Aeh, sae malahan mah, kang Rachmat. Jadi aya input kanggo perbaikan. Ngeunaan lajuninglaku, eta pisan anu ditalatahkeun ku prof Arief Rahman ti Komisi Nasional Indonesia untuk Unesco dina persiapan eta acara kl 2 bulan ka tukang. Pa Kadisparbud harita disarengan ku 2 urang anggota panitia SC nepangan p Arief dina raraga nyuhunkeun dukungan UNESCO kanggo pelaksanaan eta acara.
Aya 3 talatah p Arief harita anu penting, nyaeta: 1) Sangkan ieu kagiatan aya lajuninglakuna, ulah ukur eureun sarengsena konferensi; 2) Sangkan aya organisasi anu ngurus ieu kagiatan saterusna, saena eta organisasi teh ayana di paguron luhur; 3) Sangkan anu haladir / anu diulem ka konferensi teh bener2 anu aya pakuat-pakaitna sareng eta kagiatan oge serius dina ngabandungan sareng nuturkeun eta kagiatan. Pikeun nomer 1), Insya Alloh, upami teu aya hiji oge pihak anu bade neraskeun eta kagiatan, minimal di tataran internet mah tos ngawitan aya lajuninglaku (website). Pikeun anu nomer 2), nya urang antosan wae, naha engke aya organisasi di paguron luhur atawa di masyarakat (LSM/yayasan) atawa malah Pamarentah Daerah ku anjeun anu neruskeun eta kagiatan; atawa, peun, ukur nepi ka dinten ieu. Pikeun nomer 3), tah ieu mah kawenanganana aya di Disparbud salaku host atawa anu gaduh hajat. Anu jelas, si kuring tos ngalebetkeun sababaraha person anu sakira2 pantes kanggo diulem. Anu katilu kalintang pakaitna sareng kaparigelan tehnis dina ngalaksanakeun eta acara. manar 2010/10/27 MRachmat Rawyani <[email protected]> > > > Kamari komentar ti kuring perkara konferensi budaya Sunda, mung saukur > 'Heureuy', tong teuing dilebetkeun ka hate. > Anu matak pikawatireun, para peserta didominasi ku para sepuh, aya oge > generasi mudana. Jigana wae teu tahan lami cicing dina korsi. > Kedah aya forum "lanjutan" sabada konferensi, anu sifatna praktis, fokus, > gampil dipraktekeun, disosialisasikeun ka masyarakat. > > > > Baktos, > Mrachmatrawyani > > > ------------------------------ > *From:* oman abdurahman <[email protected]> > *To:* [email protected] > *Sent:* Tue, October 26, 2010 8:14:05 AM > > *Subject:* Re: [kisunda] Konférénsi Budaya Sunda > > > > Tah nuhun tos dikawitan ku kang Rachmat laporan teh. Urang padungdengkeun > wae meh aya second opinion atawa katerangan tambahan. > > Ngeunaan eusining presentasi pa Radhar Panca Dahana rada mengpar, > konsekuensi eta mah. kitu oge upama disawang tina reinventing Sunda dina > harti heureut. Tapi, upama disawang tina strengthening the national culture, > nya aya oge pakaitna. Hiji hal anu kacekel ku kuring mangrupa kacindekan > tina presentasina yen urang Sunda oge kudu ngurus laut, kudu inget yen asal > mula bagsa Indonesia teh, kaasup Sunda, eta bangsa maritim. > > Radhar sabenerna ngingetkeun hiji hal anu subtansial yen tatanana geografis > Indonesia geus ngalahirkeun budaya anu maju boh dina budaya fisik > (teknologi) atawa perilaku (kerukunan hirup beraneka suku bangsa) dina > mangsana. Hal ieu teh minangka khas tina budaya maritim keur Indonesia. > Radhar oge ngingetkeun yen ayeuna bangsa Indonesia kacida katinggaleunana > dina sagala bidang kusabab ninggalkeun watek asalna anu budaya maritim tea. > Pakaitna jeung Sunda? Ceuk kuring ieu mah : Jaman Tarumanagara, raja > Purnawarman oge merhatikeun laut, sakurang-kurangna budaya cai (kanalisasi, > jst). > > Ngeunaan presentasi abah, soal bukti asal muasal bangsa-bangsa ti Sunda > (minimal ukuran Asis Tenggara) memang henteu dirojong ku data tertulis. Sok > sanajan abah nyeratkeun naon rupa anu didugikeun ku