abdi dalem sapuk kana pamendak salira, tohaan. panutan nu teu aya di urang teh.
2010/10/28 <[email protected]> > > > lieuk euweuh ragap taya panutan > > Powered by Telkomsel BlackBerry® > ------------------------------ > *From: * "Waluya" <[email protected]> > *Sender: * [email protected] > *Date: *Thu, 28 Oct 2010 13:21:56 -0000 > *To: *<[email protected]> > *ReplyTo: * [email protected] > *Subject: *[kisunda] Mbah Marijan .... > > > > Mbah Marijan geus maot, maotna sagala "seungit": Mayitna kapanggih keur > sujud, waktu tadi dikuburkeun, nu nganteurkeun rebuan, nu haladir oge loba > lain jalma samanea, aya para gegeden jeung kaum pesohor ti jakarta. > Media-media nyarebutkeun cenah Mbah Marijan teh picontoeun, sabab conto > jalma tuhu kana tugas, parentah ti raja Yogya, jadi kuncen Gunung Merapi > tepi ka perlayana .... > > Tapi hate leutik kuring teu pati narima, lain arek nyalahkeun Mbah Marijan > nu geus maot, tapi kalakuan kaleuleuwihi tinu hirup ka Mbah Marijan. Kunaon > Mbah Marijan bet siga "dipahlawankeun"? Padahal si Mbah ieu, sacara teu > langsung, ngakibatkeun belasan jelema nemahan pati. Lamun wae manehna harita > daek dievakuasi, meureun korban moal loba kitu. Sikep "bedegong" si Mbah teh > lain picontoeun sabab nyilakakeun. Anehna hal ieu teu ditonjolkeun, nu > ditonjolkeun teh hal-hal nu positipna wungkul. > > Umumna dina bancang pakewuh, sok mucunghul "pahlawan kamanusaan", jalma nu > teu nolih kana dirina, nulungan nu sejen supaya salamet. Jalma-jalma ieu sok > dihaja dimucunghulkeun/ ditonjolkeun ku media. Tapi dina bancang pakewuh > Merapi taun 2010 mah, aya kaanehan, nu ditonjolkeun teh lain "pahlawan > kamanusaan", tapi "kabedegongan" nu disebutkeun "pengabdian tuhu kana tugas > parentah raja". > > Sugan aya baraya anu bisa leuwih jero nempo, cik msayarakat di nagara urang > teh keur ngalaman "gejala" naon ieu teh? > > Baktos, > WALUYA > > __.____ > -- d-: dudi herlianto :-q paciringan.wordpress.com kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
