Tiasa oge digeneralisir siga kitu ameh babari mah, dan institusi oge produk budaya. Oge sumuhun da elmu pangeran mah tan watesan reana. Mung kaleresan sim kuring majeng tina peso analisis teoritis International Human Resource Management, anu ngadasaran kana harmonisasi/adu manisna hubungan pagawe sareng nu ngagawekeun lintas nagara. Sanaos eta teori langkung seukeut diangge dina sektor formal, nanging dina urusan TKI/TKW oge bawiraos masih tiasa dilarapkeun.
Nya hayu atuh urang bahas tina sisi budaya, dina hal ieu budaya Sunda. Mung hapunten kumargi sim kuring kirang paos, bade medarna ti sisi universal hasil analisis urang batur. Anu paling nyambung sigana analisis ti Hofstede ngeunaan dimensi budaya masing2 nagara. Sacara umum bangsa urang saurna luhur dina dimensi power distance mung handap pisan indeks uncertainty avoidance-na. Luhurna tingkat power distance ngajantenkeun benten pisan distribusi kakawasaan antara bos sareng anak buah, antara dunungan sareng badega, antara budak jeung ibu ramana. Nu balukarna panghargaan anak buah ka bapa buah teh salian ti hormat oge condong kana ngabdi. Sanes ngabdi kana padamelannana, nanging ngabdi ka jalmina. Eta oge anu ngakibatkeun urang sok inferior/rada gimir pami aduhareupan sareng bangsa lian, ku sabab ningal batur mah langkung maju, langkung beunghar, langkung jago basa inggrisna/basa arabna, jst. Matak teu heran pami diutuh-etah dikitu-kieu teh teu wantun togmol nolak, paling modalna teh pundung atanapi ngadudukun... :D Dina masalah uncertaity avoidance, bangsa urang lemah pisan. Cirina mah teu pati malire kana resiko, majarkeun teh kumaha engke we, mun aya nanaon eta mah takdir atawa eta mah salah batur, jst. Hal ieu nu ngajantenkeun sagala aturan nu aya teu patos ditolih, proses sareng panduan dianggap sepi, resepna improvisasi. Nu antukna janten pabaliut, aturan tumpang tindih atanapi diaya-ayakeun. Intina mah loncer pisan dina disiplin. Ari bangsa anu luhur UAI-na, biasana sagala tetek bengek bubuk leutik aya aturanna anu detail, lengkep sareng juklak-juknis, panyinglar konflik atanapi dispute, jsjb. Matak teu heran pami seueur nu tisusut tidungdung melaan hayang nyaba ka arab bari teu aya kasiapan boh bahasa, boh kaahlian gawe, boh kaweruh budaya, atanapi kaweruh ngeunaan prosedur2 nu dibutuhkeun lianna. Mung paralun sanes bade ngagogoreng bangsa sorangan, da nu dipedar diluhur mah mung ekses negatifna wungkul. Ekses positifna oge seueur, kalebet langkung kreatif teu kakungkung ku aturan kaku, langkung holistik pendekatannana, langkung hormat ka nu pantes dipihormat, langkung harmonis kulawarga sareng masarakat (sahenteuna di permukaan), jst. Mun ayeuna uih deui ka agama, panginten patarosan sim kuring mah kieu: "Naha urang salaku muslim henteu ngaraos langkung wenang sareng langkung wajib ngajalankeun hal-hal nu payus, janten tuladaneun ummat manusa sakabehna salaku wawakil pangeran di bumi? naha urang teu ngarasa era mun kalakuan ummat nu lian ayeuna dina hal hubungan antar insan langkung islami ti batan urang? nuhun, Deni ________________________________ From: Akang Tajimalela <[email protected]> To: [email protected] Sent: Friday, November 19, 2010 18:36:44 Subject: Bls: [kisunda] Re: Naha bet jadi kana agama? "....Nya pami dipesekan mah, analisisna