Mbah Marijan geus maot, maotna sagala "seungit": Mayitna kapanggih keur sujud,
waktu tadi dikuburkeun, nu nganteurkeun rebuan, nu haladir oge loba lain
jalma samanea, aya para gegeden jeung kaum pesohor ti jakarta. Media-media
nyarebutkeun cenah Mbah Marijan teh picontoeun, sabab conto jalma tuhu kana
tugas, parentah ti raja Yogya, jadi kuncen Gunung Merapi tepi ka perlayana ....
Tapi hate leutik kuring teu pati narima, lain arek nyalahkeun Mbah Marijan nu
geus maot, tapi kalakuan kaleuleuwihi tinu hirup ka Mbah Marijan. Kunaon Mbah
Marijan bet siga "dipahlawankeun"? Padahal si Mbah ieu, sacara teu langsung,
ngakibatkeun belasan jelema nemahan pati. Lamun wae manehna harita daek
dievakuasi, meureun korban moal loba kitu. Sikep "bedegong" si Mbah teh lain
picontoeun sabab nyilakakeun. Anehna hal ieu teu ditonjolkeun, nu ditonjolkeun
teh hal-hal nu positipna wungkul.
Umumna dina bancang pakewuh, sok mucunghul "pahlawan kamanusaan", jalma nu teu
nolih kana dirina, nulungan nu sejen supaya salamet. Jalma-jalma ieu sok dihaja
dimucunghulkeun/ ditonjolkeun ku media. Tapi dina bancang pakewuh Merapi taun
2010 mah, aya kaanehan, nu ditonjolkeun teh lain "pahlawan kamanusaan", tapi
"kabedegongan" nu disebutkeun "pengabdian tuhu kana tugas parentah raja".
Sugan aya baraya anu bisa leuwih jero nempo, cik msayarakat di nagara urang teh
keur ngalaman "gejala" naon ieu teh?
Baktos,
WALUYA
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
[email protected]
[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/