Kamari komentar ti kuring perkara konferensi budaya Sunda, mung saukur 
'Heureuy', tong teuing dilebetkeun ka hate.
Anu matak pikawatireun, para peserta didominasi ku para sepuh, aya oge generasi 
mudana. Jigana wae teu tahan lami cicing dina korsi.
Kedah aya forum "lanjutan" sabada konferensi, anu sifatna praktis, fokus, 
gampil 
dipraktekeun, disosialisasikeun ka masyarakat.



Baktos,
 Mrachmatrawyani





________________________________
From: oman abdurahman <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Tue, October 26, 2010 8:14:05 AM
Subject: Re: [kisunda] Konférénsi Budaya Sunda

  
Tah nuhun tos dikawitan ku kang Rachmat laporan teh. Urang padungdengkeun wae 
meh aya second opinion atawa katerangan tambahan.

Ngeunaan eusining presentasi pa Radhar Panca Dahana rada mengpar, konsekuensi 
eta mah. kitu oge upama disawang tina reinventing Sunda dina harti heureut. 
Tapi, upama disawang tina strengthening the national culture, nya aya oge 
pakaitna. Hiji hal anu kacekel ku kuring mangrupa kacindekan tina presentasina 
yen urang Sunda oge kudu ngurus laut, kudu inget yen asal mula bagsa Indonesia 
teh, kaasup Sunda, eta bangsa maritim. 


Radhar sabenerna ngingetkeun hiji hal anu subtansial yen tatanana geografis 
Indonesia geus ngalahirkeun budaya anu maju boh dina budaya fisik (teknologi) 
atawa perilaku (kerukunan hirup beraneka suku bangsa) dina mangsana. Hal ieu 
teh 
minangka khas tina budaya maritim keur Indonesia. Radhar oge ngingetkeun yen 
ayeuna bangsa Indonesia kacida katinggaleunana dina sagala bidang kusabab 
ninggalkeun watek asalna anu budaya maritim tea. Pakaitna jeung Sunda? Ceuk 
kuring ieu mah : Jaman Tarumanagara, raja Purnawarman oge merhatikeun laut, 
sakurang-kurangna budaya cai (kanalisasi, jst).   


Ngeunaan presentasi abah, soal bukti asal muasal bangsa-bangsa ti Sunda 
(minimal 
ukuran Asis Tenggara) memang henteu dirojong ku data tertulis. Sok sanajan abah 
nyeratkeun naon rupa anu didugikeun ku kepala Suku Dayak waktu anjeunna tepang 
taun 60-an, tetep wae ti urang Dayakna mah ditepikeun ku cara pitutur (lisan). 
Sacara sagemblengna, abah tos usaha maparin katerangan ngeunaan periodisasi 
mangsa dina sejarah Sunda (bihari, kamari, kiwari jeung baring supagi). Hal ieu 
ceuk kuring ngarupakeun hal anyar jeung bisa ngalahirkeun diskusi akademis.  


Ari presentasi p Wagub mah standar. Mataholangna nepikeun program pangwangunan 
kabudayaan di Jawa Barat. Dina sababaraha hal, kalayan ngabandingkeun program 
ti 
pejabat samemehna, ceuk kuring lumayan aya kamajuan. Ngan, dina sababaraha hal 
oge p Wagub memang masih perlu neuleuman pangaweruh sajarah Jabar (baca: Sunda) 
anu tos jadi pangaweruh umum. Usaha anjeunna pikeun nyieun ikon Jabar lian ti 
gedung sate hade oge dirojong ku urang.

Ngeunaan panitia (OC), hehehe, kitu pisan, kang Rachmat. Si kuring oge 
nanyakeun 
seminar kit teh hare-hare (pedah telat datang jeung teu bisa nepi ka anggeus 
meureun kuringna). Sawatara si kuring teu gaduh otoritas makieuh panitia (OC). 
Sok sanajan kitu, hal ieu tos kairong ti awal si kuring mutuskeun ancrub dina 
panitia SC. Ceuk angkeuhan, keun wae anu ayeuna secara tehnis rada kurang 
nyugemakeun, anu penting bandera diskusi ngeunaan hubungan alam, filsafat jeung 
budaya geus dikelebetkeun. 


