Satuju pisan sareng Kang Oman.... Urang kedah obyektif,bisa dibedakeun antara Individu, Agama, Arab jeung Islam...ulah kulantaran "sifat" arab-na agama Islam digogoreng padahal Islam jeung arab teh benten pisan anu arab acan tangtu Islam matak nu kieu hayuu urang paluruh dina kacamata Sunda.Mun urang obyektif mah moal dugikeun ka ribut, sakumaha anu atos2, salah sahiji contona "judul" Islam jeung Israel padahal nu leuwih pas mah Arab jeung Israel. Conto sanes dina kapal marvimara anu diserang ku Israel etamah media nu "provokasi", padahal mun urang "Obyektif" bisa jadi kapal relawan teh pinuh ku senjata jeung moal bodo Israel atuh wani nentang opini Internasional. Sareng masalah nu sanesna. Kunaon agama sok "pipiluen" dina masalah nu sanes, ceuk uing mah teu lain teu sanes lantaran salah sahijina sajarah proklamasi agama2 kabeh ti arab, kondisi poliktik anu pinuh pertikaian,lantaran sifat urang arab kawentar leber wawanen.Tong harep urang arab ngga hiji nepikeun tungtung dunia. Dugikeun Kanjeng Rosul masih disemayamkeun, pertikaian mulai deui, ngan kabeulah dieu keun di tambah "Bumbu" ku istilah " Demi Allah jeung atas nama Rasulullah". Lain Islamna nu teu ngahiji tapi Arabna sareng Individu arabna, nu kieu teh diturutan ku "murid"na Nu disebat kuuing diluhur saukur tinjauan budaya.....kaasup perkara nyandung nu disebat ku kang Ilen ti pertama.Matak hayu urang paluruh dina kacamata budaya. Matak di uing mah aya Istilah "Ceuli arab"...lain "ceuli Islam"....hahahhah Tos Heula TM --- Pada Kam, 18/11/10, oman abdurahman <[email protected]> menulis:
Dari: oman abdurahman <[email protected]> Judul: Re: [kisunda] Naha beut jadi kana agama? Kepada: [email protected] Tanggal: Kamis, 18 November, 2010, 1:45 PM Kuring satuju, masalah goreng patutna karakter hiji jelema atawa sagolongan jelema teu meunang dipakuat-pakaitkeun jeung agama, komo dijadikeun kasempetan ngajejelah agama nu lain jadi agemanana mah, teu adil jeung bisa kaasup nangtang. manar 2010/11/18 <[email protected]> Hehehe muhun, na kunaon bet ngabebedol masalah agama nya hehehehe teu nyambung Powered by Telkomsel BlackBerry® From: Aschev Schuraschev <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Thu, 18 Nov 2010 21:36:27 +0800 (SGT) To: <[email protected]> ReplyTo: [email protected] Subject: [kisunda] Naha beut jadi kana agama? Naha salira henteu ngagem karesten wae sakalian? Ieu teh perkawis kajahatan ka TKW. Naha beut janten ngawon-ngawon agama? Jalmi jahat mah aya di mana wae di kolong langit. Sanajan urang Sunda oge aya wae anu telenges mah, sanaos ngangken agama naon wae dina KTPna. Sanes kitu? --- On Thu, 11/18/10, ilen kardani <[email protected]> wrote: From: ilen kardani <[email protected]> Subject: Re: Bls: [kisunda] Deui TKW disiksa, sungutna digunting.... To: [email protected] Date: Thursday, November 18, 2010, 7:59 AM Eta oge saenggeusna Urang Sunda kapangaruhan ku Arab jadi bareuki nyandung teh, da nu ngaragem Karesten mah teu meunang nyandung da puguh dicarek ku agemanana. Kitu deui ajaran budaya Sunda, pamajikan teah gaganti indung jadi teu meunang dinyenyeri, komo didua mah, pan indung oge ngan hiji jadi pamajikan oge kudu hiji.
