"....Nya pami dipesekan mah, analisisna teu cekap mung tina budaya wungkul 
panginten. Sareng pami bade tina budaya ge kedah dipaluruh tina nilai budaya nu 
universal.."
 
Hayuu atuhh...kaleresan urang teh urang sunda, urang cobi tina kultur sunda.
 
"...supados teu tojaiah, culturalism approach tea saur teori mah. Tiasa oge 
dipaluruh tina sisi institusi sosial di masing2 nagara (urang sareng arab), boh 
pulitik, hukum, ekonomi sareng kamasyarakatan (institutionalism tea)...."
 
Sami kang nu kieu teh budaya oge,Budi jeung Daya manusia. Upami total jurusan 
di Universitas urang 10000 jurusan, urang anggap eta jurusan nu logis n tiasa 
di analisis...nu tiasa diperdebatkeun.Padahal mun nempo "ilmu" Tuhan mah bisa 
10000triliun  tibatan eta.10000 di bandingkan 10000triliun...eta mah is nothing 
wae...tanpa yang 10000 dunia ieu masih keneh jalan.....ieu mah seandai-andainya.
 
TM

--- Pada Jum, 19/11/10, Deni Indra Kelana <[email protected]> menulis:


Dari: Deni Indra Kelana <[email protected]>
Judul: [kisunda] Re: Naha bet jadi kana agama?
Kepada: [email protected]
Tanggal: Jumat, 19 November, 2010, 6:36 AM


  





Ngiringan. Sapuk Kang, mung urang oge kedah tiasa ningal ti sisi sanesna. 
Paralun ngawit nyual perkawis agama teh sanes bade ngagogoreng Islam, da puguh 
pan sim kuring oge Islam ari na KTP mah. Maksad sim kuring mah hayu urang 
jantenkeun bahan pieunteungeun, naha enya kalakuan kitu teh diajarkeun ku Islam 
atanapi henteu? Pami jawabannana henteu, sareng sim kuring oge yakin henteu, 
naha atuh kajadian2 siga kitu sering kacarioskeunnana di nagri2 anu mayoritas 
muslimna? Sanes Arab atanapi Malaysia wae, di urang oge apan seueur 
kacarioskeun, boh dina wujud kakejeman atanapi katoloheoran.

Maksad sim kuring pami tos kapaluruh naon anu janten sabab musababna, kantun 
tungkul kana kumaha carana sangkan ulah kalakonan deui? Jentrena mah, solusina 
siga kumaha. Tong waka kalis2 oknum deui oknum deui nu janten embe hideungna. 
Eta salah sawios panyawat urang mah, pami aya nanaon teh gampil pisan nyebat 
"tong disakompetdaunkeun atuh, eta mah oknum". Mun kecap oknum tos kaluar, atos 
weh asa leupas tangel waler da raraosannana mah si oknum teh sanes bagian tinu 
seueur...

Pon kitu deui dina masalah ieu, tibatan urang aduregeng nolak yen eta mah sanes 
Islam, eta mah Arab, eta mah oknum muslim, eta mah oknum Sunda, eta mah oknum 
dunungan, asana mah langkung payus pami ngaku we sajalantrahna. "leres eta nu 
ngalakukeun teh muslim", atanapi "leres eta urang sunda", mung sakaterang abdi 
Islam/Sunda mah sanes kitu, tapi kieu... Tah kumaha sangkan nu kitu teh janten 
kieu? nya urang kedah anu-anu panginten... Intina mah kumaha urang 
ngajantenkeun pasualan bagian ti diri urang sangkan tina pasualan nu aya 
kaluarna teh jalan kaluar kangge ngungkulannana, sanes matak mucunghulkeun 
masalah sanesna deui.

Nya pami dipesekan mah, analisisna teu cekap mung tina budaya wungkul 
panginten. Sareng pami bade tina budaya ge kedah dipaluruh tina nilai budaya nu 
universal, supados teu tojaiah, culturalism approach tea saur teori mah. Tiasa 
oge dipaluruh tina sisi institusi sosial di masing2 nagara (urang sareng arab), 
boh pulitik, hukum, ekonomi sareng kamasyarakatan (institutionalism tea).

Cag heula ah, bilih kapanjangan.
nuhun,

Deni









From: Akang Tajimalela <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Friday, November 19, 2010 12:02:54
Subject: Re: [kisunda] Naha beut jadi kana agama?