Keur kuring konferensi lain tujuan, tapi alat wae, alat keur manggihan hubungan 
tadi pakeun digunakeun ayeuna jeung pikahareupeun. Lamun ayeuna kasebut gagal, 
sugan ka hareup leuwih hade. Lamun satutasna ieu konferensi ieu piruha (seuneu) 
sumanget ngaguar hubungan alam-filsafat-budaya di Tatar Sunda aya anu 
neruskeun, 
upamana ku paguron luhur, keur kuring eta geus mangrupa hiji hontalan anu gede 
hartina. 


Di sagigireun eta, gaungna persiapan ieu acara di dunya maya cukup nyugemakeun. 
Website anu diwangun bareng jeung ieu acara, 
http://atlantissunda.wordpress.com/ 
lumayan mere harepan. Dina jero kurang ti sabulan eta situs geus dideugdeug ku 
teu kurang ti 100.000 anu ngadeugdeug.

Ala kuli hal, hatur nuhun kang Rachmat asupanana, katampi pisan, lian keur 
intropeksi oge keur tepikeuneun ka panitia tehnis.

baktosna,
manar




2010/10/26 MRachmat Rawyani <[email protected]>

  
>Radhar Pantja Dahana asana teh presentasina rada "mengpar" tina jejer utama. 
>Abah Surya anu ngajentrekuen dongeng ti Urang Dayak perkara sajarah Sunda 
>heunteu di dukung ku data sacara tertulis atanapi data ti pihak sanesna, 
>cenderung subyektif. Juragan Dede Yusuf  ngadongeng pangalaman di Cina sangkan 
>barudak urang oge diawjibkeun zaroh ka situs-situs, teu aya substansial anu 
>mendasar, kumaha strategi kabudayaan pemda Jabar dina 'ngigelan' pajamanan. 
>Sigana samporet pisan waktu pikeun ngadadarkeun perkara ieu.
>(saya teu  kabagean kaos jeung topi yeuh, paniciana rada cuek, foto copian 
>makalahna bureng, teu jelas.Hanjakal konferensi tingkat internasional, 
>palayananana ka tamu  heunteu sabanding. Pananya ti para peserta oge, lebih 
>banyak emosional tinimbang nalarna).
>
>Hanjakal teu  tiasa ningali situs.
>
>Cik hoyong terang kumaha tah,acara dina dinten Rebo. Upama kaayanana masih 
>siga 
>acara hari pertama, berarti panicia "gagal" majukeun kasundaan di tataran 
>global.
>
>baktos,
>
>mrachmatrawyani
>
>
>
>
>
________________________________
From: oman abdurahman <[email protected]>
>To: [email protected]
>Sent: Mon, October 25, 2010 12:33:53 PM
>
>Subject: Re: [kisunda] Konférénsi Budaya Sunda
>
>
>  
>Sumping wae enjing, meungpeung masih aya keneh dua dinten deui. Insya Alloh 
>teu 
>kedah mayar sagala. Ngan wayahna, fasilitas pamondokan upama tea mah bade 
>ngawengi di Bogor milarian nyalira. Sim kuring sorangan sigana teu tiasa 
>ngiringan eta acara dugi ka rengse jalaran di rorompok pun bojo kirang sehat 
>teu 
>tiasa dikantunkeun, lian ti memang poean salila seminar teh si kuring ti 
>kantor 
>teu diizinan cuti.
>
>Tadi poe kahiji ngalongok ka konferensi, sanajan rada telat jalaran miang ti 
>Bandung tos lohor kusabab di kantor kudu mimpin heula salah sahiji rapat 
>dines. 
>Jol ka hotel Salak, Bogor, tempat konferensi, kaagehan keneh presentasi 3 
