Jelema jahat mah aya di mana-mana. Di Arab ge sarua, teu bageur kabeh. Di 
Malaysia sarua, teu bageur kabeh. Pon kitu deui di Indonesia, teu saeutik 
jelema teu eucreug nu nganiaya badega teu aya ras-rasan. Sakuduna jalma jahat 
nu kejem ka jalma sejen mah kudu dihukum, boh di Indonesia, di Malaysia, atawa 
di Arab.

Kuring ngarojong pisan lamun pamingpin Indonesia menta kaadilan ka Arab Saudi 
supaya nyangkalak jalma jahiliah turunan Abu Lahab anu nganiaya badegana asal 
Indonesia. Lamun pamarentah Arab Saudi teu daek mere kaadilan, ceuk kuring mah 
Kedubes Arab Saudi kudu didemo nepi ka maranehna mere kaadilan.



      

Kirim email ke