  






Satuju pisan sareng Kang Oman....
Urang kedah obyektif,bisa dibedakeun antara Individu, Agama, Arab jeung 
Islam...ulah kulantaran "sifat" arab-na agama Islam digogoreng padahal Islam 
jeung arab teh benten pisan anu arab acan tangtu Islam matak nu kieu hayuu 
urang paluruh dina kacamata Sunda.Mun urang obyektif mah moal dugikeun ka 
ribut, sakumaha anu atos2, salah sahiji contona "judul" Islam jeung Israel 
padahal nu leuwih pas mah Arab jeung Israel.  Conto sanes dina kapal marvimara 
anu diserang ku Israel etamah media nu "provokasi", padahal mun urang 
"Obyektif"  bisa jadi kapal relawan teh pinuh ku senjata jeung moal bodo Israel 
atuh wani nentang opini Internasional. Sareng masalah nu sanesna.
 
Kunaon agama sok "pipiluen" dina masalah nu sanes, ceuk uing mah teu lain teu 
sanes lantaran salah sahijina sajarah proklamasi agama2 kabeh ti arab, kondisi 
poliktik anu pinuh pertikaian,lantaran sifat urang arab kawentar leber 
wawanen.Tong harep urang arab ngga hiji nepikeun tungtung dunia. Dugikeun 
Kanjeng Rosul masih disemayamkeun, pertikaian mulai deui, ngan kabeulah 
dieu keun di tambah "Bumbu" ku istilah " Demi Allah jeung atas nama 
Rasulullah". Lain Islamna nu teu ngahiji tapi Arabna sareng Individu arabna, nu 
kieu teh diturutan ku "murid"na
 
Nu disebat kuuing diluhur saukur tinjauan budaya.....kaasup perkara nyandung nu 
disebat ku kang Ilen ti pertama.Matak hayu urang paluruh dina kacamata budaya.
 
Matak di uing mah aya Istilah "Ceuli arab"...lain "ceuli Islam"....hahahhah
 
Tos Heula
 
TM
--- Pada Kam, 18/11/10, oman abdurahman <[email protected]> menulis:


Dari: oman abdurahman <[email protected]>
Judul: Re: [kisunda] Naha beut jadi kana agama?
Kepada: [email protected]
Tanggal: Kamis, 18 November, 2010, 1:45 PM


  

Kuring satuju, masalah goreng patutna karakter hiji jelema atawa sagolongan 
jelema teu meunang dipakuat-pakaitkeun jeung agama, komo dijadikeun kasempetan 
ngajejelah agama nu lain jadi agemanana mah, teu adil jeung bisa kaasup 
nangtang.

manar


2010/11/18 <[email protected]>


  



Hehehe muhun, na kunaon bet ngabebedol masalah agama nya hehehehe teu nyambung
Powered by Telkomsel BlackBerry®


From: Aschev Schuraschev <[email protected]> 
Sender: [email protected] 
Date: Thu, 18 Nov 2010 21:36:27 +0800 (SGT)
To: <[email protected]>
ReplyTo: [email protected] 
Subject: [kisunda] Naha beut jadi kana agama?


  





Naha salira henteu ngagem karesten wae sakalian?

Ieu teh perkawis kajahatan ka TKW. Naha beut janten ngawon-ngawon agama? Jalmi 
jahat mah aya di mana wae di kolong langit. Sanajan urang Sunda oge aya wae anu 
telenges mah, sanaos ngangken agama naon wae dina KTPna. Sanes kitu?




--- On Thu, 11/18/10, ilen kardani <[email protected]> wrote:


From: ilen kardani <[email protected]>
Subject: Re: Bls: [kisunda] Deui TKW disiksa, sungutna digunting....
To: [email protected]
Date: Thursday, November 18, 2010, 7:59 AM


  



Eta oge saenggeusna Urang Sunda kapangaruhan ku Arab jadi bareuki nyandung teh, 
da nu ngaragem Karesten mah teu meunang nyandung da puguh dicarek ku agemanana. 
Kitu deui ajaran budaya Sunda, pamajikan teah gaganti indung jadi teu meunang 
dinyenyeri, komo didua mah, pan indung oge ngan hiji jadi pamajikan oge kudu 
hiji.

















Kirim email ke