat,
kalolobaan pelajar tacan nyurtian sajarah sarta budaya Sunda.

Herdiwan ngunggelkeun, lamun ditelaah, kabudayaan Sunda ngabogaan pangaruh
anu badag ka peradaban dunya. Ngaliwatan kagiatan éta, Herdiwan ngaharepkeun
ambéh sakumna masarakat Jawa Barat bisa ngamekarkeun katresna maranéhanana
ka budaya Sunda ku kituna jadi modal dasar pikeun pangwangunan boh di
tingkat regional boh nasional.
Posted by majalah basa sunda balébat at 08.36
-- 
Majalah Balébat
Padépokan Riksa Sunda
Jl. Raya Leuwiliang Km.14 No.26-27
Ciampéa - Bogor 16620
Telp.  08121112982
Surélék : [email protected]/[email protected]
<http://[email protected]/[email protected]>http://balebat.com

Kirim email ke