kepala Suku Dayak waktu > anjeunna tepang taun 60-an, tetep wae ti urang Dayakna mah ditepikeun ku > cara pitutur (lisan). Sacara sagemblengna, abah tos usaha maparin katerangan > ngeunaan periodisasi mangsa dina sejarah Sunda (bihari, kamari, kiwari jeung > baring supagi). Hal ieu ceuk kuring ngarupakeun hal anyar jeung bisa > ngalahirkeun diskusi akademis. > > Ari presentasi p Wagub mah standar. Mataholangna nepikeun program > pangwangunan kabudayaan di Jawa Barat. Dina sababaraha hal, kalayan > ngabandingkeun program ti pejabat samemehna, ceuk kuring lumayan aya > kamajuan. Ngan, dina sababaraha hal oge p Wagub memang masih perlu neuleuman > pangaweruh sajarah Jabar (baca: Sunda) anu tos jadi pangaweruh umum. Usaha > anjeunna pikeun nyieun ikon Jabar lian ti gedung sate hade oge dirojong ku > urang. > > Ngeunaan panitia (OC), hehehe, kitu pisan, kang Rachmat. Si kuring oge > nanyakeun seminar kit teh hare-hare (pedah telat datang jeung teu bisa nepi > ka anggeus meureun kuringna). Sawatara si kuring teu gaduh otoritas makieuh > panitia (OC). Sok sanajan kitu, hal ieu tos kairong ti awal si kuring > mutuskeun ancrub dina panitia SC. Ceuk angkeuhan, keun wae anu ayeuna secara > tehnis rada kurang nyugemakeun, anu penting bandera diskusi ngeunaan > hubungan alam, filsafat jeung budaya geus dikelebetkeun. > > Keur kuring konferensi lain tujuan, tapi alat wae, alat keur manggihan > hubungan tadi pakeun digunakeun ayeuna jeung pikahareupeun. Lamun ayeuna > kasebut gagal, sugan ka hareup leuwih hade. Lamun satutasna ieu konferensi > ieu piruha (seuneu) sumanget ngaguar hubungan alam-filsafat-budaya di Tatar > Sunda aya anu neruskeun, upamana ku paguron luhur, keur kuring eta geus > mangrupa hiji hontalan anu gede hartina. > > Di sagigireun eta, gaungna persiapan ieu acara di dunya maya cukup > nyugemakeun. Website anu diwangun bareng jeung ieu acara, > http://atlantissunda.wordpress.com/ lumayan mere harepan. Dina jero kurang > ti sabulan eta situs geus dideugdeug ku teu kurang ti 100.000 anu > ngadeugdeug. > > Ala kuli hal, hatur nuhun kang Rachmat asupanana, katampi pisan, lian keur > intropeksi oge keur tepikeuneun ka panitia tehnis. > > baktosna, > manar > > > > 2010/10/26 MRachmat Rawyani <[email protected]> > >> >> >> Radhar Pantja Dahana asana teh presentasina rada "mengpar" tina jejer >> utama. Abah Surya anu ngajentrekuen dongeng ti Urang Dayak perkara sajarah >> Sunda heunteu di dukung ku data sacara tertulis atanapi data ti pihak >> sanesna, cenderung subyektif. Juragan Dede Yusuf ngadongeng pangalaman di >> Cina sangkan barudak urang oge diawjibkeun zaroh ka situs-situs, teu aya >> substansial anu mendasar, kumaha strategi kabudayaan pemda Jabar dina >> 'ngigelan' pajamanan. Sigana samporet pisan waktu pikeun ngadadarkeun >> perkara ieu. >> (saya teu kabagean kaos jeung topi yeuh, paniciana rada cuek, foto copian >> makalahna bureng, teu jelas.Hanjakal konferensi tingkat internasional, >> palayananana ka tamu heunteu sabanding. Pananya ti para peserta oge, lebih >> banyak emosional tinimbang nalarna). >> >> Hanjakal teu tiasa ningali situs. >> >> Cik hoyong terang kumaha tah,acara dina dinten Rebo. Upama kaayanana masih >> siga acara hari pertama, berarti panicia "gagal" majukeun kasundaan di >> tataran global. >> >> baktos, >> >> mrachmatrawyani >> >> >> ------------------------------ >> *From:* oman abdurahman <[email protected]> >> *To:* [email protected] >> *Sent:* Mon, October 25, 2010 12:33:53 PM >> >> *Subject:* Re: [kisunda] Konférénsi Budaya Sunda >> >> >> >> Sumping wae enjing, meungpeung masih aya keneh dua dinten deui. Insya >> Alloh teu kedah mayar sagala. Ngan wayahna, fasilitas pamondokan upama tea >> mah bade ngawengi di Bogor milarian nyalira. Sim kuring sorangan sigana teu >> tiasa ngiringan eta acara dugi ka rengse jalaran di rorompok pun bojo kirang >> sehat teu tiasa dikantunkeun, lian ti memang poean salila seminar teh si >> kuring ti kantor teu diizinan cuti. >> >> Tadi poe kahiji ngalongok ka konferensi, sanajan rada telat jalaran miang >> ti Bandung tos lohor kusabab di kantor kudu mimpin heula salah sahiji rapat >> dines. Jol ka hotel Salak, Bogor, tempat konferensi, kaagehan keneh >> presentasi 3 narasumber (abah Surya, Radar Panca Dahana, sareng sang wagub >> Jabar). Tadi kl tbh 20.20 ti Bogor biur deui ka Bandung, mulang ka rorompok. >> Mudah2an isuk pageto laporanana tiasa kakintunkeun ka milist. >> >> Enya si kuring kasebutna mah panitia, tapi lain panitia tehnis dina >> prak-prakanana (OC), balikta panitia dina widang subtansi (SC), kitu oge teu >> nyeples SC sakumaha ilaharna (minangkana mah anu nyusun bahan pedoman eta >> kagiatan anu eusina: kasang tukang, tujuan & sasaran sareng tema, kalebet >> pembicara/prsenter pikeun eta kagiatan; kitu oge dibantosan ku kang Ahmad >> Samantho sareng nu sanesna). Taya lian sabab kadali (kendali) utama >> konferensi mah tetep aya di Dinas Pariwisata dan Kebudayaan (Disparbud) >> Jabar minangka anu gaduh hajat (host). Kukituna, hapunten anu kasuhun upama >> si kuring henteu tiasa nyayogikeun fasilitas anu nyugemakeun ka saha wae >> warga milist anu haat aya minat ngiringan eta konferensi. >> >> Lian ti eta, sacara waktu si kuring anu formalna gawe di kantor Badan >> Geologi oge kawatesan. Upamana wae, ti antara tanggal 15-23 Oktober 2010 si >> kuring aya di Manado jadi panitia pertemuan taunan CCOP (sacara bebas >> ditarjamahkeun: panitia koordinasi program geosains sa Asia-Pasifik kalawan >> peninjau ti Eropa sareng Amerika) anu taun ieu nu gaduh hajatna teh >> Indonesia, nyatana kantor tempat si kuring digawe pisan; kalayan Manado, >> provinsi Sulut kapilih salaku tempat dilaksanakeunana eta riungan CCOP taun >> ieu. >> >> Sakitu heula minangka pamairan sareng laporan singget dina ieu jejer. >> >> baktosna, >> manar >> >> >> >> >> >> 2010/10/25 nurul iman <[email protected]> >> >>> >>> >>> >>> Kang, pesertana dibatasinya, henteu umum??? Sim abdi ningal dina : >>> >>> >>> http://ahmadsamantho.wordpress.com/2010/09/09/international-conference-on-sunda-land-civilization-nature-wisdom/ >>> >>> Kumaha atuh, da sim abdi mah rakyat biasa sanes jalmi nu gaduh jabatan >>> luhur, kinten2 tiasa ngiringan eta konferensi teu??? >>> Nyuhunkeun informasinya.... >>> >>> >>> --- Pada *Sen, 25/10/10, Deni Indra Kelana <[email protected]>*menulis: >>> >>> >>> Dari: Deni Indra Kelana <[email protected]> >>> Judul: Re: [kisunda] Konférénsi Budaya Sunda >>> Kepada: [email protected] >>> Tanggal: Senin, 25 Oktober, 2010, 7:04 AM >>> >>> >>> >>> >>> Mugi-mugi sing ngahasilkeun buah anu mangpaat.. Amiiin.. >>> >>> >>> ------------------------------ >>> *From:* "[email protected]" <[email protected]> >>> *To:* [email protected] >>> *Sent:* Monday, October 25, 2010 17:02:11 >>> *Subject:* Re: [kisunda] Konférénsi Budaya Sunda >>> >>> >>> >>> Appreciate for arrange this venue and Just waiting for the Action Plan >>> for the REINVENTING Sunda!!! >>> >>> Powered by Telkomsel BlackBerry® >>> ------------------------------ >>> *From: * Tukang Wawar <[email protected]> >>> *Sender: * [email protected] >>> *Date: *Mon, 25 Oct 2010 12:41:15 +0700 >>> *To: *<[email protected]>; <[email protected]> >>> *ReplyTo: * [email protected] >>> *Subject: *[kisunda] Konférénsi Budaya Sunda >>> >>> >>> >>> Senin, 25 Oktober 2010 >>> Konférénsi Budaya >>> Sunda<http://majalah-balebat.blogspot.com/2010/10/konferensi-budaya-sunda.html> >>> >>> <http://2.bp.blogspot.com/_u2n53vx9ME0/TMTevD1AXgI/AAAAAAAAAOg/TI8dxRSYTTQ/s1600/unesco1.jpg>Dines >>> Pariwisata sarta Kabudayaan Propinsi Jawa Barat digawé babarengan jeung >>> Komisi Nasional Indonésia pikeun UNESCO ngagelar *"International >>> Conference on Sundanese Culture"* di Hotél Salak the Heritage, Kota >>> Bogor, Senén (25/10) nepi ka Rebo (27/10). Kagiatan éta boga tujuan pikeun >>> numuwuhkeun katresna masarakat Jawa Barat ka budaya Sunda minangka modal >>> pikeun pangwangunan nasional. >>> >>> Téma acara éta téh *"Reinventing Sunda in Strengthening the Nasional >>> Culture and Promoting Cultural Diversity"*atawa "Manggihan Deui Budaya >>> Sunda Dina Ngukuhkeun Kabudayaan Nasional sarta Ngapromosikeun Budaya". >>> Acara éta ogé baris dieusi kalayan sagala rupa kagiatan, di antarana >>> konférénsi internasional, pameran sarta pagelaran seni, sarta ngadatangan ka >>> Situs Batujaya Kabupatén Karawang. Kagiatan éta baris dihadiran kira-kira >>> 350 peserta ti sagala rupa golongan, di antarana instansi pamaréntah, >>> akademisi, budayawan, LSM, sarta média. >>> Dina konférénsi anu dilaksanakeun Senén (25/10) ieu baris dibahas >>> ngeunaan sajarah Sunda sarta pakait jeung kabudayaan-kabudayaan nasional >>> sarta dunya. Sajumlah pembicara ti Indonesia jeung luar nagari baris nyokot >>> bagian dina konférénsi éta. Salah sahijina nyaéta Pupuhu Komisi Nasional >>> pikeun UNESCO Prof. Dr. Arief Rachman, Diréktur Titilar Purbakala >>> Kementerian Budaya sarta Pariwisata RI Dr. Junus Satrio Atmodjo, sarta Guru >>> Besar Arkeologi Universitas Indonésia Prof. Edi Sediawati. >>> >>> Samentara éta, pembicara ti luar nagari nyaéta peneliti sakaligus *Director >>> of Atlantis Publication* Dr. Frank Joseph Hoff sarta peneliti ti >>> Universitas Oxford, Inggris, Dr. Stephen Oppenheimer. >>> >>> *Pameran* >>> >>> Dina poé anu sarua ogé baris dilaksanakeun pameran anu mintonkeun >>> sajumlah bukti-bukti sajarah Sunda ti tujuh musieum di Jawa Barat. Sagala >>> rupa titilar sajarah ti jaman megalitikum nepi ka jaman modern baris >>> ngeusian sajumlah stan di pameran éta. >>> >>> Kapala Dines Kabudayaan sarta Pariwisata Jawa Barat, Herdiwan ngeceskeun, >>> kagiatan éta boga tujuan ambéh masarakat Jawa Barat leuwih mikawanoh sacara >>> jero ka budaya Sunda ku kituna ngajadikeunna minangka kebanggaan. Nurutkeun >>> manéhna, dumasar penelusurana sacara awut ka sajumlah sakola di Jawa Barat, >>> kalolobaan pelajar tacan nyurtian sajarah sarta budaya Sunda. >>> >>> Herdiwan ngunggelkeun, lamun ditelaah, kabudayaan Sunda ngabogaan >>> pangaruh anu badag ka peradaban dunya. Ngaliwatan kagiatan éta, Herdiwan >>> ngaharepkeun ambéh sakumna masarakat Jawa Barat bisa ngamekarkeun katresna >>> maranéhanana ka budaya Sunda ku kituna jadi modal dasar pikeun pangwangunan >>> boh di tingkat regional boh nasional. >>> Posted by majalah basa sunda balébat at 08.36 >>> -- >>> Majalah Balébat >>> Padépokan Riksa Sunda >>> Jl. Raya Leuwiliang Km.14 No.26-27 >>> Ciampéa - Bogor 16620 >>> Telp. 08121112982 >>> Surélék : [email protected]/[email protected] >>> <http://[email protected]/[email protected]> >>> http://balebat.com >>> >>> >>> >> >> > > >