>narasumber (abah Surya, Radar Panca Dahana, sareng sang wagub Jabar). Tadi kl 
>tbh 20.20 ti Bogor biur deui ka Bandung, mulang ka rorompok. Mudah2an isuk 
>pageto laporanana tiasa kakintunkeun ka milist.
>
>Enya si kuring kasebutna mah panitia, tapi lain panitia tehnis dina 
>prak-prakanana (OC), balikta panitia dina widang subtansi (SC), kitu oge teu 
>nyeples SC sakumaha ilaharna (minangkana mah anu nyusun bahan pedoman eta 
>kagiatan anu eusina: kasang tukang, tujuan & sasaran sareng tema, kalebet 
>pembicara/prsenter pikeun eta kagiatan; kitu oge dibantosan ku kang Ahmad 
>Samantho sareng nu sanesna). Taya lian sabab kadali (kendali) utama konferensi 
>mah tetep aya di Dinas Pariwisata dan Kebudayaan (Disparbud) Jabar minangka 
>anu 
>gaduh hajat (host). Kukituna, hapunten anu kasuhun upama si kuring henteu 
>tiasa 
>nyayogikeun fasilitas anu nyugemakeun ka saha wae warga milist anu haat aya 
>minat ngiringan eta konferensi.  
>
>
>Lian ti eta, sacara waktu si kuring anu formalna gawe di kantor Badan Geologi 
>oge kawatesan. Upamana wae, ti antara tanggal 15-23 Oktober 2010 si kuring aya 
>di Manado jadi panitia pertemuan taunan CCOP (sacara bebas ditarjamahkeun: 
>panitia koordinasi program geosains sa Asia-Pasifik kalawan peninjau ti Eropa 
>sareng Amerika) anu taun ieu nu gaduh hajatna teh Indonesia, nyatana kantor 
>tempat si kuring digawe pisan; kalayan Manado, provinsi Sulut kapilih salaku 
>tempat dilaksanakeunana eta riungan CCOP taun ieu. 
>
>
>Sakitu heula minangka pamairan sareng laporan singget dina ieu jejer.
>
>baktosna,
>manar
> 
>
>
> 
>
>
>2010/10/25 nurul iman <[email protected]>
>
>  
>>
>>Kang, pesertana dibatasinya, henteu umum??? Sim abdi ningal dina :
>>
>>http://ahmadsamantho.wordpress.com/2010/09/09/international-conference-on-sunda-land-civilization-nature-wisdom/
>>
>>
>>Kumaha atuh, da sim abdi mah rakyat biasa sanes jalmi nu gaduh jabatan luhur, 
>>kinten2 tiasa ngiringan eta konferensi teu??? 
>>
>>Nyuhunkeun informasinya....
>>
>>
>>--- Pada Sen, 25/10/10, Deni Indra Kelana <[email protected]> menulis:
>>
>>
>>>Dari: Deni Indra Kelana <[email protected]>
>>>Judul: Re: [kisunda] Konférénsi Budaya Sunda
>>>Kepada: [email protected]
>>>Tanggal: Senin, 25 Oktober, 2010, 7:04 AM
>>>
>>>
>>>
>>>  
>>>Mugi-mugi sing ngahasilkeun buah anu mangpaat.. Amiiin..
>>>
>>>
>>>
>>>
>>>
>>>
________________________________
From: "[email protected]" <[email protected]>
>>>To: [email protected]
>>>Sent: Monday, October 25, 2010 17:02:11
>>>Subject: Re: [kisunda] Konférénsi Budaya Sunda
>>>
>>>  
>>>Appreciate for arrange this venue and Just waiting for the  Action Plan for 
>>>the 
>>>REINVENTING Sunda!!! 
>>>
>>>Powered by Telkomsel BlackBerry®
________________________________

