Sumping wae enjing, meungpeung masih aya keneh dua dinten deui. Insya Alloh
teu kedah mayar sagala. Ngan wayahna, fasilitas pamondokan upama tea mah
bade ngawengi di Bogor milarian nyalira. Sim kuring sorangan sigana teu
tiasa ngiringan eta acara dugi ka rengse jalaran di rorompok pun bojo kirang
sehat teu tiasa dikantunkeun, lian ti memang poean salila seminar teh si
kuring ti kantor teu diizinan cuti.

Tadi poe kahiji ngalongok ka konferensi, sanajan rada telat jalaran miang ti
Bandung tos lohor kusabab di kantor kudu mimpin heula salah sahiji rapat
dines. Jol ka hotel Salak, Bogor, tempat konferensi, kaagehan keneh
presentasi 3 narasumber (abah Surya, Radar Panca Dahana, sareng sang wagub
Jabar). Tadi kl tbh 20.20 ti Bogor biur deui ka Bandung, mulang ka rorompok.
Mudah2an isuk pageto laporanana tiasa kakintunkeun ka milist.

Enya si kuring kasebutna mah panitia, tapi lain panitia tehnis dina
prak-prakanana (OC), balikta panitia dina widang subtansi (SC), kitu oge teu
nyeples SC sakumaha ilaharna (minangkana mah anu nyusun bahan pedoman eta
kagiatan anu eusina: kasang tukang, tujuan & sasaran sareng tema, kalebet
pembicara/prsenter pikeun eta kagiatan; kitu oge dibantosan ku kang Ahmad
Samantho sareng nu sanesna). Taya lian sabab kadali (kendali) utama
konferensi mah tetep aya di Dinas Pariwisata dan Kebudayaan (Disparbud)
Jabar minangka anu gaduh hajat (host). Kukituna, hapunten anu kasuhun upama
si kuring henteu tiasa nyayogikeun fasilitas anu nyugemakeun ka saha wae
warga milist anu haat aya minat ngiringan eta konferensi.

Lian ti eta, sacara waktu si kuring anu formalna gawe di kantor Badan
Geologi oge kawatesan. Upamana wae, ti antara tanggal 15-23 Oktober 2010 si
kuring aya di Manado jadi panitia pertemuan taunan CCOP (sacara bebas
ditarjamahkeun: panitia koordinasi program geosains sa Asia-Pasifik kalawan
peninjau ti Eropa sareng Amerika) anu taun ieu nu gaduh hajatna teh
Indonesia, nyatana kantor tempat si kuring digawe pisan; kalayan Manado,
provinsi Sulut kapilih salaku tempat dilaksanakeunana eta riungan CCOP taun
ieu.

Sakitu heula minangka pamairan sareng laporan singget dina ieu jejer.

