Ah eta mah paraosan cep Dudi we.
Diponegoro pangeran anu ngajanggelek mah. Kiwari urang ngan bisa nyipta-nyipta 
dina dimensi 2 (gambarna) atawa lamun aya mah dimensi 3 (patungna). Dimensi 3 
aslina mah kawenehan mangsa manehna hirup. he he he.
Pangeran mah teu bisa disaruakeun jeung makhluk (nu ngajanggelek dina dimensi 
rohang sarta kawates ku dimensi waktu). Pangeran nu nyiptakeun sarta teu kauger 
ku dimensi rohang jeung waktu tangtuna teu bisa dicipta-cipta jiga kumaha.
Sabage gambaran, dina dimensi 3 (rohang) urang bisa nyipta widang (dimensi 2), 
garis (dimensi 1) jeung titik (dimensi 0). Tapi lamun urang hirup dina dimensi 
1 tangtuna urang teu bisa nyipta kumaha dimensi 2 atawa dimensi 3 teh. Kitu oge 
lamun urang hirup dina dimensi 2 tangtuna ngan bisa nyipta garis jeung titik, 
teu bisa nyipta-nyipta kumaha dimensi 3 teh. Urang (kaasup Hawking) nu hirup 
dina 4 dimensi (rohang jeung waktu) teu bisa nyipta-nyipta jiga kumaha Pangeran 
sabab Pangeran teu kawengku ku 4 dimensi dimana jeung iraha urang hirup.
Kitu ceuk kuring mah. Cing sugan aya nu bisa ngalengkepan hususna ditingali 
tina panempo Islam.




--- On Mon, 11/29/10, Dudi Herlianto <[email protected]> wrote:

From: Dudi Herlianto <[email protected]>
Subject: Re: [kisunda] Inohong - Pamanggih Stepen Hawking ngeunaan Pangeran
To: [email protected]
Date: Monday, November 29, 2010, 2:22 AM















 
 



  


    
      
      
      lamun dipikir-pikir, ditingalian tina postingan di kisunda ngeunaan 
kapangeranan, naha nya nu kabayangkeun ku kuring, pangeran (p badag) teh bet 
asa ngajenggelek, ngajirim jadi mangkeluk?


-- 
d-: dudi herlianto :-q
paciringan.wordpress.com
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk



    
     

    
    


 



  











      

Kirim email ke