>>>From:  Tukang Wawar <[email protected]> 
>>>Sender:  [email protected] 
>>>Date: Mon, 25 Oct 2010 12:41:15 +0700
>>>To: <[email protected]>; <[email protected]>
>>>ReplyTo:  [email protected] 
>>>Subject: [kisunda] Konférénsi Budaya Sunda
>>>
>>>  
>>>Senin, 25 Oktober 2010
>>>Konférénsi Budaya Sunda
>>>Dines Pariwisata sarta Kabudayaan Propinsi Jawa Barat digawé babarengan 
>>>jeung 
>>>Komisi Nasional Indonésia pikeun UNESCO ngagelar "International Conference 
>>>on 
>>>Sundanese Culture" di Hotél Salak the Heritage, Kota Bogor, Senén (25/10) 
>>>nepi 
>>>ka Rebo (27/10). Kagiatan éta boga tujuan pikeun numuwuhkeun katresna 
>>>masarakat 
>>>Jawa Barat ka budaya Sunda minangka modal pikeun pangwangunan nasional.
>>>
>>>Téma acara éta téh "Reinventing Sunda in Strengthening the Nasional Culture 
>>>and 
>>>Promoting Cultural Diversity"atawa "Manggihan Deui Budaya Sunda Dina 
>>>Ngukuhkeun 
>>>Kabudayaan Nasional sarta Ngapromosikeun Budaya". Acara éta ogé baris dieusi 
>>>kalayan sagala rupa kagiatan, di antarana konférénsi internasional, pameran 
>>>sarta pagelaran seni, sarta ngadatangan ka Situs Batujaya Kabupatén 
>>>Karawang. 
>>>Kagiatan éta baris dihadiran kira-kira 350 peserta ti sagala rupa golongan, 
>>>di 
>>>antarana instansi pamaréntah, akademisi, budayawan, LSM, sarta média.Dina 
>>>konférénsi anu dilaksanakeun Senén (25/10) ieu baris dibahas ngeunaan 
>>>sajarah 
>>>Sunda sarta pakait jeung kabudayaan-kabudayaan nasional sarta dunya. 
>>>Sajumlah 
>>>pembicara ti Indonesia jeung luar nagari baris nyokot bagian dina konférénsi 
>>>éta. Salah sahijina nyaéta Pupuhu Komisi Nasional pikeun UNESCO Prof. Dr. 
>>>Arief 
>>>Rachman, Diréktur Titilar Purbakala Kementerian Budaya sarta Pariwisata RI 
>>>Dr. 
>>>Junus Satrio Atmodjo, sarta Guru Besar Arkeologi Universitas Indonésia Prof. 
>>>Edi 
>>>Sediawati.
>>>
>>>
>>>Samentara éta, pembicara ti luar nagari nyaéta peneliti sakaligus Director 
>>>of 
>>>Atlantis Publication Dr. Frank Joseph Hoff sarta peneliti ti Universitas 
>>>Oxford, 
>>>Inggris, Dr. Stephen Oppenheimer.
>>>
>>>
>>>Pameran
>>>
>>>
>>>Dina poé anu sarua ogé baris dilaksanakeun pameran anu mintonkeun sajumlah 
>>>bukti-bukti sajarah Sunda ti tujuh musieum di Jawa Barat. Sagala rupa 
>>>titilar 
>>>sajarah ti jaman megalitikum nepi ka jaman modern baris ngeusian sajumlah 
>>>stan 
>>>di pameran éta.
>>>
>>>
>>>Kapala Dines Kabudayaan sarta Pariwisata Jawa Barat, Herdiwan ngeceskeun, 
>>>kagiatan éta boga tujuan ambéh masarakat Jawa Barat leuwih mikawanoh sacara 
>>>jero 
>>>ka budaya Sunda ku kituna ngajadikeunna minangka kebanggaan. Nurutkeun 
>>>manéhna, 
>>>dumasar penelusurana sacara awut ka sajumlah sakola di Jawa Barat, 
>>>kalolobaan 
>>>pelajar tacan nyurtian sajarah sarta budaya Sunda.
>>>
>>>
>>>Herdiwan ngunggelkeun, lamun ditelaah, kabudayaan Sunda ngabogaan pangaruh 
>>>anu 
>>>badag ka peradaban dunya. Ngaliwatan kagiatan éta, Herdiwan ngaharepkeun 
>>>ambéh 
>>>sakumna masarakat Jawa Barat bisa ngamekarkeun katresna maranéhanana ka 
>>>budaya 
>>>Sunda ku kituna jadi modal dasar pikeun pangwangunan boh di tingkat regional 
>>>boh 
>>>nasional.
>>>Posted by majalah basa sunda balébat at  08.36
>>>-- 
>>>Majalah Balébat
>>>Padépokan Riksa Sunda
>>>Jl. Raya Leuwiliang Km.14 No.26-27 
>>>Ciampéa - Bogor 16620 
>>>Telp.  08121112982 
>>>Surélék : [email protected]/[email protected]
>>>http://balebat.com 
>>> 
>>
>
>

 


      

Kirim email ke