teu cekap mung tina budaya wungkul panginten. Sareng pami bade tina budaya ge kedah dipaluruh tina nilai budaya nu universal.." Hayuu atuhh...kaleresan urang teh urang sunda, urang cobi tina kultur sunda. "...supados teu tojaiah, culturalism approach tea saur teori mah. Tiasa oge dipaluruh tina sisi institusi sosial di masing2 nagara (urang sareng arab), boh pulitik, hukum, ekonomi sareng kamasyarakatan (institutionalism tea)...." Sami kang nu kieu teh budaya oge,Budi jeung Daya manusia. Upami total jurusan di Universitas urang 10000 jurusan, urang anggap eta jurusan nu logis n tiasa di analisis...nu tiasa diperdebatkeun.Padahal mun nempo "ilmu" Tuhan mah bisa 10000triliun tibatan eta.10000 di bandingkan 10000triliun...eta mah is nothing wae...tanpa yang 10000 dunia ieu masih keneh jalan.....ieu mah seandai-andainya. TM --- Pada Jum, 19/11/10, Deni Indra Kelana <[email protected]> menulis: >Dari: Deni Indra Kelana <[email protected]> >Judul: [kisunda] Re: Naha bet jadi kana agama? >Kepada: [email protected] >Tanggal: Jumat, 19 November, 2010, 6:36 AM > > > >Ngiringan. Sapuk Kang, mung urang oge kedah tiasa ningal ti sisi sanesna. >Paralun ngawit nyual perkawis agama teh sanes bade ngagogoreng Islam, da puguh >pan sim kuring oge Islam ari na KTP mah. Maksad sim kuring mah hayu urang >jantenkeun bahan pieunteungeun, naha enya kalakuan kitu teh diajarkeun ku >Islam >atanapi henteu? Pami jawabannana henteu, sareng sim kuring oge yakin henteu, >naha atuh kajadian2 siga kitu sering kacarioskeunnana di nagri2 anu mayoritas >muslimna? Sanes Arab atanapi Malaysia wae, di urang oge apan seueur >kacarioskeun, boh dina wujud kakejeman atanapi katoloheoran. > >Maksad sim kuring pami tos kapaluruh naon anu janten sabab musababna, kantun >tungkul kana kumaha carana sangkan ulah kalakonan deui? Jentrena mah, solusina >siga kumaha. Tong waka kalis2 oknum deui oknum deui nu janten embe hideungna. >Eta salah sawios panyawat urang mah, pami aya nanaon teh gampil pisan nyebat >"tong disakompetdaunkeun atuh, eta mah oknum". Mun kecap oknum tos kaluar, >atos >weh asa leupas tangel waler da raraosannana mah si oknum teh sanes bagian tinu >seueur... > >Pon kitu deui dina masalah ieu, tibatan urang aduregeng nolak yen eta mah >sanes >Islam, eta mah Arab, eta mah oknum muslim, eta mah oknum Sunda, eta mah oknum >dunungan, asana mah langkung payus pami ngaku we sajalantrahna. "leres eta nu >ngalakukeun teh muslim", atanapi "leres eta urang sunda", mung sakaterang abdi >Islam/Sunda mah sanes kitu, tapi kieu... Tah kumaha sangkan nu kitu teh janten >kieu? nya urang kedah anu-anu panginten... Intina mah kumaha urang >ngajantenkeun >pasualan bagian ti diri urang sangkan tina pasualan nu aya kaluarna teh jalan >kaluar kangge ngungkulannana, sanes matak mucunghulkeun masalah sanesna deui. > >Nya pami dipesekan mah, analisisna teu cekap mung tina budaya wungkul >panginten. >Sareng pami bade tina budaya ge kedah dipaluruh tina nilai budaya nu >universal, >supados teu tojaiah, culturalism approach tea saur teori mah. Tiasa oge >dipaluruh tina sisi institusi sosial di masing2 nagara (urang sareng arab), >boh >pulitik, hukum, ekonomi sareng kamasyarakatan (institutionalism tea). > >Cag heula ah, bilih kapanjangan. >nuhun, > >Deni > > > >
