Radhar Pantja Dahana asana teh presentasina rada "mengpar" tina jejer utama. 
Abah Surya anu ngajentrekuen dongeng ti Urang Dayak perkara sajarah Sunda 
heunteu di dukung ku data sacara tertulis atanapi data ti pihak sanesna, 
cenderung subyektif. Juragan Dede Yusuf  ngadongeng pangalaman di Cina sangkan 
barudak urang oge diawjibkeun zaroh ka situs-situs, teu aya substansial anu 
mendasar, kumaha strategi kabudayaan pemda Jabar dina 'ngigelan' pajamanan. 
Sigana samporet pisan waktu pikeun ngadadarkeun perkara ieu.
(saya teu  kabagean kaos jeung topi yeuh, paniciana rada cuek, foto copian 
makalahna bureng, teu jelas.Hanjakal konferensi tingkat internasional, 
palayananana ka tamu  heunteu sabanding. Pananya ti para peserta oge, lebih 
banyak emosional tinimbang nalarna).

Hanjakal teu tiasa ningali situs.

Cik hoyong terang kumaha tah,acara dina dinten Rebo. Upama kaayanana masih siga 
acara hari pertama, berarti panicia "gagal" majukeun kasundaan di tataran 
global.

baktos,

mrachmatrawyani





________________________________
From: oman abdurahman <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Mon, October 25, 2010 12:33:53 PM
Subject: Re: [kisunda] Konférénsi Budaya Sunda

  
Sumping wae enjing, meungpeung masih aya keneh dua dinten deui. Insya Alloh teu 
kedah mayar sagala. Ngan wayahna, fasilitas pamondokan upama tea mah bade 
ngawengi di Bogor milarian nyalira. Sim kuring sorangan sigana teu tiasa 
ngiringan eta acara dugi ka rengse jalaran di rorompok pun bojo kirang sehat 
teu 
tiasa dikantunkeun, lian ti memang poean salila seminar teh si kuring ti kantor 
teu diizinan cuti.

Tadi poe kahiji ngalongok ka konferensi, sanajan rada telat jalaran miang ti 
Bandung tos lohor kusabab di kantor kudu mimpin heula salah sahiji rapat dines. 
Jol ka hotel Salak, Bogor, tempat konferensi, kaagehan keneh presentasi 3 
narasumber (abah Surya, Radar Panca Dahana, sareng sang wagub Jabar). Tadi kl 
tbh 20.20 ti Bogor biur deui ka Bandung, mulang ka rorompok. Mudah2an isuk 
pageto laporanana tiasa kakintunkeun ka milist.

Enya si kuring kasebutna mah panitia, tapi lain panitia tehnis dina 
prak-prakanana (OC), balikta panitia dina widang subtansi (SC), kitu oge teu 
nyeples SC sakumaha ilaharna (minangkana mah anu nyusun bahan pedoman eta 
kagiatan anu eusina: kasang tukang, tujuan & sasaran sareng tema, kalebet 
pembicara/prsenter pikeun eta kagiatan; kitu oge dibantosan ku kang Ahmad 
Samantho sareng nu sanesna). Taya lian sabab kadali (kendali) utama konferensi 
mah tetep aya di Dinas Pariwisata dan Kebudayaan (Disparbud) Jabar minangka anu 
gaduh hajat (host). Kukituna, hapunten anu kasuhun upama si kuring henteu tiasa 
nyayogikeun fasilitas anu nyugemakeun ka saha wae warga milist anu haat aya 
minat ngiringan eta konferensi.  


Lian ti eta, sacara waktu si kuring anu formalna gawe di kantor Badan Geologi 
oge kawatesan. Upamana wae, ti antara tanggal 15-23 Oktober 2010 si kuring aya 
di Manado jadi panitia pertemuan taunan CCOP (sacara bebas ditarjamahkeun: 
panitia koordinasi program geosains sa Asia-Pasifik kalawan peninjau ti Eropa 
sareng Amerika) anu taun ieu nu gaduh hajatna teh Indonesia, nyatana kantor 
tempat si kuring digawe pisan; kalayan Manado, provinsi Sulut kapilih salaku 
tempat dilaksanakeunana eta riungan CCOP taun ieu. 


Sakitu heula minangka pamairan sareng laporan singget dina ieu jejer.

baktosna,
manar
 


 


2010/10/25 nurul iman <[email protected]>

  
>
>Kang, pesertana dibatasinya, henteu umum??? Sim abdi ningal dina :
>
>http://ahmadsamantho.wordpress.com/2010/09/09/international-conference-on-sunda-land-civilization-nature-wisdom/
>
>
>Kumaha atuh, da sim abdi mah rakyat biasa sanes jalmi nu gaduh jabatan luhur, 
>kinten2 tiasa ngiringan eta konferensi teu??? 
>
>Nyuhunkeun informasinya....
>
>
>--- Pada Sen, 25/10/10, Deni Indra Kelana <[email protected]> menulis:
>
>
>>Dari: Deni Indra Kelana <[email protected]>
>>Judul: Re: [kisunda] Konférénsi Budaya Sunda
>>Kepada: [email protected]
>>Tanggal: Senin, 25 Oktober, 2010, 7:04 AM
>>
>>
>>
>>  
>>Mugi-mugi sing ngahasilkeun buah anu mangpaat.. Amiiin..
>>
>>
>>
>>
>>
>>
________________________________
From: "[email protected]" <[email protected]>
>>To: [email protected]
>>Sent: Monday, October 25, 2010 17:02:11
>>Subject: Re: [kisunda] Konférénsi Budaya Sunda
>>
>>  
>>Appreciate for arrange this venue and Just waiting for the  Action Plan for 
>>the 
>>REINVENTING Sunda!!! 
>>
>>Powered by Telkomsel BlackBerry®
________________________________

