Perkara panutan asa klop jeung cop jeung kaayaan ayeuna. Geura mangga keur aya 
musibah nu ngajajar ti Wasior, Tsunami Sumbar, Merapi pamingpin asa leledah, 
teu 
gesit dina ayana, malah kalah iinditan...... Asana garancang poho eta presiden 
Chili nyontoan laku nu hade ngarespon jalma nu karugrugan di lokasi 
panambangan. 


Bakat ku hayang panutan nepi ka padamel porno neang panutan film porno si 
Miyabi 
ti Jepang jeung Tera Patrick ti Amerika....lieur nyaan urang Indonesia kiwari!!

 ~ experientia docet sapientiam ~




________________________________
From: Dudi Herlianto <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Friday, October 29, 2010 1:49:05
Subject: Re: [kisunda] Mbah Marijan ....

  
abdi dalem sapuk kana pamendak salira, tohaan. panutan nu teu aya di urang teh.


2010/10/28 <[email protected]>

  
>lieuk euweuh ragap taya panutan
>Powered by Telkomsel BlackBerry®
________________________________

>From:  "Waluya" <[email protected]> 
>Sender:  [email protected] 
>Date: Thu, 28 Oct 2010 13:21:56 -0000
>To: <[email protected]>
>ReplyTo:  [email protected] 
>Subject: [kisunda] Mbah Marijan ....
>
>  
>Mbah Marijan geus maot, maotna sagala "seungit": Mayitna kapanggih keur sujud, 
>waktu tadi dikuburkeun, nu nganteurkeun rebuan, nu haladir  oge  loba lain 
>jalma 
>samanea, aya para gegeden jeung kaum pesohor ti jakarta. Media-media 
>nyarebutkeun cenah Mbah Marijan teh picontoeun, sabab conto jalma tuhu kana 
>tugas,  parentah ti raja Yogya, jadi kuncen Gunung Merapi tepi ka perlayana 
>....
>
>Tapi hate leutik kuring teu pati narima, lain arek nyalahkeun Mbah Marijan nu 
>geus maot, tapi kalakuan kaleuleuwihi tinu hirup ka Mbah Marijan. Kunaon Mbah 
>Marijan bet siga "dipahlawankeun"? Padahal si Mbah ieu, sacara teu langsung, 
>ngakibatkeun belasan jelema nemahan pati. Lamun wae manehna harita daek 
>dievakuasi, meureun korban moal loba kitu. Sikep "bedegong" si Mbah teh lain 
>picontoeun sabab nyilakakeun. Anehna hal ieu teu ditonjolkeun, nu ditonjolkeun 
>teh hal-hal nu positipna wungkul.
>
>Umumna dina bancang pakewuh, sok mucunghul "pahlawan kamanusaan", jalma nu teu 
>nolih kana dirina, nulungan nu sejen supaya salamet. Jalma-jalma ieu sok 
>dihaja 
>dimucunghulkeun/ ditonjolkeun ku media. Tapi dina  bancang pakewuh Merapi taun 
>2010 mah, aya kaanehan, nu ditonjolkeun teh lain "pahlawan kamanusaan", tapi 
>"kabedegongan" nu disebutkeun "pengabdian tuhu kana tugas parentah raja".
>
>Sugan aya baraya anu bisa leuwih jero nempo, cik msayarakat di nagara urang 
>teh 
>keur ngalaman "gejala" naon ieu teh?
>
>Baktos,
>WALUYA
>
>
>__.____


-- 
d-: dudi herlianto :-q
paciringan.wordpress.com
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

 

Kirim email ke