baktosna,
manar





2010/10/25 nurul iman <[email protected]>

>
>
>
> Kang, pesertana dibatasinya, henteu umum??? Sim abdi ningal dina :
>
>
> http://ahmadsamantho.wordpress.com/2010/09/09/international-conference-on-sunda-land-civilization-nature-wisdom/
>
> Kumaha atuh, da sim abdi mah rakyat biasa sanes jalmi nu gaduh jabatan
> luhur, kinten2 tiasa ngiringan eta konferensi teu???
> Nyuhunkeun informasinya....
>
>
> --- Pada *Sen, 25/10/10, Deni Indra Kelana <[email protected]>*menulis:
>
>
> Dari: Deni Indra Kelana <[email protected]>
> Judul: Re: [kisunda] Konférénsi Budaya Sunda
> Kepada: [email protected]
> Tanggal: Senin, 25 Oktober, 2010, 7:04 AM
>
>
>
>
> Mugi-mugi sing ngahasilkeun buah anu mangpaat.. Amiiin..
>
>
> ------------------------------
> *From:* "[email protected]" <[email protected]>
> *To:* [email protected]
> *Sent:* Monday, October 25, 2010 17:02:11
> *Subject:* Re: [kisunda] Konférénsi Budaya Sunda
>
>
>
> Appreciate for arrange this venue and Just waiting for the Action Plan for
> the REINVENTING Sunda!!!
>
> Powered by Telkomsel BlackBerry®
> ------------------------------
> *From: * Tukang Wawar <[email protected]>
> *Sender: * [email protected]
> *Date: *Mon, 25 Oct 2010 12:41:15 +0700
> *To: *<[email protected]>; <[email protected]>
> *ReplyTo: * [email protected]
> *Subject: *[kisunda] Konférénsi Budaya Sunda
>
>
>
> Senin, 25 Oktober 2010
>  Konférénsi Budaya 
> Sunda<http://majalah-balebat.blogspot.com/2010/10/konferensi-budaya-sunda.html>
>
> <http://2.bp.blogspot.com/_u2n53vx9ME0/TMTevD1AXgI/AAAAAAAAAOg/TI8dxRSYTTQ/s1600/unesco1.jpg>Dines
> Pariwisata sarta Kabudayaan Propinsi Jawa Barat digawé babarengan jeung
> Komisi Nasional Indonésia pikeun UNESCO ngagelar *"International
> Conference on Sundanese Culture"* di Hotél Salak the Heritage, Kota Bogor,
> Senén (25/10) nepi ka Rebo (27/10). Kagiatan éta boga tujuan pikeun
> numuwuhkeun katresna masarakat Jawa Barat ka budaya Sunda minangka modal
> pikeun pangwangunan nasional.
>
> Téma acara éta téh *"Reinventing Sunda in Strengthening the Nasional
> Culture and Promoting Cultural Diversity"*atawa "Manggihan Deui Budaya
> Sunda Dina Ngukuhkeun Kabudayaan Nasional sarta Ngapromosikeun Budaya".
> Acara éta ogé baris dieusi kalayan sagala rupa kagiatan, di antarana
> konférénsi internasional, pameran sarta pagelaran seni, sarta ngadatangan ka
> Situs Batujaya Kabupatén Karawang. Kagiatan éta baris dihadiran kira-kira
> 350 peserta ti sagala rupa golongan, di antarana instansi pamaréntah,
> akademisi, budayawan, LSM, sarta média.
> Dina konférénsi anu dilaksanakeun Senén (25/10) ieu baris dibahas ngeunaan
> sajarah Sunda sarta pakait jeung kabudayaan-kabudayaan nasional sarta dunya.
> Sajumlah pembicara ti Indonesia jeung luar nagari baris nyokot bagian dina
> konférénsi éta. Salah sahijina nyaéta Pupuhu Komisi Nasional pikeun UNESCO
> Prof. Dr. Arief Rachman, Diréktur Titilar Purbakala Kementerian Budaya sarta
> Pariwisata RI Dr. Junus Satrio Atmodjo, sarta Guru Besar Arkeologi
> Universitas Indonésia Prof. Edi Sediawati.
>
> Samentara éta, pembicara ti luar nagari nyaéta peneliti sakaligus *Director
> of Atlantis Publication* Dr. Frank Joseph Hoff sarta peneliti ti
> Universitas Oxford, Inggris, Dr. Stephen Oppenheimer.
>
> *Pameran*
>
> Dina poé anu sarua ogé baris dilaksanakeun pameran anu mintonkeun sajumlah
> bukti-bukti sajarah Sunda ti tujuh musieum di Jawa Barat. Sagala rupa
> titilar sajarah ti jaman megalitikum nepi ka jaman modern baris ngeusian
> sajumlah stan di pameran éta.
>
> Kapala Dines Kabudayaan sarta Pariwisata Jawa Barat, Herdiwan ngeceskeun,
> kagiatan éta boga tujuan ambéh masarakat Jawa Barat leuwih mikawanoh sacara
> jero ka budaya Sunda ku kituna ngajadikeunna minangka kebanggaan. Nurutkeun
> manéhna, dumasar penelusurana sacara awut ka sajumlah sakola di Jawa Barat,
> kalolobaan pelajar tacan nyurtian sajarah sarta budaya Sunda.
>
> Herdiwan ngunggelkeun, lamun ditelaah, kabudayaan Sunda ngabogaan pangaruh
> anu badag ka peradaban dunya. Ngaliwatan kagiatan éta, Herdiwan ngaharepkeun
> ambéh sakumna masarakat Jawa Barat bisa ngamekarkeun katresna maranéhanana
> ka budaya Sunda ku kituna jadi modal dasar pikeun pangwangunan boh di
> tingkat regional boh nasional.
>  Posted by majalah basa sunda balébat at  08.36
> --
> Majalah Balébat
> Padépokan Riksa Sunda
> Jl. Raya Leuwiliang Km.14 No.26-27
> Ciampéa - Bogor 16620
> Telp.  08121112982
> Surélék : [email protected]/[email protected]
>  <http://[email protected]/[email protected]>http://balebat.com
>
>
>  
>

Kirim email ke