>>From:  Tukang Wawar <[email protected]> 
>>Sender:  [email protected] 
>>Date: Mon, 25 Oct 2010 12:41:15 +0700
>>To: <[email protected]>; <[email protected]>
>>ReplyTo:  [email protected] 
>>Subject: [kisunda] Konférénsi Budaya Sunda
>>
>>  
>>Senin, 25 Oktober 2010
>>Konférénsi Budaya Sunda
>>Dines Pariwisata sarta Kabudayaan Propinsi Jawa Barat digawé babarengan jeung 
>>Komisi Nasional Indonésia pikeun UNESCO ngagelar "International Conference on 
>>Sundanese Culture" di Hotél Salak the Heritage, Kota Bogor, Senén (25/10) 
>>nepi 
>>ka Rebo (27/10). Kagiatan éta boga tujuan pikeun numuwuhkeun katresna 
>>masarakat 
>>Jawa Barat ka budaya Sunda minangka modal pikeun pangwangunan nasional.
>>
>>Téma acara éta téh "Reinventing Sunda in Strengthening the Nasional Culture 
>>and 
>>Promoting Cultural Diversity"atawa "Manggihan Deui Budaya Sunda Dina 
>>Ngukuhkeun 
>>Kabudayaan Nasional sarta Ngapromosikeun Budaya". Acara éta ogé baris dieusi 
>>kalayan sagala rupa kagiatan, di antarana konférénsi internasional, pameran 
>>sarta pagelaran seni, sarta ngadatangan ka Situs Batujaya Kabupatén Karawang. 
>>Kagiatan éta baris dihadiran kira-kira 350 peserta ti sagala rupa golongan, 
>>di 
>>antarana instansi pamaréntah, akademisi, budayawan, LSM, sarta média.Dina 
>>konférénsi anu dilaksanakeun Senén (25/10) ieu baris dibahas ngeunaan sajarah 
>>Sunda sarta pakait jeung kabudayaan-kabudayaan nasional sarta dunya. Sajumlah 
>>pembicara ti Indonesia jeung luar nagari baris nyokot bagian dina konférénsi 
>>éta. Salah sahijina nyaéta Pupuhu Komisi Nasional pikeun UNESCO Prof. Dr. 
>>Arief 
>>Rachman, Diréktur Titilar Purbakala Kementerian Budaya sarta Pariwisata RI 
>>Dr. 
>>Junus Satrio Atmodjo, sarta Guru Besar Arkeologi Universitas Indonésia Prof. 
>>Edi 
>>Sediawati.
>>
>>
>>Samentara éta, pembicara ti luar nagari nyaéta peneliti sakaligus Director of 
>>Atlantis Publication Dr. Frank Joseph Hoff sarta peneliti ti Universitas 
>>Oxford, 
>>Inggris, Dr. Stephen Oppenheimer.
>>
>>
>>Pameran
>>
>>
>>Dina poé anu sarua ogé baris dilaksanakeun pameran anu mintonkeun sajumlah 
>>bukti-bukti sajarah Sunda ti tujuh musieum di Jawa Barat. Sagala rupa titilar 
>>sajarah ti jaman megalitikum nepi ka jaman modern baris ngeusian sajumlah 
>>stan 
>>di pameran éta.
>>
>>
>>Kapala Dines Kabudayaan sarta Pariwisata Jawa Barat, Herdiwan ngeceskeun, 
>>kagiatan éta boga tujuan ambéh masarakat Jawa Barat leuwih mikawanoh sacara 
>>jero 
>>ka budaya Sunda ku kituna ngajadikeunna minangka kebanggaan. Nurutkeun 
>>manéhna, 
>>dumasar penelusurana sacara awut ka sajumlah sakola di Jawa Barat, kalolobaan 
>>pelajar tacan nyurtian sajarah sarta budaya Sunda.
>>
>>
>>Herdiwan ngunggelkeun, lamun ditelaah, kabudayaan Sunda ngabogaan pangaruh 
>>anu 
>>badag ka peradaban dunya. Ngaliwatan kagiatan éta, Herdiwan ngaharepkeun 
>>ambéh 
>>sakumna masarakat Jawa Barat bisa ngamekarkeun katresna maranéhanana ka 
>>budaya 
>>Sunda ku kituna jadi modal dasar pikeun pangwangunan boh di tingkat regional 
>>boh 
>>nasional.
>>Posted by majalah basa sunda balébat at  08.36
>>-- 
>>Majalah Balébat
>>Padépokan Riksa Sunda
>>Jl. Raya Leuwiliang Km.14 No.26-27 
>>Ciampéa - Bogor 16620 
>>Telp.  08121112982 
>>Surélék : [email protected]/[email protected]
>>http://balebat.com 
>> 
>

 


      

Kirim email ke